LUKAS 18

1Geus kitu, Isa nyarioskeun hiji misil pikeun nandeskeun yen maranehna ulah bosen kana sembahyang. 2Saur-Na, “Di hiji nagara aya hiji hakim anu teu sieun ku Allah jeung tara pisan ngahargaan batur. 3Di dinya keneh, aya hiji randa anu sering datang ka eta hakim menta dibela perkarana urusan jeung lawan. 4Geus sakitu lilana, pamentana teh, ku eta hakim ditolak bae. Tapi lila-lila, eta hakim teh ngomong dina hatena: ‘Najan aing teh teu sieun ku Allah jeung sangeuk ngahargaan batur, 5tapi si randa teh nyusahkeun pisan; keun ku aing rek dimeunangkeun, supaya ulah terus bae datang deui, datang deui, bisi malik nyalahkeun aing.’ ” 6Saur Jungjunan, “Pek eta omongan hakim anu lalim teh lenyepan! 7Na Allah teh teu kersa ngabela umat pilihana-Na anu beurang peuting sasambat ka Anjeunna? Jeung memeh ngabela teh naha Anjeunna sok ngulur-ngulur waktu heula? 8Cek Kami: Anjeunna mah moal tempo deui, tangtu ngabela ka maranehna. Najan kitu, lamun engke Putra Manusa datang, kira-kirana bakal manggihan iman kapercayaan di ieu dunya?” 9Isa nyaurkeun deui hiji misil, ditujukeun ka jelema-jelema anu umangkeuh ibadah bari nyapirakeun batur, saur-Na, 10“Aya dua jelema arasup ka Bait Allah rek sembahyang. Nu saurang, urang Parisi, nu saurang deui tukang cuke. 11Ari urang Parisi dina hatena kieu sembahyangna: ‘Ya Allah, simkuring muji sukur ka Anjeun; jalaran simkuring mah, henteu sami sareng anu sanes, sanes rampog, sanes jelema kejem, sanes tukang jinah, sareng oge henteu sami sareng eta si tukang cuke. 12Simkuring mah dua minggu sakali sok puasa, kawajiban mayar perpuluhan tina panghasilan dicumponan.’ 13Ari tukang cuke tea, nangtungna oge nyingkurkeun maneh, jeung teu wani dangah; malah bari jeung neunggeulan dada, — sembahyangna teh — pokna: ‘Duh Gusti Pangeran, jisim abdi rumaos dosa, taya sanes mung nyuhunkeun sih piwelas-Na.’ 14Cek Kami: Ieu tukang cuke mulangna teh geus jadi jelema anu kaetang bener ku Allah; ari nu saurang deui mah, henteu. Sabab saha-saha anu umangkeuh jeung luhur hate, bakal direndahkeun; saha-saha anu ngarendahkeun maneh, baris dijungjung.” 15Ti dinya, loba anu dararatang marawa anakna anu laleutik keneh ka Isa, rek marenta dipangusapkeun. Ari ku murid-murid dicarekan. 16Tapi saur Isa, ka maranehna, “Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dihalang-halang, sabab nya jelema-jelema anu kawas eta anu ngamilik Karajaan Allah teh. 17Cek Kami: Saenya-enyana, saha-saha anu henteu narima Karajaan Allah sakumaha budak leutik, manehna moal bisa asup ka dinya.” 18Aya hiji pamingpin, nanyakeun kieu ka Isa, “Nun Guru anu saestu, simkuring teh kudu kumaha, supaya tinemu sareng hirup anu langgeng?” 19Waler Isa, “Naha Kami disebut saestu? Saurang ge teu aya anu saestu, kajaba ti Allah nyalira. 20Tangtu anjeun ge uninga kana timbalan-timbalan Allah anu kieu: ‘Ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah ngucapkeun panyaksen palsu, jeung kudu hormat ka indung bapa.’ ” 21Walonna, “Eta parantos dilakonan, ti ngongora.” 22Jawabanana, ku Isa diwaler deui, “Aya keneh sarupa deui anu kudu dijalankeun: Jualan kabeh pangaboga, bagi-bagikeun ka nu mariskin; engke, tangtu bakal meunang harta sawarga; geus kitu, ka dieu deui, tuturkeun Kami.” 23Dititah kitu teh, eta jelema mani melenguk, inget kana kakayaanana. 24Ku Isa dipeleng bae, geus kitu Anjeunna sasauran, “Bangga pisan pikeun jelema nu loba duit mah rek asup ka Karajaan Allah teh. 25Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema beunghar asup ka Karajaan Allah.” 26Anu ngadarenge eta kasaurana-Na ngaromong kieu, “Kitu galagatna mah, atuh saha nu bisa disalametkeun?” 27Saur Isa, “Anu mustahil cek manusa, pikeun Allah mah bisa.” 28Petrus mihatur, “Ieu abdi-abdi teh parantos cul sagala rupi sarta ngiring ka Jungjunan.” 29Saur Isa, “Kieu cek Kami, saenya-enyana, saha-saha anu ku lantaran milih Karajaan Allah cul imah, cul pamajikan, cul dulur, cul kolot, jeung cul anak, 30dina waktu ieu keneh sakur anu ditinggalkeun teh baris kaganti manglipet-lipet; jeung engke, dina jaman nu bakal datang, bakal ginanjar hirup nu langgeng.” 31Murid-murid anu dua belas ku Isa dipanggil, terus kieu saur-Na, “Ayeuna urang ka Yerusalem. Sagala rupa perkara anu geus diserat ku nabi-nabi, tina hal Putra Manusa, tinangtu bukti. 32Sabab Anjeunna bakal diselehkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah, dihina-hina, dipoyok, diciduhan, 33dikaniaya, sarta terus dipaehan ku maranehna; tapi dina poe nu katilu, tangtu Anjeunna teh hirup deui.” 34Tapi murid-murid teh, kabeh oge, euweuh anu ngarti. Kasaurana-Na teh, hartina henteu katepi, maksudna henteu kasusud. 35Sanggeus Anjeunna meh sumping ka kota Yeriko, aya nu lolong keur andiprek musapir di sisi jalan. 36Ngadenge loba jelema ngasrek, manehna nanyakeun, “Aya naon?” 37Dijawab, “Isa, urang Nasaret, ngalangkung.” 38Tuluy manehna ngagero, “Nun Isa, Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!” 39Ku nu laleumpang panghareupna dicarek sina repeh. Tapi gegeroanana beuki tarik, “Nun Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!” 40Reg, Isa liren, nu lolong dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus dideuheuskeun ku Anjeunna dipariksa, 41“Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” Jawabna, “Nun Jungjunan, abdi teh hayang tiasa ningal!” 42Saur Isa, “Heug, geura bisa nenjo. Maneh geus salamet lantaran boga iman!” 43Sapada harita keneh, bray bae, panonna awas; terus milu ngiring ka Anjeunna bari ngamulyakeun ka Allah. Bala rea anu nyaraksian oge ragem maruji ka Allah.

will be added

X\