LUKAS 6

1Dina hiji poe Sabat, Isa angkat ngalangkungan huma gandum. Murid-murid-Na maripit gandum, digelang terus didalahar. 2Ku sababaraha urang Parisi dipaido, pokna, “Ieu teh poe Sabat, ku naon make digarawe?” 3Diwaler ku Isa, “Na aranjeun tacan maca lalampahan raja Daud, waktu anjeunna sarencang-rencang ngaraos lapar? 4Anjeunna lebet ka jero Bait Allah nyandak roti sasajen terus dituang; rencang-rencangna oge dibagianan. Padahal roti sasajen mah teu meunang didahar ku nu lian, iwal ti ku imam.” 5Saur-Na deui, “Saenyana Putra Manusa teh Jungjunanning Sabat.” 6Dina poe Sabat sejenna deui, Isa ngawulang di hiji tempat ibadah. Di dinya, aya nu koper leungeunna, nya eta nu katuhu. 7Isa diarintip ku kaom Parisi. Maranehna ngaharep supaya Anjeunna nyageurkeun eta jelema dina poe Sabat, ngarah maranehna bisa nyalahkeun. 8Pikiran maranehna ku Isa oge kajudi. Anjeunna ngalahir ka nu koper tea, saur-Na, “Cik anjeun ka beh tengah, nangtung.” Jung, manehna, nangtung di beh tengah. 9Saur Isa ka kaom Parisi, “Simkuring seja nanya ka aranjeun. Mana anu halal dina poe Sabat: nyieun kahadean atawa kajahatan? Ngabelaan nyawa sasamaning hirup atawa ngabinasa?” 10Maranehna ku Anjeunna diteuteup saurang-saurang, geus kitu Anjeunna ngalahir ka nu koper, “Cik leungeun nu koper teh jungjungkeun.” Ku nu koper diturut; harita keneh, koperna teh cageur. 11Kaom Parisi kacida arambekeunana. Tuluy baradami, Isa teh kudu dikumahakeun. 12Ti dinya, Isa nanjak ka gunung bade mujasmedi. Sapeupeuting Anjeunna neneda ka Allah. 13Sanggeus beurang Anjeunna ngempelkeun murid-murid. Sanggeusna kumpul, tuluy dipilih dua welas urang sarta ku Anjeunna disebat rasul. 14Ngaran-ngaran nu kapilih teh, nya eta: Simon, katelah oge Petrus; Andreas, dulur Simon; Yakobus jeung Yahya, Pilipus jeung Bartolomeus. 15Mateus jeung Tomas, Yakobus anak Alpius, Simon anu nelah Selotes, jeung Yudas Iskariot, anu engkena bakal ngahianat. 16Geus kitu, Isa jeung nu ngariring, turun ti gunung; Anjeunna liren heula di hiji tempat anu datar. Di dinya, geus karumpul murid-murid Anjeunna, loba pisan. 17Nu lian-lianna oge loba, dararatang ti sakuliah tanah Yudea, ti Yerusalem, jeung ti daerah basisir bawahan Tirus jeung Sidon. 18Pangna daratang ka dinya, jaba ti anu seja ngarupingkeun cariosan Anjeunna, oge anu harayang dicageurkeun, boh tina kasakit, boh tina kasarurupan roh jahat. 19Maranehna pabisa-bisa harayang nyabak ka Isa. Sabab aya kakawasaan anu mencar ti salira-Na, nepi ka maranehna kabeh calalageur. 20Ti dinya, Isa neuteup ka murid-murid, tuluy nyarios kieu, “Bagja maraneh teh, sanajan maraneh taya kaboga; sabab Karajaan Allah teh, boga maraneh. 21Bagja maraneh teh, sanajan ayeuna maraneh kalaparan; sabab maraneh bakal diseubeuhkeun. Bagja maraneh teh, sanajan ayeuna maraneh ceurik; sabab maraneh bakal seuri. 22Bagja maraneh sanajan dipikacua, dipencilkeun, dicela, jeung disebut jalma doraka pedah anut ka Putra Manusa. 23Lamun geus nepi ka dikitu-kitu teh, kudu atoh sabab gede ganjaranana di sawarga. Nabi-nabi oge dikitu-kitu ku karuhun maranehna. 24Sabalikna, cilaka nu ayeuna beunghar mah. Sabab senang soteh ayeuna, rasa maneh beunghar. 25Cilaka anu ayeuna geus seubeuh mah; sabab maranehna bakal kalaparan. Cilaka anu ayeuna sareuri mah; sabab maranehna teh bakal ngaheruk jeung careurik. 