LUKAS 9

1Isa nyaur murid anu dua belas, lajeng dipaparin kakuatan jeung kakawasaan pikeun ngelehkeun setan jeung nyageurkeun panyakit. 2Terus diutus pikeun ngembarkeun Karajaan Allah jeung nyageurkeun anu garering. 3Kieu amanat-Na, “Maraneh ulah mawa naon-naon, ulah mawa iteuk, ulah mawa bekel, boh roti, boh duit, atawa pisalin. 4Lamun geus aya anu daekeun narima di imahna, nganjrek teh di dinya bae sarta inditna deui oge, ti dinya keneh. 5Upama jelemana embungeun narima, tinggalkeun kotana, bari kebutkeun kekebul tina suku, minangka ngelingan ka urang dinya.” 6Bral, murid-murid, arindit ngadatangan desa-desa; aranjeunna ngembarkeun Injil bari nyageur-nyageurkeun anu garering. 7Sagala hal anu tumali jeung Isa tea, kadangu ku Herodes, raja wilayah Yudea. Anjeunna ngaraos bingbang jeung risi, sabab loba nu nyarita, yen Isa teh, Nabi Yahya anu hudang deui ti anu maraot. 8Aya oge anu nyebutkeun, yen Nabi Elias muncul deui. Aya deui anu nyebutkeun, yen Anjeunna teh, salah sahiji nabi anu baheula hudang deui. 9Saur Raja Herodes, “Yahya ku aing geus diteukteuk beuheungna. Na saha atuh sabenerna eta Jelema teh, wet bisa kitu?” Tuluy anjeunna ihtiar hoyong iasa jonghok jeung Isa. 10Rasul-rasul nu diutus tea, geus baralik deui. Tuluy aranjeunna ngadareuheus ka Isa ngalaporkeun hasil gawena. Aranjeunna ku Isa dicandak nyingkir heula ka hiji tempat di kota Betsaida, maksad-Na supaya rineh. 11Tapi kanyahoan ku jalma rea, terus ditaluturkeun. Ku Anjeunna ditampi bae terus diwuruk hal Karajaan Allah, ari nu perlu dicageurkeun, dicageurkeun. 12Poe geus maju ka burit. Murid-murid arunjukan ka Anjeunna, “Jalmi-jalmi teh sina warangsul, sina nareangan dahareun sareng pamondokan di kampung-kampung anu caraket ka dieu; margi di dieu mah, tempatna sepi pisan.” 13Tapi saur-Na, “Barere dahar heula ku maraneh!” Ari wangsulna, “Kedah meser heula rotina; jalmi sakitu seueurna, ari roti mung gaduh lima siki sareng lauk dua siki.” 14Jelema-jelema teh, lobana, kira-kira lima rebu urang. Isa ngalahir deui, “Coba sina dariuk sagunduk-sagunduk kira-kira lima puluhan.” 15Pek jelema-jelema teh ku murid-murid sina dariuk. 16Roti anu lima siki jeung lauk anu dua siki tea, ku Isa dicandak; terus Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah, rotina disemplekan terus disodorkeun ka murid-murid, supaya dibagikeun ka jalma rea. 17Brak dalalahar nepi ka sareubeuheun. Sanggeus eta, sesemplekan roti teh dikumpulkeun, kaleuwihanana, aya dua belas bakul. 18Hiji mangsa, Isa sembahyang nyalira. Sanggeus sembahyangna, murid-murid ngadareuheus. Ku Anjeunna dipariksa kieu, “Ari cek nu rea, Kami teh saha?” 19Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi hudang deui.” 20Isa mariksa deui, “Ari cek maraneh, Kami saha?” Pok, Petrus ngawangsul, “Jungjunan teh Al Masih, utusan Allah.” 21Maranehna ku Anjeunna diomat-omatan pisan, yen hal eta ulah pisan dicaritakeun ka sasaha. 22Saur Isa, “Putra Manusa teh kudu nandang sangsara anu pohara, ditoker ku para kokolot, ku imam-imam kapala jeung ku ahli-ahli Kitab, terus dipaehan sarta bakal dihudangkeun deui dina poe nu katilu.” 23Geus kitu, ngalahirna ditujukeun ka kabehan, saur-Na, “Saha-saha anu niat ngiring Kami, kudu nyegah karep sorangan, kudu manggul salibna sapopoe, terus anut ka Kami. 24Sabab sing saha anu rek ngabelaan nyawana, tangtu bakal kaleungitan nyawa. Sabalikna, anu nepi ka leungit nyawa ku lantaran Kami, tinangtu salamet. 25Naon gunana meunangkeun saalam dunya, ari matak ngabinasa atawa ngarugikeun ka nyawa? 26Sabab saha-saha anu era, ku hal Kami jeung ku pangajaran Kami; Putra Manusa oge, — di mana geus ngancik dina kamulyaana-Na jeung dina Kamulyaan Rama katut malaikat-malaikat suci — bakal era ku hal manehna. 27Kami ngabejaan: Ti antara jelema-jelema anu ayeuna jonghok di dieu, aya anu moal waka paeh samemeh narenjo heula Karajaan Allah.” 28Kira-kira dalapan poe ti harita, Isa unggah ka hiji gunung bari nyandak Petrus, Yahya, jeung Yakobus; kersa-Na bade neneda. 29Tengah-tengah Anjeunna ngadu'a; dumadakan Anjeunna salin rupi, anggoana-Na hurung mancur. 