LUKAS 7

1Tamat sasauran ka jalma rea, Isa angkat sarta sumping ka kota Kapernaum. 2Di dinya aya hiji perwira bangsa Rum, boga badega kacida kapakena. Badegana teh gering sahoseun. 3Eta perwira ngadenge perkara hal Isa. Tuluy menta tulung ka kokolot-kokolot urang Yahudi ngangkir Isa supaya badegana tea katulungan. 4Sanggeus daratang ka Isa, kokolot teh kacida ngaharepna supaya Anjeunna kersa nulungan. Pihaturna, “Eta jalmi teh pantes ditulungan. 5Margi jalmina nyaaheun ka bangsa urang. Malah kantos ngongkosan ngadamel tempat ibadah.” 6Isa rujuk, tuluy angkat sareng. Barang geus meh tepi ka nu dijugjug, amprok jeung sobat-sobat perwira tea anu mapag Anjeunna, talatahna, “Juragan teu kedah sumping ku anjeun. Abdi isin kasumpingan Anjeun teh; abdi isin nepanganana. 7Cekap ku ngadawuh ti dieu, ku sakecap oge tangtos badega teh katulungan. 8Abdi teh jalmi bawahan, gaduh cangkingan perjurit. Upami sanggem abdi ka perjurit: Indit, tangtos indit. Upami sanggem abdi: Ka dieu, tangtos nyampeurkeun. Atanapi marentah ka badega: Ieu gawekeun, tangtos dilampahkeun.” 9Ngadangu anu sarupa kitu, Isa jadi katarik. Anjeunna nyoreang ka nu ngiring bari saur-Na, “Kami kakara manggih kayakinan anu kandel kieu. Di urang Israil ge can aya.” 10Jurungan-jurungan dipiwarang mulang. Ari daratang, kasampak si badega teh geus cageur. 11Ti dinya, Isa angkat ka Kota Nain jeung murid-murid; kitu deui anu lian-lianna. 12Memeh asup ka kota, aya aleutan anu ngagotong mayit; mayit budak lalaki anak tunggal hiji randa, diiring ku urang dinya. 13Barang Isa ningali eta randa, manah-Na ngahelas. “Ulah ceurik,” saur-Na bari nyaketan kana pasaran. 14Pasaran teh dicepeng, nu ngagotongna eureun. Anjeunna ngalahir, “Agus, geura hudang!” 15Mayit ngulisik, diuk, tuluy ngomong. Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka indungna. 16Nu nyaraksian jadi ngarasa sieun, terus maruji ka Allah. Aromongna deui, “Nabi Agung aya ka urang. Allah ngalayad umat-Na.” 17Tuluy sumebar beja ngeunaan Anjeunna ka sakuliah tanah Yudea jeung tempat-tempat sakurilingna. 18Ieu kajadian diunjukkeun ka Yahya ku murid-muridna. 19Tuluy Yahya ngajurung muridna duaan ka Isa, sina unjukan kieu, “Leres Anjeun teh anu bakal sumping tea, atanapi eta mah antosaneun keneh?” 20Sanggeus daratang, pok unjukan ka Isa, “Dipiwarang tumaros ku Yahya Juru Baptis, saurna leres kitu Anjeun teh nu baris sumping tea, atanapi Anjeunna mah antosaneun keneh?” 21Harita, Isa keur nyageur-nyageurkeun nu garering, nu kasarurupan roh jahat, jeung nu lalolong. 22Anjeunna ngawaler kieu, “Bejakeun ka Yahya sakur anu ku maneh katenjo, kadenge: Nu lalolong cageur, arawas deui. Nu lalumpuh cageur, barisa leumpang. Nu lepra cageur, jadi setra. Nu geus maraot dihirupkeun deui jeung ka nu mariskin diwawarkeun beja nu matak bungah. 23Nya bagja pisan sing saha anu henteu hamham sarta nolak ka Kami.” 24Sanggeus jurungan Yahya marulang, Isa nyarioskeun Nabi Yahya ka jalma rea, saur-Na, “Bareto, rek naraon aranjeun ka tanah kikisik teh? Rek nongton eurih anu ting arulang ku angin? 25Rek naraon ka daritu teh? Rek nongton anu ginding? Anu garinding jeung mararewah mah ayana di karaton. 