LUKAS 2

1Dina jaman eta, aya parentah ti Prabu Agustus, yen sakabeh jelema di sakuliah dunya kudu didaptarkeun. 2Ieu teh cacah jiwa anu mimiti pisan, waktu tanah Siria digupernuran ku Kirinus. 3Sakabeh jelema kudu didaptar di lembur asalna masing-masing. 4Kitu deui Yusup, anjeunna oge iang ti Nasaret di Galilea, ka Yudea, ka kota Daud anu ngaranna Betlehem — sabab anjeunna bibit-buit ti dinya, ti kulawargi jeung turunan Daud — 5pikeun didaptar bareng jeung Maryam, papacanganana, anu eukeur kakandungan. 6Sanggeus narepi ka Betlehem, karaos ku Maryam yen arek babar. 7Tuluy bae babar nyikalan, putrana pameget; terus dibedongan ku lalamakan, diebogkeunana dina kombongan sabab di panginepan mah geus teu aya pisan tempat. 8Harita, di hiji tegalan di luar kota, aya nu keur ngajaraga ingon-ingon ti peuting. 9Jleg bae, aya hiji malaikat Pangeran deukeut maranehna, murub mubyar ku kamulyaan Pangeran, nyaangan ka tukang-tukang ngangon anu kacida ngarasa sieunna. 10Eta malaikat ngalahir, “Ulah sieun. Kami mawa beja anu kacida baris nyukakeunana ka maraneh; nya kitu deui, ka sakumna bangsa. 11Sabab poe ieu, Juru Salamet maraneh, — Jungjunan urang, Isa Al Masih — geus dibabarkeun di kota Daud. 12Cirina pikeun maraneh kieu: Maraneh bakal tepung jeung hiji Bayi anu dibedong ku lalamakan sarta ebog dina kombongan.” 13Harita keneh, ujug-ujug, breh wadya bala sawarga anu kacida lobana, — maturan malaikat anu tadi — kabeh maruji ngagungkeun ka Allah, kieu: 14“Nya mulya kanggo Gusti Allah anu di manggung, mugia di bumi aya katengtreman di antara umat manusa anu kamanah ku Anjeunna.” 15Sanggeus malaikat-malaikat marulang deui ka sawarga, tukang-tukang ngangon teh ngaromong jeung pada batur, “Hayu atuh urang ka Betlehem, urang buktikeun kasauran malaikat Pangeran teh.” 16Bring, kabeh, arindit gagancangan. Tuluy maranehna tepung jeung Siti Maryam, Yusup, sarta eta Bayi anu keur ebog dina kombongan tea. 17Sanggeus narenjo Bayi, maranehna nyaritakeun hal anu tadi anu tumali jeung eta Bayi. 18Anu ngabandungan caritana kacida ngarasa helokna. 19Tapi eta caritaan teh, ku Maryam dikemu dina manah bae bari dilenyepan. 20Pangangon-pangangon tuluy arindit deui bari muji sukur ngagungkeun Allah. Maranehna ngarasa bagja ku lantaran sagala nu geus kadenge jeung nu geus katenjo teh, cocog jeung anu disaurkeun ku malaikat tea. 21Sanggeus jejeg dalapan poe, Murangkalih teh disepitan sarta dipaparin jenengan Isa, numutkeun amanat ti malaikat samemeh dikandung. 22Sanggeus jejeg poe pantrang nurutkeun hukum Toret, Anjeunna dicandak ka kota Yerusalem, bade disanggakeun ka Allah. 23Hal ieu teh, pikeun nedunan timbalan Pangeran dina Toret, yen “Kabeh anak cikal nu lalaki kudu disanggakeun ka Pangeran.” 24Nyanggakeunana oge kudu make kurban, sakumaha timbalan Pangeran dina Kitab Suci, nya eta tikukur sajodo atawa anak japati dua. 25Harita, di Yerusalem aya hiji sepuh, jenenganana Simeon. Anjeunna, ahli ibadah anu ngajeng-ngajeng kana datangna panglipur pikeun bangsa Israil. Anjeunna ditangtayungan ku Ruh Allah 26sarta kenging pituduh ti Ruh Allah, yen moal waka pupus samemeh ningali Al Masih, Jungjunan urang tea. 27Kalayan pingpinan Ruh Allah anjeunna angkat ka Bait Allah. Waktu Isa, Murangkalih