LUKAS 23

1Sidangna terus dibubarkeun, Isa dihadepkeun ka Pilatus. 2Ku aranjeunna didakwakeun, “Ieu Jalmi parantos katalungtik nyasabkeun ka bangsa simkuring sareng ngalarang mayar pajeg ka Prabu; jabi ti eta, ngaku-ngaku Al Masih anu hartosna Raja.” 3Anjeunna ku Pilatus dipariksa, “Jadi, Maneh teh Raja urang Yahudi?” Waler-Na, “Leres, sakumaha kasauran anjeun.” 4Saur Pilatus ka imam-imam kapala jeung ka jalma rea, “Cek kami: Ieu Jelema henteu salah naon-naon.” 5Tapi maranehna beuki heuras, “Eta Jelema ngasut rayat di sakuliah Yudea ku ajaran-ajarana-Na. Ngawitanana di Galilea, ayeuna nepi ka dieu.” 6Pilatus mariksakeun na enya ieu Jelema urang Galilea? 7Barang kauninga yen Isa penduduk wilayah cepengan Raja Herodes, tuluy dikintunkeun ka eta raja, anu kabeneran keur aya di Yerusalem. 8Atuh kacida bingahna, waktu Raja Herodes ningali Isa teh. Sabab hoyongna tepang teh, geus lila; da geus sering ngadangu hal Anjeunna jeung hoyong ningali carana Isa ngadamel mujijat. 9Loba pisan papariksana ka Isa teh, tapi hiji ge taya anu diwaler. 10Sajeroning kitu, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab maju ngadakwa ka Anjeunna beurat pisan. 11Geus kitu mah, Raja Herodes sabaladna mimiti nganistakeun ka Anjeunna ku rupa-rupa pamoyok. Anjeunna dianggoanan jubah kaagungan, terus dikintun deui ka Pilatus. 12Ti semet poe eta, Raja Herodes jeung Pilatus jadi mimitran; ari tadina mah, aranjeunna teh, mumusuhan. 13Imam-imam kapala, para pepentol, jeung rayatna ku Pilatus dipiwarang kumpul. 14Kieu saurna, “Ieu Jelema ku maraneh dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rayat. Ku maraneh geus kasaksian yen ku kami geus dipariksa. Kasalahan-kasalahan anu ku maraneh ditudingkeun ka diri-Na teu kapanggih buktina. 15Ku Raja Herodes oge henteu, kitu nu matak dipulangkeun deui ka kami. Sarupa ge euweuh kasalahana-Na anu manjing kana hukum pati. 16Ku sabab eta, ku kami ngan arek dirangket wungkul, tuluy dibebaskeun.” 17— Memang anjeunna kagungan wewenang ngabebaskeun salah sahiji sakitan dina unggal-unggal hari raya — 18Tapi nu ngadarakwa, bareng tingsaroak, “Singkirkeun! Barabas leupaskeun!” 19Barabas teh, dipanjarana, lantaran nyieun huru-hara jeung maehan. 20Pilatus keukeuh, sasauranana heuras ku bawaning hoyong ngabebaskeun Isa. 21Tapi ku maranehna dibales ku sosoak, “Gantung! Gantung eta Jelema teh!” 22Pilatus ngalahir deui katilu kalina, “Sebutkeun naon kasalahana-Na! Ku kami teu kapanggih dosa-Na nu satimpal jeung hukuman pati. Eta sababna, pangna Manehna ku kami ngan rek dirangket wungkul sarta tuluy dibebaskeun.” 23Tapi maranehna, sosoakna, beuki tarik; keukeuh maksa supaya Anjeunna dihukum salib sarta ahirna mah, hasil. 24Pilatus ngadamel putusan ngabulkeun pamenta maranehna. 25Sakitan anu geus nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta maranehna; ari Isa diserenkeun kumaha karep maranehna bae. 26Waktu maranehna ngagiring Isa, aya hiji jelema urang Kirena anu kakara datang ti luar kota, ngaran Simon. Manehna teh dipaksa dititah manggul salib pungkureun Isa. 27Loba pisan anu marilu nganteur, kaasup ibu-ibu anu sapapanjang jalan nyaleungceurikan Anjeunna. 28Isa sasauran ka maranehna bari ngareret, “Ulah nyaleungceurikan Kami, ibu-ibu Yerusalem! Mending nyeungceurikan diri jeung anak sorangan. 