LUKAS 4

1Sanggeus hanjat ti Ciyordan, Isa pinuh ku Ruh Allah. Ku Ruh Allah terus dicandak ka gurun keusik. 2Di dinya, anjeunna kenging opat puluh poe; lian digoda ku Iblis, Anjeunna oge teu tuang teu leueut. Sanggeusna, Anjeunna ngaraos lapar. 3Ku Iblis digoda, “Lamun Anjeun Putra Allah, cik eta batu jadikeun roti.” 4Ku Isa diwaler, “Cek Kitab: ‘Hirup manusa teu cukup ku roti wungkul.’ ” 5Ti dinya Isa dibawa ka tempat anu luhur sarta dina sakedet netra ku Iblis ditembongan sakabeh karajaan-karajaan alam dunya. 6Cek Iblis, “Eta kakawasaan jeung kaagungan-kaagungan, kabeh, kaula nu boga. Kaula bisa mikeun eta sakabeh ka saha bae sakahayang kaula. 7Kop keur Anjeun kabeh, asal nyembah heula ka kaula.” 8Waler Isa, “Cek Kitab: ‘Maneh kudu nyembah ka Allah, Pangeran maneh sarta ngan ka Anjeunna bae maneh kudu ngabakti.’ ” 9Ti dinya, Isa dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah bagian pangluhurna. Cek Iblis, “Lamun enya mah Putra Allah, coba ngaragragkeun maneh ti dieu. 10Sabab cek Kitab: Anjeunna bakal nimbalan malaikat-malaikat-Na sina nangtayungan Anjeun. 11Jeung Anjeun ku malaikat-malaikat bakal dipayang, supaya ulah kungsi tigasruk kana batu.” 12Waler Isa, “Aya timbalan anu kieu: ‘Maneh ulah ngadoja ka Allah, Pangeran maneh.’ ” 13Sanggeus ngadojana teu mental, Iblis undur ti Isa bari ngadago kasempetan deui. 14Ku panuyun Ruh Allah, Isa mulih ka Galilea. Beja ngeunaan hal Anjeunna, sumebar ka sakuliahna. 15Anjeunna ngawitan ngawulang di tempat-tempat ibadah, matak resep urang dinya. 16Ti dinya sumping ka Nasaret, tempat Anjeunna keur murangkalih keneh. Dina poe Sabat angkat ka tempat ibadah, saperti biasana, ngadeg di payun rek ngaos Kitab. 17Anjeunna diasongan kitab Nabi Yesaya. Kitab dibuka, ayatna kieu ungelna: 18“Ruh Pangeran nangtayungan Kami. Kami ku Anjeunna dijenengkeun, pikeun ngumumkeun yen: Kaom sangsara bakal barungah. 19Kami diutus pikeun ngumumkeun yen: Tawanan-tawanan bakal merdika, nu lalolong bakal awas, anu dikaniaya bakal dibebaskeun. Jeung ngumumkeun, yen ayeuna teh jaman anu kamanah ku Pangeran.” 20Kitab ditutupkeun, dipasihkeun ka pejabat; Anjeunna gek linggih, dipalencrong ku sajamaah. 21Galindeng ngawulang, saur-Na, “Ayat nu bieu kakuping, poe ieu geus bukti.” 22Pilahir Anjeunna dihaminan ku jamaah, anu katarik ku kecap-kecap sakitu alusna. Jamaah ting kecewis, “Lain anak Yusup tea eta teh?” 23Isa sasauran deui, “Kawasna aranjeun rek ngucapkeun ka Kaula paribasa anu kieu: Ki Tabib, ubaran awak sorangan! Cik kajadian di Kapernaum teh, anu aya bejana ka dieu; ayeuna, buktikeun di dieu, di lembur sorangan!” 24Saur-Na deui, “Tetela, di lemburna mah, nabi-nabi teh teu aya nu dihargaan. 25Kaula rek ngasongkeun buktina: Jaman Nabi Elias, waktu langit nutup tilu taun satengah sarta paceklik di sakuliahna; harita, di Israil teh loba pisan randa. 26Tapi Nabi Elias henteu ditimbalan ka maranehna, anggur dipiwarang ka hiji randa urang Sarpat bawahan Sidon. 27Kitu oge jaman Nabi Elisa, waktu di Israil loba nu katerap ku lepra, teu aya saurang-urang acan anu dicageurkeun, iwal ti Naaman urang nagara Siria.” 28Diesek-esekkeun kitu, jamaah teh kacida arambekeunana, tuluy carengkat. 29Isa dijongklokkeun ka luar, tuluy dibawa ka pasir anu nampeu, rek diragragkeun tina gawir. 30Tapi Anjeunna, iasa lolos di tengah jalan. 31Ti dinya, Isa angkat ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. 32Piwulang-Na narik perhatian, pinuh ku pangaruh. 33Di antara kaom dangu, aya nu karanjingan roh jahat; manehna ngomong tarik: 34“Isa, urang Nasaret! Rek naon ka urang? Rek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Utusan suci ti Allah!” 35Harita keneh Isa nyeuseul, “Repeh! Ingkah maneh ti eta jelema!” Tuluy eta jelema teh ku setanna dibeubeutkeun, hadena teu kua-kieu. Setanna terus ingkah. 36Anu nyaraksian kabeh barengong, tuluy tingkecewis, “Ajaib kasaurana-Na! Parentah-Na teurak, kawasaan. Ruh jahat diparentahkeun ingkah, ingkah!” 37Tuluy bejana, sumebar ka sakuliah daerah. 38Sanggeus ngawulang, Isa angkat ka imah Simon. Harita, ibu mertua Simon teh keur gering, muriang; tuluy diunjukkeun ka Isa. 39Isa ngadeg di sisi nu gering, panyakit teh ditimbalan ingkah. Harita keneh, muriangna cageur; tuluy bae anjeunna teh ngalalayanan tamu-tamu. 40Sanggeus surup panonpoe, jul-jol anu marawa nu garering ku rupa-rupa kasakit. Masing-masing ku Anjeunna ditumpangan panangan, tuluy calageur. 41Anu kasurupan roh jahat ge loba; roh-roh jahatna tuluy aringkah bari tinggarero, “Anjeun, Putra Allah!” Ku Isa diseuseulan, jeung teu meunang ngaromong deui. Sabab maranehna mah wawuheun, yen Anjeunna teh Al Masih. 42Isukna Anjeunna angkat ngelemet ka nu simpe; atuh jalma rea teh pada milarian. Sanggeus kapendak, ku maranehna dikeukeuhan supaya ulah ngantunkeun. 43Tapi saur-Na, “Kota lianna, ku Kami kudu diteang sarta kudu diwawaran Injil Karajaan Allah oge. Sabab Kami, diutus teh pikeun ngalampahkeun tugas eta.” 44Lajeng Anjeunna nyumpingan tempat-tempat ibadah di Yudea, nya pikeun ngawulang tea.

will be added

X\