tea, dicandak lebet ka Bait Allah ku ibu rama-Na, — bade nedunan hukum Toret tea — 28ku Simeon dipapag. Tuluy eta Murangkalih teh, ku anjeunna dipangkon. Lajeng Simeon muji sukur ka Allah, saurna: 29“Ayeuna mah nun Pangeran, abdi teh widian wangsul kalayan senang nya hate, sakumaha timbalan tea; 30wireh abdi parantos ningal sorangan kasalametan paparin Gusti, 31anu parantos gumelar dinyatakeun ka kalangan sagala bangsa, 32nya eta terang caang anu nyata kangge bangsa-bangsa sanes, sareng kangge kamulyaan umat Gusti, Israil.” 33Kasauran anjeunna teh matak hemeng ka ibu ramana Murangkalih. 34Geus kitu, Simeon ngaberkahan ka aranjeunna sarta kieu saurna ka Siti Maryam, “Ieu Murangkalih geus ditakdirkeun pikeun jadi lantaran labuhna jeung cengkatna jalma rea di Israil sarta jadi hiji tanda anu nimbulkeun pacengkadan, 35— jiwa anjeun ge bakal parat ku pedang — sangkan ku hal eta, eusi pikiran jalma rea bakal kabuka.” 36Di dinya oge, aya hiji nabi istri anu jenenganana Hana binti Penuel, ti kaom Aser. — Anjeunna teh geus sepuh pisan; kantos nikah, tapi ngan ukur tujuh taun bumen-bumen jeung carogena teh; 37ayeuna parantos rarandaan sarta yuswana geus dalapan puluh opat taun; tara pisan incah ti Bait Allah; beurang peuting, damelna ibadah ku puasa jeung ngadu'a. — 38Harita ge, anjeunna keur aya di dinya, lajeng bae muji sukur ka Gusti Allah sarta nyarios-nyarioskeun eta Murangkalih ka nu sejen-sejenna, anu sarua keur ngarep-ngarep bebasna Yerusalem. 39Sanggeus sagala hukum Pangeran beres ditedunan, Yusup jeung Maryam, — katut eta Murangkalih — marulang deui ka lembur, nya eta ka kota Nasaret di Galilea. 40Eta Murangkalih teh, mingkin lila, mingkin ageung jeung tambah kuat jiwa ragana, pinter, sarta kenging rahmat sapa'at Pangeran. 41Unggal-unggal taun, dina hari raya Paska, sepuh Isa angkat ka Yerusalem. 42Sanggeus yuswana Isa dua belas taun, Anjeunna ngiring sepuh-Na ka Yerusalem, sakumaha biasa ari hari raya. 43Barang hari-hari raya geus lekasan, sepuh-Na marulih; ari Isa teu katiten kakantun di Yerusalem. 44Panyana sepuh-Na mah, Anjeunna teh, aya bae campur jeung rencang-rencang sapanyabaan; kitu, nu matak jongjon bae arangkat. Sanggeus angkatna meunang sapoe, kakara aranjeunna milarian; sugan Anjeunna bareng jeung wargi-wargi atawa kenalan-kenalanana. 45Ku sabab teu kapendak, aranjeunna marulih deui ka Yerusalem bari nalengteng. 46Sanggeus tilu poe, beh bae kapendak di Bait Allah, keur calik diriung ku alim-ulama, ngadangukeun kasauran aranjeunna, sakapeung bari turas-taros. 47Anu ngabarandungan Anjeunna ngaraos helok ku kapinterana-Na, oge helok ana Anjeunna ngawaler patarosan. 48Barang sepuh-Na naringali, olohok bae anu aya. Tuluy ibu-Na nyauran, “Enung, naha bet ngadamel pikamelangeun kolot? Ama jeung ibu mah neteangan mani hariwang.” 49Anjeunna ngawaler, “Naha nganggo dipilarian? Na teu kagalih yen Abdi tangtos aya di gedong Jeng Rama?” 50Kasaurana-Na, ku aranjeunna teu kahartos. 51Ti dinya mah Isa mulih jeung sepuh-Na ka Nasaret, saterusna tetep-tumetep sareng ibu rama-Na. Ku ibu-Na, sagala rupa hal teh, dikemu bae sajeroning manah. 52Isa beuki ageung, beuki pinter, beuki diasih ku Allah, sarta dipikaresep ku sasama jalma.

will be added

X\