LUKAS 20

1Dina hiji poe, waktu Isa ngawuruk jeung nyarioskeun Injil ka jalma rea di Bait Allah, torojol imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab, jeung para kokolot nyalampeurkeun. 2Terus maranehna teh nanya kieu, “Cik sebutkeun ka kaula, make hak naon Anjeun nyieun hal sarupa kitu, saha anu ngawasakeuna-Na?” 3Waler Isa, “Kaula oge arek nanya ka aranjeun. Cik sebutkeun: 4Ari pangbaptis Yahya ti sawarga atawa ti jelema?” 5Aranjeunna nimbang-nimbang, “Disebutkeun ti sawarga, meureun dijawab-Na ku naon atuh teu dipercaya? 6Disebutkeun ti jelema, bisa-bisa urang dirempug ku rayat dibaledogan ku batu. Sabab cek maranehna mah, Yahya teh nabi.” 7Tungtungna, aranjeunna ngawalon teu terang bae ti mana eta pangbaptis Yahya teh. 8Saur Isa ka aranjeunna, “Atuh Kaula oge moal nerangkeun make hak naon Kaula nyieun hal sarupa kitu.” 9Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun ieu misil ka jalma rea, saur-Na, “Aya nu muka kebon anggur, tuluy disewakeun ka sababaraha urang; geus kitu, manehna nyaba ka nagri sejen rada lila. 10Dina musim panen, manehna ngajurungan pagawena ka nu nyararambut tanahna, sina nyokot hasil bagianana. Tapi jurungan teh, ku eta anu nyarambut dipahala, terus disina balik nyamos. 11Ngajurungan saurang deui; tapi anu ieu oge dipahala, diera-era ku maranehna, terus sina balik nyamos. 12Ngajurungan deui katilu kalina; tapi nya kitu keneh ditareunggeulan, terus dijongklokkeun ka luareun kebon. 13Cek nu boga tanah: ‘Kumaha akal? Keun ayeuna mah anak nu ngan hiji-hijina sina ka ditu. Sugan ku anak aing mah sarieuneun.’ 14Tapi barang nyaho yen ayeuna mah anakna pisan anu datang, nu nyarambut tanah teh buru-buru sakait pada batur: ‘Ayeuna mah ahli warisna pisan, urang paehan sakalian, urang rebut warisanana.’ 15Tuluy anak nu boga tanah teh digusur ka luareun kebon, bek dipaehan. Cik, rek kumaha kira-kirana nu boga kebon teh ka eta jelema-jelema anu ngagarap tanahna? 16Tangtu datang ngabinasakeun maranehna, ari kebon anggurna dipercayakeun ka nu sejen.” Anu ngabarandungan eta misil nempas, “Palias dugi ka kitu!” 17Tapi ku Isa diteuteup, terus ngalahir, “Lamun kitu, naon atuh maksud ayat ieu anu ungelna: ‘Batu anu geus dipiceun ku tukang tembok geus dijieun batu juru?’ 18Anu tibeubeut kana eta batu, tangtu remuk; nu katinggang, tangtu bubuk.” 19Tuluy ahli-ahli Toret jeung imam-imam kapala neangan jalan rek nangkep Anjeunna harita keneh. Sabab karasaeun pisan yen anu ditujul dina misil Anjeunna teh, aranjeunna pisan. Tapi maranehna teh, teu barisaeun nanaon lantaran sieuneun ku rayat. 20Ti harita ahli-ahli Kitab jeung imam-imam kapala teh teu weleh ngintip-ngintip Isa. Tuluy maranehna, nitahan mata-mata sina api-api anu niat hade pikeun mancing kalepatana-Na dina ngawaler pertanyaan-pertanyaan maranehna; ku jalan eta, Anjeunna bisa diselehkeun ka nu nyepeng kawasa jeung wewenang, nya eta gupernur. 21Kieu cek mata-mata teh, “Guru, simkuring sadaya terang, sugri anu disaurkeun sareng diwurukkeun ku Anjeun teh leres. Tebih tina pupujieun, Anjeun ngajarkeun jalan Allah kalayan sajujurna pisan. 