26Sing ati-ati, lamun jelema-jelema pada muji ka maraneh. Sabab eta nu maruji teh teu beda ti karuhunna, anu resep muji ka nabi-nabi palsu.” 27Saur Isa deui, “Ka sakur anu seja anut ka Kami, Kami papatah: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikangewa. 28Kudu ngadu'akeun salamet ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu nyarekan. 29Upama maneh ditampiling pipi kenca, asongkeun deui anu katuhu! Atawa lamun baju maneh direbut batur, keun bae sina direbut jeung rangkepanana. 30Anu barang penta, saha bae ge, bere. Barang maneh anu geus ku batur ulah dipenta deui. 31Lamun hayang dihadean, kudu hade ka batur. 32Sabab ari saukur nyaah ka nu nyaah bae mah, lebah mana leuwihna? Nu daroraka oge, ari ka nu mikanyaah mah, nyaaheun. 33Jadi, lamun maraneh ngan saukur hade ka nu ngahadean bae mah, naon anehna! Di jalma-jalma doraka oge, kitu-kitu bae mah geus lumrah. 34Jeung upama nulung kabutuh batur pedah aya pamrih, lebah mana leuwihna maraneh ti anu sejen? Anu daroraka oge ana nginjeumkeun teh bari ngarep-ngarep pulang jinis. 35Ulah kitu maraneh mah. Ka musuh kudu nyaah sarta kudu ngalampahkeun kahadean. Ari nulung ulah hayang dipulang tarima, supaya gede ganjaranana jeung supaya jadi putra-putra Allah nu Maha Agung. Sabab Anjeunna mah, ka nu teu boga rasa rumasa jeung ka nu jahat ge tetep mikaasih. 36Maraneh kudu jembar ku kanyaah, jembar ku kaasih, nya cara Rama maraneh tea.” 37“Ulah neumbleuhkeun kasalahan ka batur, supaya urang ge teu disalahkeun. Ulah resep tudang-tuding, supaya euweuh nu nuding. 38Kudu daek barang bere, supaya aya nu mere; upama kitu nu baris katarima teh tangtu kalawan leuwihna, cara dibahekeun tina takeran anu digedog nepi ka padet. Batur ngabalesna ka urang teh make ukuran urang, anu ku urang dikeunakeun ka batur, dina sagala hal.” 39Saterusna, Isa sasaurana-Na ku siloka. Saur-Na, “Cik, bisaeun anu lolong nungtun anu lolong? Moal; sabab lamun aya solokan, tangtu tikusruk duanana. 40Murid moal leuwih ti guru. Tapi di mana diajarna geus tamat, bakal sarua jeung guruna. 41Naha ari kana tatal dina panon dulur awas, ari balok dina panon sorangan teu karasa? 42Pamohalan maneh ngomong kieu ka dulur: Maap, eta tatal dina panon maneh urang cabut; padahal dina panon sorangan aya balok. Aranjeun anu munapek, dudut heula balok dina panon sorangan, kakara bisa awas pikeun mangnyabutkeun tatal tina panon batur.” 43“Tangkal nu hade, mustahil buahna teu hade. Nya kitu deui tangkal nu goreng, mustahil buahna hade. 44Urang wawuh kana hiji-hijina tangkal teh, tina buahna. Sabab pasti, tangkal cucuk moal buahan jeruk, harendong moal buahan kadongdong. 45Jelema oge, lamun eusi hatena hade, kaluarna oge anu hade. Lamun eusi hatena jahat, kaluarna oge bangsa nu jahat-jahat. Sabab anu mudal tina biwir, eta teh lantaran hate geus leber.” 46“Rek naon nyambat ka Kami: Jungjunan, Jungjunan, padahal omongan Kami teu didenge? 47Anu datang ka Kami bari daek ngadenge jeung nekanan omongan Kami, ku Kami diibaratkeun kieu: 48Nya eta ibarat nu nyieun imah, anu galianana jero jeung dasarna tina batu. Najan katarajang banjir, eta imah moal inggeung-inggeung acan sabab kuat pademenna. 49Sabalikna, anu ngan saukur ngadenge kana omongan Kami, tapi teu jeung prakna dilampahkeun; nu kitu mah, kawas nu nyieun imah dina keusik bae, bari jeung teu make pademen. Dina kateumbrag caah, pasti eta imah rugrug jeung ruksak burakrakan.”

will be added

X\