LUKAS 17

1Isa nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Teu meunang henteu, tangtu bakal aya dodoja anu nyasarkeun. Tapi cilaka, pikeun jelema anu ngalantarankeun ayana eta dodoja. 2Jelema anu kitu, mending dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut, ti batan matak nyasabkeun salah saurang ti ieu kaom anu lemah. 3Jaga diri maraneh! Upama aya dulur boga dosa ka maraneh, pepelingan; lamun manehna kaduhungeun, kudu dihampura. 4Malah najan sapoe tujuh kali dosa, tapi lamun tujuh kali ngarasa kaduhung, ku maneh kudu dihampura.” 5Rasul-rasul mihatur, “Jungjunan, pasihan abdi-abdi iman kapercayaan.” 6Waler Jungjunan, “Upama maraneh boga kapercayaan najan ngan sagede siki sasawi, tangtu bisa marentah ka ieu tangkal kondang: Maneh sing karabut, tuluy melak maneh di laut, tangtu diturut.” 7“Upamakeun salah saurang ti maraneh boga bujang. Eta bujang kakara datang tas ngawuluku atawa tas ngangon pipiaraan. Pamohalan ku dununganana dititah buru-buru dahar? 8Malah cek dununganana teh tangtu: Geura sadiakeun heula dahareun keur kami, ganti pakean, laladenan kami nepi ka beres dahar nginum, kakara maneh dahar. Lain kitu? 9Jeung piraku dununganana nyebut nuhun ka eta bujangna pedah pamentana diturut! 10Maraneh oge, ari tas lakon gawe anu diwajibkeun teh kudu ngarumasakeun kieu: Urang mah ukur abdi-abdi nu taya pangaji, darma ngalakonan timbalan.” 11Dina perjalanan ka Yerusalem, Isa angkatna mapay wawatesan tanah Samaria jeung Galilea. 12Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna ditepungan ku sapuluh jelema lepra. Maranehna narangtung bae di nu rada jauh. 13Tuluy arunjukan rada tarik, “Nun Isa, Guru abdi, mugi aya sih piwelas ka abdi sadaya!” 14Isa neuteup ka maranehna, lajeng nimbalan, “Bral, tembongkeun awak maraneh ka imam!” Sabot maranehna laleumpang, dadak sakala jadi calageur, leprana leungit tanpa lebih. 15Anu saurang, barang yakin yen manehna geus cageur; geuwat manehna balik deui bari muji sukur ka Pangeran, sorana ditarikkeun; 16datang-datang teh, brek bae, manehna nyuuh kana sampean Isa bari pohara nganuhunkeun ka Anjeunna. Eta jelema teh urang Samaria. 17Anjeunna nimbalan, “Lain geus calageur kabeh eta nu sapuluh urang teh? Mana anu salapan urang deui? 18Naha maranehna henteu ka darieu deui pikeun muji sukur ka Pangeran? Na ngan ieu urang asing wungkul atuh?” 19Geus kitu, nimbalan ka eta jelema, “Nangtung, geura balik, maneh geus salamet ku lantaran iman kapercayaan maneh.” 20Ngawaler pertanyaan urang Parisi ngeunaan iraha-irahana pidatangeunana Karajaan Allah; saur Isa kieu, “Karajaan Allah datangna tanpa tanda-tanda lahiriah. 21Ku jalma-jalma moal bisa disebutkeun: Ieu di dieu! Atawa itu di ditu! Sabab saenyana mah, Karajaan Allah teh aya di kalangan aranjeun.” 22Saur-Na deui, ka murid-murid-Na, “Engke aya waktuna maraneh hayang nyaksian salah sahiji poe datang-Na Putra Manusa, tapi moal kalakon. 23Engke bakal aya nu ngomong ka maraneh: Tuh Anjeunna teh di ditu! Atawa: Ieu Anjeunna teh! Kade, ulah kabengbat, ulah kabawakeun. 24Sabab sakumaha kilat ngerelep ti tungtung langit ka tungtungna deui, nya kitu keneh Putra Manusa oge datang-Na teh. 25Tapi samemeh eta, Anjeunna teh kudu nandangan sangsara heula jeung ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari. 26Datangna Putra Manusa teh dina jaman anu teu beda ti jaman Nabi Enoh. 27Jelema-jelema teh gawena ngan dahar, nginum, nikah, jeung ditikahkeun nepi ka poean Nabi Enoh unggah kana kapal; tuluy der bae caahna datang sarta ngabinasakeun sakabeh jelema. 28Oge cara kajadian keur jaman Elut: Jelema-jelema gawena dahar, nginum, jarual meuli, pulak-pelak, jeung ngaradegkeun. 29Sanggeus Elut kaluar ti nagara Sadumu, breg bae, turun hujan seuneu jeung walirang ti langit sarta ngabinasakuen sakabeh jelema nu aya di dinya. 30Nya kitu halna, dina poean Putra Manusa nganyatakeun Anjeun oge. 31Dina poean eta, lamun keur aya di loteng paniisan, ulah turun ka jero imah pikeun nyokot nanaon heula. Kitu deui, anu keur araya di tegalan, ulah ka imah heula. 32Sing eling, kumaha nasibna pamajikan Elut! 33Sing saha anu ngabelaan nyawa, bakal kaleungitan nyawa. Sing saha anu kaleungitan nyawa, eta nu mawa rahayu. 34Cek Kami ka maraneh: Dina peuting eta, mun aya duaan sare saranjang, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun. 35Dua awewe keur ngagiling, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun. 36Dua jelema keur di taregal, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun.” 37Cek maranehna ka Anjeunna, “Di mana Jungjunan teh?” Waler-Na, “Di mana aya bangke, di dinya ngagulungna manuk-manuk anu bareuki bangke.”

will be added

X\