LUKAS 24

1Rebun-rebun keneh, dina poe kahiji tina minggu eta, para wanita geus arindit ka pajaratan bari marawa rampe jeung minyak seungit beunang nyadiakeun mangkukna tea. 2Barang geus tepi, kasampak batu tutup guha pajaratan teh geus ngagoler. 3Tuluy maranehna teh, sup ka jero, tapi layon Isa teu aya. 4Sabot tingharuleng, ujug-ujug, breh bae aya anu narangtung duaan deukeut maranehna; papakeanana ngagebur cahayaan. 5Maranehna mareungpeunan beungeut bawaning ku sieun, tapi anu duaan teh ngajak ngomong, “Anjeunna teh hirup, naha diteang ka enggon anu paraeh? 6Teu aya di dieu Anjeunna mah, geus gugah. Sing inget ka dawuhana-Na keur basa di Galilea tea. 10:33-34, Luk. 9:22, 18:31-33* 7Kapan saur-Na: Putra Manusa teh geus mistina diselehkeun ka jelema-jelema doraka terus disalib, tapi tangtu gugah deui dina poe katiluna.” 8Ras bae, maranehna, inget deui kana dawuhan Anjeunna tea. 9Samulangna ti pajaratan, hal eta, ku maranehna dicaritakeun ka murid-murid anu sabelas; kitu deui, ka duduluran-duduluran sejenna. 10Eta wanita-wanita teh, — nya eta Maryam Magdalena, Yohana, Maryam ibu Yakobus, jeung anu sejen-sejenna anu ngabarengan — pada nyaritakeun hal eta ka rasul-rasul tea. 11Tapi caritaanana dianggap omong kosong bae, teu dipercaya. 12Ngan Petrus anu buru-buru lumpat muru ka pajaratan. Barang manehna ngalongok ka jero guha pajaratan, ngan nenjo boeh bae ngalumbuk. Manehna teh, leos indit deui bari tumanya di jero hatena, aya naon kira-kirana. 13Poe eta keneh, aya dua murid Isa anu keur laleumpang ka hiji kampung ngaranna kampung Emaus. Jauhna ti Yerusalem kira-kira tujuh pal. 14Bari leumpang nyaritakeun sagala anu anyar kajadian. 15Sabot gunem catur tukeur pikiran, jol bae Isa nyaketan maranehna, terus angkat bareng jeung maranehna. 16Tapi panon maranehna kawas anu kalampudan, nepi ka teu warawuh ka Anjeunna. 17Saur Isa, “Keur gunem catur naon?” Maranehna ngarandeg semu nu heran. 18Pok, nu ngaranna Kleopas, ngajawab, “Naha Anjeun teh jalmi ngumbara di Yerusalem, nepi ka teu terang kana kajadian anu sakitu haneutna keneh?” 19Saur Isa, “Naon tea?” Jawabna, “Eta, perkara Isa, urang Nasaret tea, nu kagungan daya kakuatan dina kasauran jeung dina tindakan di payuneun Allah jeung di kalangan bangsa kuring. 20Tapi ditangkep ku imam-imam kapala jeung ku pepentol-pepentol bangsa kuring, tuluy Anjeunna diserenkeun pikeun dihukum pati, nya eta disalib tea. 21Tadina, pohara diharepna ku kuring sarerea, diharep bakal ngabebaskeun bangsa Israil. Kajadianana teh, tilu poe ka tukang. 22Geus kitu, meunang deui beja anu pikareuwaseun pisan ti babaturan wanita, anu rebun-rebun keneh tas ngalongok pajaratan. 23Cek maranehna: Layon Anjeunna teh teu aya. Maranehna nerangkeun nenjo malaikat-malaikat anu nyaurkeun, yen Anjeunna geus gugah hirup deui. 24Terus disidikkeun ku babaturan ka pajaratan, enya Anjeunna geus teu aya.” 25Saur Isa, “Bodo maraneh, pikiran maraneh teh kuled, nepi ka teu percaya kana sagala kasauran nabi-nabi! 26Ari Al Masih teh naha lain geus mistina nandangan eta sakabeh, geusan jalan kana kamulyaana-Na?” 27Ti dinya, ku Anjeunna diterangkeun ka maranehna naon-naon anu geus dituliskeun dina Kitab Suci, mimiti ti kitab-kitab Musa nepi ka kitab-kitab paranabi. 