LUKAS 5

1Hiji mangsa, Isa aya di sisi Talaga Genesaret, dirubung ku jelema, — loba pisan — anu harayang ngupingkeun dawuhan Allah. 2Anjeunna ningali dua parahu kosong di sisi, ari nu bogana keur meresihan heurap. 3Cat, Anjeunna unggah kana parahu; gek linggih, tuluy ngawulang. 4Beres ngawulang, sasauran ka Simon, “Welah parahuna ka nu jero, rungkupkeun heurap teh.” 5Simon ngawalon, “Rabi (= Guru), parantos sawengi jeput, abdi lintar sabatur-batur, henteu kekengingan pisan. Ayeuna dipiwarang bade tumut bae.” 6Pruk ngarungkup. Lauk nu karungkup kacida lobana, nepi ka heurapna rada bedah. 7Tuluy Petrus sabatur-batur, ngisarahan ka nu araya di parahu sejen, menta supaya dibantuan. Prak, maranehna teh dibarantuan ngalaan lauk di kana parahukeun; eta parahu pinuh ku lauk, nepi ka meh kalem. 8Ngalaman nu kawas kitu, brek bae, Simon sideku payuneun Isa sarta unjukan, “Jungjunan, enggal abdi kantunkeun. Abdi mah jalmi doraka!” 9Unjukan kitu teh bawaning ku ngarasa helok nenjo lauk beubeunanganana sakitu lobana. Nu lian-lian oge kitu keneh bae. 10Nya kitu deui Yakobus jeung Yahya, anak-anak Sebedeus, batur anu saparahu. Tapi saur Isa, “Ulah sieun. Ti semet ayeuna, nu bakal diala ku maraneh teh nya jelema, lain lauk.” 11Sanggeus parahu di kadaratkeun, cul ditaringgalkeun katut saeusina, maranehna terus ngiring ka Isa. 12Hiji mangsa, Isa aya di hiji kota. Aya hiji jelema lepra. Barang breh, nenjo Isa; manehna teh, brek sideku terus unjukan, “Manawi luntur galih, Juragan nu iasa nyageurkeun kasakit abdi teh.” 13Ku Anjeunna nu lepra teh dicabak sarta saur-Na, “Heug, geura cageur.” 14Sapada harita, leprana teh, les leungit beresih. Ku Anjeunna ditimbalan ulah cacarita ka sasaha. Saur-Na deui, “Geura tembongkeun awak maneh ka imam, — bari mawa kurban ku lantaran panyakit maneh cageur — nurutkeun parentah Nabi Musa, pikeun tanda bukti.” 15Sanajan kitu, teu weleh kabejakeun bae nepi ka jauhna, nepi ka jelema-jelema teh rabul ka Anjeunna, seja ngupingkeun jeung harayang dicageurkeun kasakit-kasakitna. 16Tapi Anjeunna mah, geus nyingkir ka tempat-tempat anu sepi sarta ngadu'a. 17Dina hiji poe, waktu Isa ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung ahli Kitab milu nungkulan, daratang ti desa-desa bawahan Galilea jeung Yudea, oge ti kota Yerusalem. Isa, anu kasartaan kawasa Allah, iasa nyageurkeun anu garering. 18Harita, aya nu mawa jelema lumpuh, digotong, niatna rek dideuheuskeun ka Anjeunna. 19Tapi weleh teu bisa asup, heurin usik. Tungtungna mah, make jalan tina hateup (hateupna papak jeung make tangga umpak). Hateupna dikakat, tuluy nu lumpuh teh diulur jeung gotonganana ka payuneun Isa. 20Ningali kayakinan iman anu sakitu mantepna, nu lumpuh teh ku Anjeunna disambut, saur-Na, “Bagea dulur! Dosa sampean geus dihampura.” 21Ahli-ahli Kitab jeung urang-urang Parisi tinggerentes, “Naha Jelema teh bet mapadani ka Allah? Na saha anu iasa ngahampura dosa lian ti Allah mah!” 22Gerentes hate aranjeunna ku Isa kauninga, tuluy disauran kieu, “Naha aranjeun kitu mamanahan? Cek Kaula ka ieu nu lumpuh: dosa maneh geus dihampura. 23Hesean mana jeung upama ku Kaula dititah: geura hudang terus leumpang? 24Tapi supaya aranjeun uninga yen Anak Manusa teh kawasa ngahampura dosa, urang buktikeun.” Tuluy Anjeunna nimbalan ka nu lumpuh, “Kami marentah: Geura hudang, terus balik, gotonganana bawa!” 25Harita keneh, nu lumpuh teh hudang; ceg kana gotongan terus balik bari muji sukur ka Allah. 26Nu nyaraksian kabeh ngarasa helok bari sari-sari sieun, tuluy ngaromong, “Poe ieu, urang geus nenjo perkara anu ajaib.” 27Geus kitu, Isa kaluar. Beh ningali Lewi tukang cuke, keur diuk di kantor cuke. Ku Anjeunna ditimbalan, “Milu ka Kami!” 28Lewi cengkat; cul, nu aya di dinya, ditinggalkeun; tuluy ngiring ka Anjeunna. 29Sanggeus kitu, Lewi, di imahna ngayakeun jamuan rongkah kangge Anjeunna. Lajeng Anjeunna tuang, bareng jeung tukang-tukang cuke lianna jeung nu sejen-sejenna deui. 30Urang-urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab gegelendeng ka murid-murid Anjeunna, “Naha maraneh wet dahar nginum bareng jeung tukang-tukang cuke jeung bangsa daroraka?” 31Nanging Isa anu ngawalerna, “Nu sarehat mah, teu perlu tabib. Nu perlu tabib mah, anu garering. 32Kami ka dunya teh lain rek nyaur nu balener, tapi rek nyaur nu daroraka, sina tobat tina dosana.” 33Tuluy cek urang-urang Parisi teh, “Murid-murid Nabi Yahya jeung murid-murid urang Parisi rajin puasa sarta rajin ngadu'a. Ari murid-murid Sampean mah, ahlina kana dahar jeung nginum.” 34Waler Isa, “Na ari tamu-tamu Ki panganten kudu puasa sapanjang Ki panganten aya keneh babarengan? 35Sabab aya waktuna, Ki panganten bakal ditarik ti tamu-tamu-Na teh, nya harita waktuna maranehna kudu puasa teh.” 36Geus kitu, Anjeunna masihan siloka kieu, “Moal aya nu nyoehkeun baju anyar, sosoehanana dipake nambal baju anu geus heubeul. Sabab akibatna, hanas nu anyar disoehkeun, ari heug sosoehanana dipake nambal nu heubeul wet henteu saimbang. 37Oge moal aya anu ngeusikeun cianggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul. Sabab akibatna, anggur anyar teh matak bedah wadah, anggurna teu kapuluk, kantong wadahna ruksak. 38Anggur anyar mah, wadahna ge kudu anyar. 39Turug-turug, anu geus biasa nginum anggur nu kawak mah, moal hayang nginum nu anyar keneh. Sabab karasaeun, yen anggur nu geus kawak teh alus sarta ngeunah rasana.”

will be added

X\