30Breh deui Nabi Musa jeung Nabi Elias keur cacarios jeung Anjeunna. 31Aranjeunna oge tembongna teh mulya pisan, keur nyarioskeun tujuan perjalanan Anjeunna anu ku Anjeunna baris disorang nepi ka tutugna di Yerusalem. 32Harita, Petrus jeung nu duaan deui tea mah, kasarean; ari hudang breh ka Isa anu ngagem kamulyaana-Na, disarengan ku nu duaan tea. 33Barang anu duaan tea arek paturay jeung Anjeunna, pok Petrus unjukan, “Rabi, abdi-abdi ngaraos kalintang bagjana di dieu teh. Saena mah, urang ngadegkeun saung tilu, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.” Ngomongna kitu teh, saenyana mah henteu sadar. 34Sabot manehna ngomong, wet aya mega anu mayungan ka Aranjeunna, Aranjeunna kaliputan. Maranehna kacida ngarasa sieunna. 35Tina mega teh aya sora, “Tah ieu Putra Kami anu pinilih. Kudu anut ka Anjeunna.” 36Barang ngong sora, nu tembong teh ngan kantun Isa nyalira. Hal eta, ku maranehna tetep dirasiahkeun teu dibejakeun ka saha-saha. 37Isukna, waktu aranjeunna geus mudun ti gunung, ditepungan ku jelema rea pisan. 38Pok, nu saurang, nyarita ka Isa, “Guru, mugi pangningalikeun pun anak anu mung hiji-hijina. 39Sok diganggu bae ku roh jahat, dugi ka ujug-ujug jejeritan sareng sungutna teh ngabudah, digubag-gabigkeun ku eta roh. Kitu sareng kitu bae, nyiksa teterasan teu ingkah-ingkah. 40Parantos nyuhunkeun dipangnundungkeun ka murid-murid Anjeun, nanging henteu tariasaeun.” 41Isa ngalahir, “Eh, maraneh anu teu baroga iman tur sasar, sakumaha lilana deui Kami kudu aya di maraneh bari jeung nyabaran teh? Bawa budakna ka dieu!” 42Tuluy budakna dibawa ka Isa, tapi ku setanna terus dibeubeutkeun jeung digeugeuweung. Roh jahatna ku Isa diseuseul bengis pisan. Sanggeus budakna cageur lajeng diserenkeun ka bapana. 43Sabot maranehna hareran keneh ku eta anu dipidamel-Na, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, 44“Tengetkeun ieu omongan Kami jeung ingetkeun: Putra Manusa teh bakal diselehkeun kana genggeman manusa.” 45Tapi eta carios-Na teh teu kahartieun ku murid-murid, maksad Anjeunna henteu kabuka, teu kahalartieun. Tapi teu waranieun nanyakeun. 46Geus kitu murid-murid teh cekcok, saha cenah ti maranehna anu pangpunjulna. 47Ku Isa kauninga, tuluy Anjeunna nyandak hiji budak leutik sina nangtung gedengeuna-Na, 48lajeng nyarios, “Saha-saha anu ngarawatan ieu budak demi ngaran Kami, eta teh narima ka Kami. Saha-saha anu narima ka Kami, eta teh narima ka Allah nu ngutus Kami. Sabab anu pangrendahna ti antara maraneh, eta teh nya anu pangpunjulna tea.” 49Pok Yahya mihatur, “Abdi-abdi kantos ningal aya anu ngusir setan bari nyambat jenengan Anjeun, teras dicarek, margi sanes ti golongan urang.” 50Saur Isa, “Ulah dicarek. Sabab anu henteu ngalawan ka urang, eta teh aya di pihak urang.” 51Sanggeus meh cunduk kana waktuna Isa bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna nangtoskeun bade ka Yerusalem. 52Lajeng ngintun utusan ti payun geusan sasadiaan. Bral utusan arindit terus asup ka hiji desa urang Samaria. 53Tapi urang Samaria embungeun narima Isa, dumeh tujuanana ka Yerusalem. 54Dua murid Anjeunna, nya eta Yakobus jeung Yahya, — barang nyarahoeun kitu — tuluy mihatur ka Anjeunna, “Jungjunan, kumaha upami eta jelema-jelema teh basmi bae ku seuneu ti langit? Kumaha upami kitu?” 55Tapi maranehna ku Anjeunna diweweleh. 56Geus kitu, aranjeunna arindit ka desa sejen. 57Di satengahing jalan, aya jelema anu mihatur ka Isa, pokna, “Abdi teh sumeja ngiring, ka mana bae.” 58Isa ngawaler, “Rubah baroga liang, manuk baroga sayang. Putra Manusa mah teu boga anggel-anggel acan keur ngagolerkeun sirah.” 59Geus kitu, ngalahir ka nu saurang deui, “Tuturkeun Kami.” Tapi jelemana ngawangsul, “Permios heula bade ngurebkeun pun bapa.” 60Saur Isa, “Keun bae anu paeh mah sina dimakamkeun ku nu paeh; maneh mah, bral geura indit ka mana ka mendi ngembarkeun Karajaan Allah.” 61Pok deui saurang ngomong kieu, “Jungjunan, abdi oge sumeja ngiring, nanging permios bade pamitan heula ka wargi-wargi.” 62Waler Isa, “Geus arek prak ngawuluku diselang luak-lieuk ka tukang mah, moal bisa kaaku di Karajaan Allah.”

will be added

X\