29Sabab pidatangeun mangsa jelema-jelema teh nganggap untung ka awewe gabug, anu teu kungsi kakandungan, teu kungsi nyusuan anak. 30Harita jelema-jelema bakal sasambat: Duh gunung-gunung geura gugur, kami tindihan; duh pasir-pasir, kami urugan! 31Sabab upama tangkal kai nu hirup nepi ka dituar ku maranehna, komo deui tangkal nu geus garing!” 32Harita teh, aya duaan deui penjahat anu rek dihukum pati bareng jeung Isa. 33Sanggeus narepi ka hiji tempat nu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek), Isa terus disalib bareng jeung penjahat anu dua tea, nu digantungna teh di kenca jeung katuhueuna-Na. 34Sabot disalib Isa sasambat, “Nun Ama, mugi dihapunten ieu jalmi-jalmi, margi kieuna teh lantaran maranehna teu terang.” Geus kitu, anggoan Anjeunna ku maranehna dilotre terus dibagikeun. 35Jalma-jalma milu ngadareugdeug. Pamingpin-pamingpin maroyok ka Anjeunna, pokna, “Ieu Jelema purah nulung batur teh. Keun ayeuna sina nulungan diri-Na sorangan, mun enya mah manehna Al Masih anu kamanah ku Allah!” 36Serdadu-serdadu oge milu maroyok bari ngasongkeun anggur haseum ka Anjeunna, 37pokna, “Lamun enya Maneh raja urang Yahudi, cik tulungan diri sorangan!” 38Ari di luhureun mastaka-Na aya tulisan, unina: “Ieu raja urang Yahudi.” 39Penjahat anu saurang anu pada-pada digantung oge milu ngajejeleh ka Anjeunna, pokna, “Maneh teh lain Al Masih tea? Coba atuh tulungan diri sorangan jeung kami deuih!” 40Tapi manehna diwawadian ku anu saurang deui, pokna, “Na ari maneh teu sieun ka Anjeunna, teu sieun ka Allah, padahal sarua papada keur dihukum? 41Urang mah pantes dihukum oge, satimpal jeung kasalahan, ari Eta mah euweuh pisan dosa-Na!” 42Pok unjukan ka Isa, “Nun Isa, sing emut ka abdi upami parantos jeneng Raja.” 43Saur Isa, “Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus.” 44Poe eta keneh, kira-kira pukul dua belas, — di sakabeh tempat, ngadak-ngadak reup poek; malah mah, poekna teh, nepi ka pukul tilu — 45panonpoe teh jiga nu ilang caangna; dibarung ku soehna reregan Bait Allah tea, nu bedah jadi dua. 46Isa ngagero bedas, saur-Na, “Nun Ama, Simabdi masrahkeun nyawa ka panangan Ama.” Tuluy, sanggeusna sasauran kitu, Anjeunna masrahkeun nyawa-Na. 47Komandan pasukan nu nyaksian eta kajadian, tuluy ngamulyakeun Allah, pokna, “Tetela, ieu Jelema teh, jelema bener!” 48Jelema-jelema anu eukeur ngadareugdeug, — barang aya kajadian kitu — kabeh ngolesed, terus baralik bari narepakan dada. 49Sakur anu enya-enya wawuh ka Isa, kitu deui para wanita anu marilu ka Anjeunna ti Galilea, narangtung keneh di dinya, ngawaskeun ti kajauhan. 50Aya hiji jelema nu ngarana Yusup; anjeunna teh anggota Majelis Agung; jalmana, hade jeung bener. 51Anjeunna mah, teu satuju kana putusan jeung tindakan Majelis Agung teh. Anjeunna teh bibit-buitna ti Arimatea, salah sahiji kota di tanah Yahudi. Anjeunna oge kaasup jalmi anu ngadago-dago ngadegna Karajaan Allah. 52Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, nyuhunkeun layon Isa. 53Geus kitu, layon-Na, ku anjeunna diturunkeun, dibungkus ku lawon bodas, terus dikurebkeun dina hiji guha anu anyar beunang ngabobok dina gunung cadas. 54Poe eta teh poe panyadiaan, piisukaneun poe Sabat. 55Para wanita, anu harita marilu ka Isa ti Galilea, oge marilu ka tempat-Na dikurebkeun, ngawaskeun carana Anjeunna dikurebkeun. 56Sanggeus marulang, maranehna nyadiakeun rampe jeung minyak emur. Poe Sabatna, maranehna rareureuh heula, sakumaha nu geus diparentahkeun ku hukum Toret.

will be added

X\