LUKAS 22

1Pesta anu disebutna “Pesta Paska” geus tereh datang. Jalma-jalma teh, dalaharna ngan ukur roti anu teu diragian. 2Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab nareangan akal pikeun maehan Isa, tapi sarieuneun ku jalma rea. 3Sup, Iblis nyurup ka hiji murid ti anu dua belas anu ngaran Yudas Iskariot. 4Ki Yudas terus nepungan imam-imam kapala jeung kapala pangawal Bait Allah, mere akal petana nangkep Isa kalawan lantip nepi ka bisa diserenkeun ka aranjeunna. 5Aranjeunna gumbira sarta geus mupakat yen ki Yudas rek dibere duit saanu. 6Ki Yudas satuju sarta ti wates harita, manehna terus ngintip wanci nu mustari rek nyerenkeun Isa bari ulah kanyahoan ku jalma rea. 7Hari raya Roti Tanpa Ragi tea geus mimiti, domba korban Paska kudu dipeuncit. 8Petrus jeung Yahya ku Isa dipiwarang sasadiaan, saur-Na, “Geura indit nyadiakeun kaperluan urang ngarayakeun Paska.” 9Maranehna mihatur, “Di mana bade ngersakeun teh?” 10Waler-Na, “Di kota. Engke, barang sup ka kota, maraneh bakal panggih jeung lalaki anu mawa kendi dieusi cai. Tuturkeun ka imah nu mana asupna. 11Ka nu boga imah bejakeun kieu: Guru simkuring mariksakeun, mana kamar keur Kami dahar Paska jeung murid-murid? 12Maraneh tangtu dibawa ka hiji kamar di loteng, lega sarta cukup paparabotanana. Sadiakeun ku maraneh di dinya.” 13Bral, Petrus jeung Yahya arindit sarta kapanggih anu disaurkeun ku Isa teh, tuluy bae nyayagikeun. 14Sanggeus cunduk kana waktu, Isa calik, tuang jeung rasul-rasul-Na. 15Saur-Na, “Geus meunang hayang pisan Kami ngarayakeun Paska bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami sangsara. 16Sabab sabalakana mah, Kami teh moal kungsi ngarayakeun deui nepi ka mangsana deui engke di Karajaan Allah.” 17Anjeunna nyandak lumur, ngucap sukur, pok deui sasauran, “Heh ieu tampanan, bagikeun ka sarerea. 18Sabab cek Kami, ti wates ieu Kami moal nginum-nginum deui cai buah anggur, nepi ka ngawujudna Karajaan Allah.” 19Geus kitu, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, disemplekan, sarta dipaparinkeun ka murid-murid, saur-Na, “Ieu teh awak Kami anu dibikeun ka maraneh. Pek, lalampahkeun pikeun tanda mieling ka Kami.” 20Sanggeus tuang Anjeunna nyandak lumur, tuluy sasauran deui, “Ieu lumur eusina perjangjian anyar ku karana getih Kami anu dikucurkeun pikeun maraneh. 21Tapi di dieu, anu bareng ngariung ieu meja jeung Kami, aya nu boga leungeun hasud anu niat nyerenkeun Kami. 22Putra Manusa memang geus pasti kudu iang, tapi estu cilaka jelema anu ngalantarankeun Kami diselehkeun!” 23Murid-murid recok silih tanya saha anu kitu teh. 24Ahirna, maranehna jadi cekcok marebutkeun saha nu unggul. 25Ku Isa diwawadian, saur-Na, “Ari di bangsa-bangsa, raja-raja teh marentah ka rayatna, anu nyarekel kawasa disebutna pelindung rayat. 26Maraneh mah ulah kitu. Anu dipikolot di maraneh mah malah kudu daek jadi pangngorana, anu jadi pamingpin kudu daek jadi juru laden. 27Cik antara nu dilaladenan dahar jeung anu ngalaladenanana luhur mana? Luhur anu dilaladenan. Tapi kapan Kami oge di maraneh teh pelayan. 28Maraneh salawasna babarengan jeung Kami, sajeroning Kami nyorang sagala cocoba. 29Sarta Kami geus nangtukeun hak-hak Karajaan pikeun maraneh, nya eta hak anu geus dipaparinkeun ka Kami ku Ama. 30Jadi, maraneh boga hak dahar nginum sameja jeung Kami di jero eta Karajaan. Jaba ti eta, maraneh ge dibere kalungguhan pikeun nerapkeun hukum ka dua belas kaom Israil. 31Simon, Simon! Tuh Iblis geus ngincer ka maneh, rek ditapikeun kawas ka gandum. 32Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, supaya ulah nepi ka pecat iman. Di mana geus tobat, maneh wajib mere sumanget ka pada batur.” 33Jawab Petrus, “Jungjunan, abdi rido dipanjara atanapi kedah paeh babarengan sareng Jungjunan!” 34Tapi saur Isa, “Cek Kami: Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali mungkir, nya eta nyebutkeun teu wawuh ka Kami.” 35Saur-Na deui ka sarerea, “Waktu maraneh ku Kami diutus bari teu meunang mawa rajut duit, bekel, jeung tarumpah, kumaha ngarasa aya kakurang?” 