LUKAS 16

1Saur Isa ka murid-murid-Na, “Aya anu beunghar; manehna boga hiji pagawe nu jadi bendaharana. Aya anu ngabejaan yen kakayaanana geus dihambur-hambur ku eta bendahara. 2Bendaharana dipanggil jeung ditanya: ‘Naha euy maneh teh bet kitu bejana? Kami menta pertanggungan jawab sabab maneh teu meunang terus jadi bendahara.’ 3Cek eta bendahara dina hatena: ‘Kumaha akal? Ku dunungan dipecat tina bendahara. Pucal-pacul teu kauntup, menta-menta era. 4Euh kieu, sangkan ari geus dipecat tina bendahara, aya anu daekeun nyanggap ka aing.’ 5Ti dinya manehna manggilan anu baroga hutang ka dununganana, saurang-saurang. Nanya ka nu kahiji: ‘Sabaraha hutang ka juragan?’ 6Dijawab: ‘Saratus tong minyak.’ Carekna: ‘Tah ieu surat hutangna, tah diuk, ganti ku nu anyar, jieun lima puluh tong.’ 7Nanya ka nu kadua: ‘Sabaraha hutang teh?’ Dijawab: ‘Saratus pikul gandum.’ Carekna: ‘Ieu surat hutangna, ganti ku nu anyar, jieun dalapan puluh pikul.’ 8Dununganana jadi muji oge ka eta bendahara anu teu jujur teh, muji ku pelitna. Memang nu pidunya mah, ngatur hartana teh, leuwih bisa ti batan nu ta'at ka Allah. 9Ku sabab eta cek Kami: Pek, eta Mamon, — harta anu teu lana tea — ku maraneh pake pikeun nyieun pisobateun; supaya dina mangsa harta tea geus teu bisa nulung deui, maraneh bisa ditarima di tempat kalanggengan.” 10“Anu satia nyekel urusan leutik, tangtu satia nyekel urusan gede. Anu geus teu bener nyekel urusan leutik, komo-komo nyekel urusan gede. 11Jadi, lamun maraneh teu bener dina urusan Mamon anu teu lana, saha anu daek mercayakeun ka maraneh harta sajatining harta? 12Jeung lamun maraneh teu jujur dina ngurus harta batur, saha anu baris mercayakeun ka maraneh harta anu jadi hak maraneh sorangan? 13Ari gandek moal bisa ngaulaan dua dunungan. Sabab dina kituna, tangtu ngan bisa mikaresep ka saurang, tapi ka nu saurang deui mikangewa. Atawa ka nu saurang satia, ka nu saurang deui ngolembar. Maraneh moal bisa ngaula ka Allah bari mupunjung ka Mamon.” 14Eta kasauran Anjeunna kadarengeeun ku urang Parisi, anu piduit tea, sarta ku aranjeunna diiyehkeun. 15Tapi saur Isa, ka aranjeunna, “Aranjeun bisa bae ngakukeun diri bener ka papada jelema. Tapi Allah mah, uninga kana pangeusi hate aranjeun. Ongkoh anu dipikaresep ku jelema teh, ari ku Allah mah dipikacua. 16Hukum Toret jeung kitab nabi-nabi teh, kakuatanana nepi ka semet jaman Yahya. Sanggeus eta, Karajaan Allah diwawarkeun, jelema-jelema parebut harayangeun asup. 17Leuwih gampang musna langit jeung bumi, ti batan gagalna hiji cecek tina hukum Toret. 18Unggal jelema anu nyerahkeun pamajikan, tuluy ngawin awewe sejen, eta jinah. Kitu deui lalaki, anu mana bae anu kawin ka eta awewe beunang nyerahkeun, eta jinah.” 19“Aya jelema beunghar, papakeanana bangsa nu wungu-wungu bae, pakean jerona tina lawon bangsa lalemes. Unggal-unggal poe, gawena, sukan-sukan mewah pisan. 20Aya deui saurang, nu ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok. Manehna sok ngadon ngalungsar deukeut lawang, tempat masamoan jelema beunghar tea; 21manehna teh ngarep-ngarep bubuk roti, — anu murag tina meja makan sakadar keur ganjel beuteung — tapi malah anjing-anjing, nu daratang ngalaletakan borokna. 22Geletuk, Ki Miskin teh maot; tuluy manehna, ku para malaikat teh dipayang ka pangkonan Ibrahim. 23Geletuk deui, anu beunghar tea oge maot, terus dimakamkeun. Di alam maot, — satengahing ngarandapan siksaan — manehna tanggah; ti kajauhan teh, ku manehna katenjo Nabi Ibrahim keur mangkon Ki Lasarus. 24Tuluy manehna gegeroan: ‘Ama Ibrahim, sing hawatos ka abdi. Lasarus piwarang ka dieu nganclomkeun tungtung curukna kana cai, tetelkeun kana letah abdi ngarah rada tiis, margi parantos teu kiat ku seuneu anu sakieu panasna.’ 25Waler Ibrahim: ‘Anaking sing inget; maneh mah waktu keur hirup geus seubeuh, ari Lasarus ngan sangsara bae. 26Jaba ti eta, antara kami jeung maneh teh aya jungkrang anu hamo bisa kasorang. Anu ti dieu, moal bisa ka dinya; anu ti dinya, moal bisa ka dieu.’ 27Walonna: ‘Ama, upami kitu mah atuh piwarang bae anjeunna ka rorompok pun bapa; 28da abdi teh gaduh dulur limaan, keun sina dipepelingan ku Lasarus, supados maranehna mah ulah kantos tigebrus ka ieu enggon siksaan.’ 29Tapi saur Ibrahim: ‘Kapan barogaeun panyaksen Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen. Turut bae eta.’ 30Walonna: ‘Sanes kitu ama Ibrahim; manawi ari didongkapan ku anu hudang tina maot mah tiasa babalik pikir.’ 31Waler Ibrahim: ‘Ari teu nurut kana panyaksian Nabi Musa jeung nabi-nabi mah, najan didatangan ku nu paeh hirup deui oge hamo datang ka tobat.’ ”

will be added

X\