28Sanggeus deukeut ka kampung anu dijugjug, Anjeunna kawas anu rek lajeng. 29Tapi ku maranehna dikeukeuhan diajak sindang, pokna, “Ngarereb heula di kuring, geus burit, sakeudeung deui ge panonpoe surup.” Terus Anjeunna sindang ka maranehna. 30Waktu tuang ngariung jeung maranehna, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, nyemplekan roti, terus disodorkeun ka maranehna. 31Geus kitu, kakara panon maranehna teges, wawuh deui ka Anjeunna, tapi Anjeunna terus ngaleungit ti dinya. 32Cek maranehna, “Pantes waktu Anjeunna sasauran tadi di jalan bari nerangkeun Kitab Suci, hate urang kacida kumejotna.” 33Ti dinya, kencling bae maranehna baralik deui ka Yerusalem pikeun nepungan murid-murid anu sabelas; ari kasampak teh, nya keur kumpul sabatur-batur. 34Cek murid-murid nu di darinya, “Enya Jungjunan teh geus gugah, geus nembongan ka Simon.” 35Ti dinya, murid-murid anu ti Emaus pupulih perkara papanggihanana tadi di jalan, jeung carana maranehna wawuh deui ka Anjeunna waktu Anjeunna nyemplekan roti. 36Sabot keur gunem catur kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna; lajeng Anjeunna sasauran, “Bagea!” 37Maranehna ngararenjag pacampur jeung sieun, panyangkana jurig. 38Anjeunna sasauran deui, “Naha ngararenjag jeung hamham sagala? 39Tenjo ieu leungeun jeung suku Kami, pek rampa sarta sidikkeun; da jurig mah, euweuh jirimna, henteu tulangan henteu dagingan, sakumaha Kami ayeuna.” 40Bari sasauran kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung sampeana-Na. 41Maranehna bati hemeng atoh pacampur jeung heran, tapi acan pati percaya keneh. Ku sabab eta, Anjeunna lajeng mariksakeun, “Aya kadaharan?” 42Ku maranehna dihaturanan lauk sapotong, 43terus ku Anjeunna dituang di dinya. 44Anjeunna sasauran deui, “Bareto Kami geus ngomong waktu urang masih babarengan keneh, yen sagala rupa anu geus ditulis ngeunaan diri Kami dina kitab Toret Musa, kitab nabi-nabi jeung kitab Zabur pinasti kudu dilakonan. Eta omongan Kami, ayeuna kabuktian.” 45Ti dinya, Anjeunna nyaangkeun pikiran maranehna, nepi ka maranehna bisa ngahartikeun Kitab Suci. 46Saur-Na deui, “Geus dituliskeun kieu: Al Masih kudu nandangan eta kabeh, dina poe nu katilu gugah deui ti antara nu paraeh. 47Jeung deui: Kalayan Asmana, hal pertobat jeung panghampura dosa teh kudu diwawarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem. 48Nya maraneh saksina tina ieu sakabeh perkara. 49Kami ge tangtu ngutus anu geus dijangjikeun ku Ama Kami ka maraneh. Tapi maraneh kudu tetep heula di ieu kota, nepi ka mangsana maraneh meunang pangdeudeul kakawasaan ti manggung.” 50Geus kitu, maranehna ku Isa dicandak ka luar kota, nepi ka deukeut kampung Betania. 51Sabot Anjeunna keur ngaberkahan ka maranehna, tuluy paturay, diangkat ka sawarga. 52Brek, maranehna, sarujud nyembah ka Anjeunna; terus maranehna teh marulang deui ka Yerusalem kalawan suka bungah. 53Maranehna, sapopoena, araya bae di Bait Suci bari ngamulyakeun ka Allah.

will be added

X\