36Diwangsul, “Teu pisan-pisan.” Saur-Na deui, “Tapi ayeuna mah ari boga, bawa rajut duit teh, kitu deui bekel sejenna. Pedang oge, lamun euweuh, jual bae jubah beulikeun pedang. 37Sabab masing nyaho, yen ayat Kitab Suci ngeunaan diri Kami tereh bukti, unina: Anjeunna geus disaruakeun jeung jelema doraka. Kabeh anu geus ditulis ngeunaan diri Kami, ayeuna geus ngamimitian.” 38Maranehna ngawangsul, “Jungjunan, kaleresan ieu aya pedang dua.” Waler-Na, “Cukup.” 39Geus kitu, Anjeunna angkat ka luar kota kawas sasari, nya eta ngajugjug Gunung Jetun sarta diiring ku murid-murid-Na. 40Sasumpingna ka ditu Anjeunna sasauran, “Maraneh kudu sembahyang supaya ulah beunang ku dodoja.” 41Geus sasauran kitu, Anjeunna mencilkeun anjeun jauhna kira-kira sapamaledog; tuluy bruk nyuuh bari sasambat, 42“Duh Ama, manawi kenging mah, candak ieu lumur kasangsaraan teh ti abdi; Sanaos kitu, ulah numutkeun panuhun abdi, nanging pangersa Ama nu kedah laksana.” 43Ti dinya, aya malaikat ti langit nembongan ka Anjeunna pikeun maparin sumanget. 44Anjeunna teh keur katarajang kasieun anu pohara; sasambat-Na beuki husu. Cikaringet-Na lir tetesan-tetesan getih, nyakclakan kana taneuh. 45Tamat ngadu'a, lajeng cengkat nyampeurkeun murid-murid. Maranehna teh kasampak keur sarare teu kawawa ku nalangsa. 46Ku Anjeunna disauran, “Naha sarare? Harudang! Heg sarembahyang, supaya ulah beunang ku dodoja.” 47Sabot sasauran keneh, breg bae daratang ka Anjeunna jelema loba pisan. Di antarana, aya Yudas Iskariot, — murid ti antara anu dua belas — anu leumpangna teh pangheulana. Manehna nyampeurkeun ka Isa arek ngarangkul. 48Saur Isa ka manehna, “Yudas, maneh nyerenkeun Putra Manusa teh ku ngarangkul?” 49Ari murid-murid aya kajadian kitu teh hohoak, pokna, “Jungjunan, kumaha urang sabetan bae ku pedang?” 50Nu saurang mah geus keplas manten nyabet bujangna Imam Agung, keuna kana ceulina nepi ka rampung. 51Tapi saur Isa, “Geus, cukup!” Daun ceuli nu rampung teh ku Anjeunna diterapkeun nepi ka jadi walagri deui. 52Saur-Na ka imam-imam kapala, kapala pangawal jeung ka para kokolot, “Na Kami teh rampog nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung? 53Ongkoh unggal poe Kami aya jeung maraneh di jero Bait Allah, naha henteu ditangkep di dinya bae? Heug, memang ieu teh kasempetan maraneh sarta hakna kawasa gelap tea.” 54Isa geus ditangkep, dibawa ti dinya, digiring ka bumi Imam Agung. Petrus nuturkeun ti kajauhan. 55Di tengah buruan bumi aya anu keur mirunan diparake siduru, Petrus milu siduru. 56Katenjoeun ku hiji gandek awewe, sanggeus neges-neges pok manehna ngomong, “Tah ieu ge baturna itu.” 57Ku Petrus dipungkir, “Lain, wawuh ge henteu ka dinya teh!” 58Teu lila aya deui anu ngomong, pokna, “Maneh ge sarombongan jeung itu!” Petrus mungkir deui, “Lain, lain!” 59Heuleut sajam, pok deui bae, aya nu ngomong, tandes pisan pokna, “Sidik ieu jelema teh baturna itu, urang Galilea keneh!” 60Tapi cek Petrus, “Lain, kuring mah teu nyaho-nyaho!” Harita keneh kadenge hayam kongkorongok. 61Isa ngareret ka Petrus. Ras Petrus inget kana kasauran Anjeunna: “Memeh hayam kongkorongok peuting ieu, maneh geus tilu kali mungkir, nyebut teu wawuh ka Kami.” 62Leos bae, manehna indit bari ceurik, awahing ku nalangsa. 63Ari Isa ku anu narahan teh diparoyok jeung disiksa. 64Raray-Na dirungkupan tuluy ditanya, “Sebut, saha ieu anu neunggeul?” 65Rea-rea deui omongan-omongan biadab anu ditujukeun ka Anjeunna. 66Sanggeus bray beurang, para kokolot bangsa Yahudi, imam-imam kapala, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun rundingan. Geus kitu, Isa ku aranjeunna dijagragkeun ka Mahkamah Agama. 67Cek aranjeunna, “Lamun enya maneh Al Masih, sebutkeun!” Waler Isa, “Disebutkeun oge aranjeun moal percaya. 68Kitu deui, lamun Kaula aya pertanyaan ku aranjeun moal diwalon. 69Mimiti ayeuna Putra Manusa teh geus jumeneng di tengeneun Allah Nu Mahakawasa.” 70Cek aranjeunna, ragem, “Jadi, maneh teh Anak Allah?” Waler-Na, “Tah, cek aranjeun keneh Kaula teh Putra Allah.” 71Cek aranjeunna, “Naon gunana deui saksi? Terang-terangan ku Manehna sorangan geus diaku.”

will be added

X\