LUKAS 8

1Teu lila ti harita, Isa angkat deui; Anjeunna ngider ti kota ka kota, ti desa ka desa nguarkeun Injil Karajaan Allah, diiring ku dua belas murid. 2Aya oge wanita-wanita anu ngariring, wanita-wanita anu tadina diganggu ku roh-roh jahat atawa panyakit sejenna, nya eta: Maryam Magdalena, — anu ku Anjeunna dicageurkeun tina gangguan tujuh roh jahat — 3Yohana, — bojo Kusa, bendahara Raja Herodes — Susana, jeung rea-rea deui anu milu ngabantu ku harta banda ka rombongan Isa. 4Sanggeus jelema-jelema anu ti kota-kota kumpul, Isa nyarios. Nyarios-Na nganggo misil, saur-Na, 5“Aya jelema indit tebar. Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka sisi jalan; tuluy eta binih teh aya anu kaidek ku nu laliwat atawa beak ku manuk. 6Aya anu ragragan kana taneuh cadas; ana jadi, terus perang ku sabab teu manggih cai. 7Sabagian deui ragragan kana rungkun cucuk; cucukna bareng jadi, binih teh kalindih nepi ka paeh. 8Anu sabagian deui ragrag di taneuh anu hade; jadina alus pisan, hasilna saratus lipet.” Tamat misil, Isa sasauran kieu, “Anu rumasa boga ceuli pikeun ngadenge, geura ngadenge!” 9Murid-murid mihatur, naroskeun maksudna eta misil. 10Saur Isa, “Maraneh mah geus meunang kurnia pikeun bisa ngahartikeun rasiah Karajaan Allah. Ari ka nu sejen mah, dicaritakeun teh misilna bae; supaya najan panon molotot, pikeun maranehna mah moal nenjo; jaba ti eta, najan ceuli molongo, pikeun maranehna mah moal bisa ngarti. 11Eta misil hartina kieu: Binih, nya eta Sabda Allah. 12Binih nu ragragna di sisi jalan; hartina, Sabda teh aya nu ngadarengekeun. Tapi ku Iblis, geuwat dipupus tina hatena supaya jelemana ulah percaya, ulah salamet. 13Anu ragragna kana tanah cadas; hartina, binih teh ku nu ngadenge ditarima kalawan gumbira. Tapi henteu terus nyerep kana hatena, jelemana percayana ngan sakeudeung, ana nandangan dodoja mah terus murtad. 14Anu ragragna kana rungkun cucuk; eta Sabda teh didenge, tapi saterusna jelemana dirobeda ku rasa salempang, kabengbat ku kabeungharan, jeung kagoda ku kasenangan; Sabda teh terus kalindih, berkahna henteu kaala. 15Anu keunana kana taneuh anu hade; hartina, sabda teh didenge, ditarimana, diimankeun kalawan tigin, ngahasilkeun buah kalakuan anu hade.” 16“Urang nyeungeut lampu teh lain keur turubaneun ku gentong atawa teundeuneun di kolong dipan, tapi keur teundeuneun dina tempatna, malar caang ka saeusi imah. 17Sabab nu ayeuna buni, moal aya nu teu bakal nembrak; moal aya rasiah anu henteu kabuka. 18Ku sabab eta, perhatikeun kumaha cara-carana ngadenge. Sabab saha-saha nu geus boga, kabogana bakal ditambahan. Ari nu tacan boga mah, nu geus aya ge bakal beak.” 19Ibu Isa, kitu deui saderek-saderek-Na, sarumping pikeun nepangan Anjeunna; tapi teu bisa jonghok, kahalangan ku jalma nu sakitu lobana. 20Tuluy ka Isa aya nu ngunjukkeun, pokna, “Tuang ibu sareng saderek-saderek sarumping bade nepangan, itu di luar.” 21Tapi Anjeunna ngawaler kieu, “Indung atawa dulur-dulur Kami mah, nya eta sing sakur anu ngadenge kana Sabda Allah katut jeung ngamalkeunana.” 22Dina hiji poe, Isa unggah kana parahu bari saur-Na ka murid-murid, “Urang ka peuntas ditu.” Tuluy mareuntas. 23Sabot meuntas, Isa kulem. Dak-dumadak angin topan ngamuk, parahu kalembak cai, kacida bahayana. 24Isa ku murid-murid digugahkeun, “Pa Guru, urang tiwas!” Isa gugah, angin jeung ombak ku Anjeunna diseuseul. Jep bae angin jeung ombak teh leler, talaga tenang deui. 25Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Di ka manakeun iman teh?” Maranehna ngan sieun jeung bengong bae anu aya; tuluy tingkucuwes sabatur-batur, “Saha atuh saenyana ieu Guru urang teh, bet kawasa, marentah ka angin jeung ombak nepi ka tunduk kitu?” 26Isa jeung murid-murid geus balabuh di tanah urang Gadara. 27Sanggeus Anjeunna hanjat ka darat, aya hiji lalaki nu nyampeurkeun ka Anjeunna. Eta jelema teh diraksuk ku setan-setan, geus tara make pakean, tara balik-balik sarta matuhna di pamakaman. 28Barang prok, manehna nyuuh payuneun Anjeunna bari ngagero, “Aya urusan naon ka kuring, he Isa Putra Allah Nu Maha Agung? Pamenta kuring, Anjeun muga ulah nyiksa.” 