26Rek naraon atuh? Rek manggihan nabi? Bener! Malah cek Kami mah leuwih ti nabi. 27Sabab nya anjeunna, anu kieu dituliskeunana dina Kitab Suci teh: ‘Kanyahokeun, Kami ngajurung utusan heulaeun Maneh, geusan naratas jalan sorangeun Maneh.’ 28Sing percaya ka Kami: Di antara manusa mah, euweuh deui anu punjulna kawas Yahya. — Tapi di Karajaan Allah mah, anu pangrendahna ge leuwih luhur ti anjeunna — 29Kabeh jalma malah tukang-tukang cuke oge, — ngadarenge kana piwuruk Nabi Yahya teh — geus narurut kana pamundut Allah anu adil ku jalan dibaptis ku pangbaptis anjeunna. 30Tapi ku kaom Parisi jeung ahli-ahli Toret mah, maksad Allah ka maranehna teh teu ditarimakeun, nya ku arembungna tea dibaptis ku Nabi Yahya. 31Kudu kumaha disebutna ari nu karitu? Sarua jeung naon maranehna teh? 32Sarua jeung barudak di pasar, nu arulin silih geroan: Ku urang dipangnabeuhkeun, maraneh teu ngigel-ngigel! Ditembangan pinalangsaeun, euweuh semu-semu nalangsa! 33Nabi Yahya tara dahar tara nginum anggur, cek aranjeun jelema siwah. 34Putra Manusa dahar nginum biasa, cek aranjeun ahli nginum, ahli dahar, nyobat ka tukang-tukang cuke jeung runtah masarakat. 35Tetela, ieu hikmat teh beunangna mah ku nu barodo keneh.” 36Aya urang Parisi, ngangkir Isa ka imahna ngahaturanan tuang. Isa sumping, terus tuang. 37Di eta tempat aya hiji awewe, kasohor awewe doraka. Barang meunang beja yen Isa aya di eta urang Parisi, manehna datang mawa minyak seungit sabotol. 38Sanggeus datang, heug cicing dipungkureun Isa; segruk bae ceurik, cipanonna maseuhan sampean Isa. Geus kitu, sampean Isa ku manehna disekaan ku buukna. Sanggeus tuus, eta sampean teh diciuman, terus diminyakan minyak seungit. 39Urang Parisi teh dina hatena ngomongkeun Isa, “Lamun enya Manehna nabi, moal-moal teu nyahoeun saha, jelema naon eta awewe teh. Moal teu nyahoeun yen eta teh awewe doraka.” 40Isa nyarios ka manehna, saur-Na, “Simon, Kami boga picaritaeun.” Walonna, “Mangga saurkeun bae, Guru.” 41Saur Isa, “Aya dua jelema boga hutang ka tukang nginjeumkeun. Nu saurang hutangna lima ratus dinar, nu saurang deui lima puluh dinar. 42Ku sabab teu saranggupeun mayar; tungtungna, hutangna dibebaskeun bae. Cik, anu mana kira-kirana anu pangtumarimana?” 43Walon Simon, “Tangtos anu hutangna langkung ageung.” Saur Isa, “Bener jawaban teh.” 44Saur-Na deui ka Simon, bari nyoreang ka awewe tea, “Anjeun geus sidik ka ieu awewe. Kami teh tamu anjeun. Anjeun teu nyadiaan cai keur ngumbah suku; ari ku ieu awewe, suku Kami dikumbah ku cipanon jeung disekaan ku buukna. 45Anjeun ka Kami teu sasalaman-sasalaman acan; tapi ieu awewe mah, ti barang Kami sup ka dieu, teu eureun-eureun nyiuman kana suku. 46Sirah Kami ku anjeun teu diminyakan; tapi ku ieu mah, malah suku Kami nu diminyakan ku minyak seungit. 47Ku sabab eta, Kami rek nerangkeun yen: ieu awewe loba dosana, tapi geus dihampura sarta geus nembongkeun rasa tumarimana ka Kami sakitu nemenna. Lamun dosana teu pira mah, ana dihampura ge, rasa tumarimana moal sabaraha.” 48Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta awewe, saur-Na, “Dosa maneh geus dihampura.” 49Anu keur dalahar bareng jeung Anjeunna ngaromong dina hatena, “Na Saha ieu teh? Saha jelemana nu wenang ngahampura dosa?” 50Saur Isa deui ka eta awewe, “Ku sabab maneh boga iman, maneh salamet. Sing jongjon nya hate.”

will be added

X\