LUKAS 19

1Isa lebet ka jero kota Yeriko, neraskeun perjalanan ngalangkungan eta kota. 2Di eta kota aya hiji jelema beunghar, kapala tukang cuke, ngaranna Sakeus. 3Manehna pohara hayangna nyaho kumaha jelemana anu jenengan Isa teh, tapi teu bisa lantaran kahalangan ku jalma rea; ma'lum manehna teh pendek. 4Kitu nu matak manehna lumpat miheulaan nu rea, terekel naek kana tangkal kondang megat Isa, anu memang baris ka dinya ngalangkungna. 5Di lebah dinya, Isa tanggah bari ngalahir, “Sakeus, turun! Poe ieu Kami arek nganjang ka maneh.” 6Sakeus tuturubun, Isa ku manehna dimanggakeun bari semu anu bungah. 7Tapi jalma rea gegelendeng, pokna, “Kumaha Anjeunna teh, bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!” 8Tapi Sakeus terus unjukan bangun tatag, “Jungjunan, kagaduh abdi satengahna sumeja dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng bilih bae di antawisna aya kekengingan tina meres batur, bade dipulangkeun opat kalieun.” 9Ku Isa diwaler, “Poe ieu, rumah tangga ieu jelema geus meunang nugraha, da ieu oge putu Ibrahim keneh. 10Sabab Putra Manusa teh datangna rek neang jeung nyalametkeun anu poekeun jalan.” 11Ka sakur anu harita ngabarandungan Anjeunna, nya eta anu nyangka yen Karajaan Allah tereh ngawujud pedah Anjeunna geus deukeut ka Yerusalem, Anjeunna nyarioskeun hiji misil. 12Saur-Na, “Aya hiji ningrat indit ka nagara jauh. Di dituna anjeunna teh rek dijenengkeun raja sarta sarengsena rek balik deui. 13Memeh bral, anjeunna manggil heula sapuluh pagawena; tuluy maranehna teh dititipan duit, gedena sapuluh mina; pesenna: ‘Golangkeun ku maraneh nepi ka kami datang ti ditu.’ 14Tapi eta ningrat teh, teu dipisuka ku sakumna warga nagara. Maranehna ngajurungan utusan sina nyusul sarta bebeja kieu: ‘Urang mah embung dirajaan ku eta jelema.’ 15Sanggeus eta ningrat anu geus jeneng raja balik, pagawe-pagawe anu dititipan duitna dipanggil, rek nanyakeun kauntungan masing-masing. 16Cek nu saurang: ‘Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi sapuluh mina.’ 17Cek dununganana: ‘Sukur, tandaning maneh hade gawe, suhud dina nyekel urusan leuleutikan. Ku sabab eta, ku kami dibere kawasa nyekel sapuluh kota.’ 18Jol anu kadua, omongna: ‘Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi lima mina.’ 19Cek dununganana: ‘Maneh ayeuna dikawasakeun nyekel lima kota.’ 20Jol pagawe nu katilu, omongna: ‘Juragan, artos kagungan anu sa-mina teh ieu kasanggakeun, kenging mumungkus dina saputangan; 21da sieun ku juragan, margi terang juragan teh bengis, sareng resep nyandak teundeun batur, resep mupu pelak batur.’ 22Cek dununganana: ‘Maneh pagawe jahat, ku kami baris ditindak satimpal jeung omongan maneh bieu. Ongkoh nyaho kami bengis, resep nyokot teundeun batur, resep mupu pelak batur. 23Komo nyaho, naha eta duit kami ku maneh henteu menta dipanggolangkeun ku tukangna, supaya ari kami balik ku kami katampa reujeung batina?’ 24Ti dinya, manehna marentah ka pagawe-pagawe sejenna: ‘Cokot ti ieu jelema, eta duit anu sa-mina teh; bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh mina.’ 25Cek maranehna: ‘Juragan, kapan eta mah parantos kenging sapuluh mina.’ 26Tembal dununganana: ‘Cek kami, anu geus aya beubeunanganana bakal dibere deui, tapi anu henteu beubeunangan mah, anu geus aya di manehna oge baris dicokot. 27Saterusna, kabeh musuh-musuh kami anu henteu suka kami jadi rajana, jagragkeun kabeh ka dieu terus paehan di dieu hareupeun kami.’ ” 28Sanggeus sasauran kitu, Isa angkat ti payun neraskeun perjalanan ka Yerusalem. 29Deukeut kota Betpage jeung Betania anu pernahna di hiji gunung ngaran Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan dua murid, 30saur-Na, “Teruskeun ka kampung beh hareup. Engke, barang sup ka dinya bakal nenjo kalde keur dicangcang, ngora keneh can aya nu numpakan. Laan cangcangna, terus bawa ka dieu. 31Mun aya nu ngageureuh-geureuh ku naon dileupaskeun, bejakeun bae rek dianggo ku Jungjunan.” 32Bral nu duaan arindit, kaldena kapanggih cocog jeung nu disaurkeun tadi. 33Sabot ngudar cangcangna, nu bogana nanyakeun naha dileupaskeun? 34Dijawab, “Rek dianggo ku Jungjunan.” 35Kalde disanggakeun ka Isa sarta geus beunang nilaman ku pakean maranehna. Ku Isa dititihan dibantuan ku maranehna. 36Sabot kitu, jelema-jelema teh bur-bar ngalamparkeun jubahna di jalan. 37Sanggeus deukeut ka Yerusalem, — di pupudunan Gunung Jetun — murid-murid anu ngariring mimiti galumbira jeung maruji ka Allah; sorana tarik, galumbira lantaran kaparengkeun narenjo mujijat-mujijat. 38Cek maranehna, “Wilujeng Anjeunna, anu sumping jumeneng Raja kalayan jenengan Pangeran. Kerta santosa di sawarga, agung luhur nu di manggung!” 39Sawatara urang Parisi anu milu jeung aleutan jalma rea mihatur ka Isa, “Eh, Guru cobi eta murid-murid Anjeun carek!” 40Waler-Na, “Cek Kaula, lamun maranehna repeh, tah batu nu bakal surak teh.” 41Sanggeus deukeut ka Yerusalem sarta geus katingalieun; Anjeunna sasauran semu ngalimba ngeunaan nasib eta, 42“Tada teuing hadena, upama heug maneh poe ieu ngarasa yen maneh teh pohara mikabutuhna kasajahtraan. Hanjakal maneh teh lir meungpeunan mata! 43Sabab pidatangeun mangsa baris dirurug musuh, dikepung ti unggal juru ditingker rapet nepi ka mojok. 44Maneh katut sakumna rayat baris tumpur jadi lebu, rata saampar lemah. Eta teh bongan maneh keneh, embung malire keur waktu pitulung ti Pangeran tumiba.” 45Ti dinya Isa lebet ka Bait Allah. Anu keur jarual meuli di dinya ku Anjeunna diusiran; 46sarta kieu pilahir-Na, “Cek Kitab, Gedong Kami teh gedong paranti sembahyang. Tapi ku maraneh dijieun guha begal.” 47Saterusna, saban-saban poe Anjeunna ngawuruk di Bait Allah. Ku imam-imam kapala, ku ahli-ahli Kitab, jeung ku pepentol-pepentol bangsa Israil terus diarah-arah bae rek ditelasan. 48Tapi maranehna henteu manggih pijalaneun sabab rayat kabeh katarik sarta narurut ka Anjeunna.

will be added

X\