29Kituna teh lantaran tadi ku Isa ditimbalan supaya roh jahatna nyingkah ti manehna. Sering pisan eta roh jahat teh ngaganggu ka manehna. Pikeun ngajaga, eta jelema teh dirante jeung dibarogod. Tapi barogodna pegat-pegat bae, tuluy ku setanna dibawa ngaprak ka tempat nu sararuni. 30Eta jelema ku Isa dipariksa, “Ngaran maneh saha?” Ari jawabna, “Legiun,” sabab setan anu nyurupna teh loba. 31Eta setan-setan pada nunuhun ka Isa, supaya ulah diparentah ngagubrus-gubruskeun maneh kana jero jungkrang panahanan. 32Beh di lamping pasir, aya bagong sabubuhan, loba pisan. Eta bagong-bagong teh, keur nareangan hakaneun. Setan-setan teh menta diidinan nyarurup ka sato-sato eta; ku Isa, eta setan-setan teh diwidian. 33Tuluy setan-setan teh nyaringkah ti eta jelema nyarurup ka bagong-bagong tea. Geus kitu, bagong-bagong teh tinggejebur tina sisi jungkrang ka talaga, kabeh paraeh tilelep. 34Anu ngajaraga eta bagong lalumpatan, nyebarkeun beja ka kota jeung kampung-kampung sakurilingna. 35Urang dinya terus budal harayang nyaho. Barang daratang ka tempat Isa, kasampak nu karanjingan setan teh keur diuk deukeut sampeana-Na; tur enggeus make papakean, geus waras. Tapi jelema-jelema teh, anggur sarieuneun. 36Anu nyaraksian sorangan eta kajadian, natalepakeun beja ka anu sejen-sejenna jalan-jalanna eta anu karanjingan teh bisa waras deui. 37Tuluy sakabeh urang Gadara nunuhun ka Isa, supaya Anjeunna enggal angkat ti maranehna ku bawaning sarieuneun. Anjeunna unggah deui kana parahu. 38Jelema anu kakara waras teh nyarita ka Anjeunna, yen manehna hayang milu. Tapi saur-Na, 39“Maneh leuwih hade balik, pek di imah caritakeun lalakon maneh ditulung ku Gusti Allah.” Manehna nurut, tuluy indit, ngider sakuliah kota, nyaritakeun lalakonna ditulung ku Isa. 40Sasumpingna Isa ka peuntas dieu deui, Anjeunna dipapag ku jalma rea anu eukeur nunggu-nunggu. 41Geus kitu, jol Yairus anu jadi kapala tempat ibadah di dinya, nepangan; anjeunna nyuuh payuneuna-Na, ngajak sindang ka bumina. 42Sabab anakna anu awewe, nu ngan hiji-hijina umur dua belas taun, udur parna; samar kana menyat deui. Isa angkat ka ditu, ari anu ngariring mani pagelek-gelek. 43Aya hiji wanita anu boga kasakit ngagetih geus dua belas taun, taya nu bisa ngubaran. 44Manehna milu pasesedek, ngadeukeutan Anjeunna ti pungkureuna-Na, terus nyabak kana jubah-Na. Dadak sakala ngagetihna eureun. 45Isa mariksakeun, saur-Na, “Saha anu nyabak ka Kami?” Ku sabab teu aya anu ngaku, pok bae Petrus mihatur, “Pa Guru, seueur anu nyedekkeun ka Salira teh, dugi ka pagugulung.” 46Tapi saur-Na, “Aya saurang, anu nyabak ka Kami sabab karasa aya tanaga anu mencar ti awak Kami.” 47Ngarasa kalakuanana katohyan, wanita nu tadi teh, bruk bae nyuuh ka payuneuna-Na bari ngadegdeg; manehna ngawakcakeun sabab-sababna nu matak nyabak ka Anjeunna, terus wawartos yen panyakitna jadi cageur. 48“Anaking,” saur Isa ka manehna, “iman maneh eta anu nyalametkeun teh, heug ka ditu sing salamet saterusna!” 49Sabot Anjeunna sasauran, aya jurungan ti kulawargina kapala tempat ibadah tea, mopoyankeun kieu, “Tuang putra teh parantos pupus, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” 50Kadangueun ku Isa, Anjeunna nyarios ka Yairus, “Teu kedah rejag manah, sing yakin, putra teh katulungan.” 51Sanggeus cunduk ka bumi Yairus; nu sejen teu aya nu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yahya, jeung Yakobus, jeung ibu rama murangkalih tea. 52Anu araya di bumi reang nyeungceurikan murangkalih, tapi ku Isa disauran kieu, “Ulah careurik. Budak teh lain maot, keur sare.” 53Tapi Anjeunna disaleungseurikeun, da sidik murangkalih teh geus maot. 54Leungeun murangkalih teh ku Anjeunna dicandak, terus ngalahir, “Hudang anaking!” 55Sup, nyawa murangkalih teh, asup deui; eta murangkalih cengkat, terus nangtung. Ku Isa, eta murangkalih, dipiwarang dipasihan neda. 56Sepuhna mah ngan bengong bae anu aya, tapi ku Anjeunna dilarang teu kenging seueur carios ka sasaha oge.

will be added

X\