22Kumaha, simkuring sadaya kenging mayar pajeg ka Prabu atanapi teu kenging?” 23Tapi niat maranehna anu licik teh, ku Isa oge kauninga. Ku Anjeunna diwaler kieu, 24“Cik mana duit dinarna, ka dieukeun. Gambar jeung ngaran saha dina ieu duit teh?” Tembalna, “Gambar sareng ngaran Prabu.” 25Saur Isa ka maranehna, “Anu wajib disanggakeun ka Prabu, sanggakeun ka Prabu; anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ka Allah.” 26Diwaler kitu di hareupeun jalma rea, maranehna bati ngabetem jeung heran ku walerana-Na lantaran teu bisa mancing kalepatan Anjeunna. 27Datang deui sababaraha urang Saduki ka Isa. Ieu golongan jelema-jelema anu teu percaya yen nu paraeh baris dihudangkeun deui. Maranehna nanya kieu ka Anjeunna, 28“Guru, Nabi Musa ngadamel parentah kieu ka urang: Upama hiji lalaki maot ninggalkeun bojo, tapi teu boga anak; dulur eta lalaki kudu nikahan urut bojona, supaya nu geus maot teh boga turunan. 29Di urang aya tujuh lalaki padudulur. Nu kahiji kawin ka hiji awewe; geletuk, manehna maot bari teu gaduh anak. 30Urut bojona ditikah ku nu kadua; 31teras ku nu katilu; kitu sareng kitu bae patuturut, tujuhanana oge maot patuturut bari teu gaduh anak. 32Tungtungna, awewena oge maot. 33Kumaha engke dina poe kiamat, saha pisalakieunnana teh, margi parantos ditikahan ku tujuhanana?” 34Waler Isa, “Urang dunya mah, nikah jeung ditikahkeun. 35Sabalikna, maranehna anu dianggap layak meunang ganjaran sawarga, — ana geus dihudangkeun deui ti alam maot — moal narikah jeung moal ditarikahkeun. 36Sabab geus kawas malaikat-malaikat, tur jaradi putra-putra Allah lantaran geus dihudangkeun deui tea. 37Hal hudangna deui nu geus paraeh, Nabi Musa geus nerangkeun dina ayat anu ngeunaan rungkun cucuk tea; waktu Pangeran nyebatkeun Anjeun Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. 38Anjeunna lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu paraeh, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup; da kabeh jelema teh, hirupna pikeun Mantenna.” 39Waleran Anjeunna kitu disambut ku sawatara ahli Kitab, pokna, “Guru, tepat eta waleran teh!” 40Saterusna, aranjeunna teu waranieun deui nanya kitu-kieu ka Isa. 41Tapi Isa nyarios kieu ka aranjeunna, “Ku naon jelema-jelema nyarebut yen Al Masih teh Putra Daud? 42Kapan Daud ku anjeun dina kitab Zabur ngangkenna kieu: Pangeran geus nimbalan ka Jungjunan kaula: Geura calik katuhueun Kami, 43nepi ka kabeh musuh-musuh Hidep, ku Kami dijadikeun jojodog suku Hidep. 44Ka Anjeunna, Daud teh nyebatna Jungjunan; jadi, kumaha bisana jadi putra ongkoh?” 45Waktu jalma rea ngabarandungan keneh kasaurana-Na, Anjeunna nyarios ka murid-murid-Na, saur-Na, 46“Sing waspada ka ahli-ahli Kitab; maranehna osok jalan-jalan mamake jubah panjang, malar dihormat di pasar-pasar; di tempat ibadat diukna di tempat anu terhormat, nya kitu deui dina perjamuan-perjamuan. 47Maranehna sok ngaleglegan kahirupan randa-randa jeung macikeuh ku doa-doa panjang. Maranehna pinasti dihukumna leuwih beurat.”

will be added

X\