LUKAS 15

1Tukang cuke, kitu deui jelema-jelema anu kasebutna doraka, daratang ka Isa seja ngadarengekeun kasaurana-Na. 2Ari urang Parisi jeung ahli Kitab tinggelendeng, “Eta Anjeunna make daek nampa jalma-jalma doraka, dahar bareng sagala!” 3Tapi Isa nyarios ka aranjeunna malapah gedang, saur-Na, 4“Upama aranjeun boga saratus domba, leungit hiji; kumaha jeung anu salapan puluh salapan deui, na aranjeun teh moal ninggalkeun heula di tegalan pikeun neangan anu leungit tea? 5Jaba ti eta, kumaha lamun geus kapanggih? Kapan eta domba teh mani dipunggu ku atoh-atohna. 6Nepi ka imah, tuluy nepungan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab domba nu leungit teh geus kapanggih. 7Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu oge di sawarga; lamun aya saurang jelema doraka tobat, atohna teh leuwih ti ku nu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu ku pertobat.” 8“Atawa, lamun aya awewe boga sapuluh dinar, leungit hiji; cik kumaha, diteang moal? Kapan nepi ka masang lampu sarta imahna disapuan, nepi ka dinarna kapanggih deui. 9Ana geus kapanggih, terus nyalukan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab dinar kuring anu leungit kapanggih deui. 10Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu pisan deuih, lamun aya saurang jelema doraka tobat, malaikat-malaikat ciptaan Allah teh pohara barungaheunana.” 11Saur-Na deui, “Aya nu boga anak lalaki dua. 12Anu bungsu ngomong ka bapana: ‘Bapa, harta banda urang teh anu keur bagian abdi mah disuhunkeun ayeuna bae.’ Bapana nurut, tuluy babagi. 13Heuleut sawatara poe, si bungsu ngajualan warisan bagianana kabeh; geus kitu, manehna indit ngalalana ka nagara sejen anu jauh. Di dituna, manehna roroyalan. 14Barang duitna beak, datang bae paceklik, si bungsu mimiti malarat. 15Tuluy ngadon buburuh ka urang dinya. Ku dununganana dititah ngangon bagong. 16Bakating ku lapar, manehna ku loloh bagong ge nepi ka kabita. Tapi watir, nu kitu oge euweuh nu mere. 17Kakara manehna eling ka diri, tuluy humandeuar: ‘Di bapa mah kuli gereyek, dahareun ngaleuya; ari aing nepi ka kudu paeh kalaparan! 18Mending balik, arek wakca ka bapa: Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa; 19entong diangken deui anak, rumaos teu pantes, damel kuli bapa bae abdi mah.’ 20Sanggeus mikir kitu, bral bae indit, balik ka bapana. Jauh keneh ku bapana geus katenjoeun sarta pohara watireunana; tuluy diburu, barang prok amprok, gabrug bae si bungsu teh dirangkul ku bapana. 21Pok, si bungsu nyarita: ‘Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa; ayeuna mah, entong diangken deui anak, rumaos teu pantes.’ 22Tapi bapana, anggur nitah ka bujangna: ‘Bawa ka dieu jubah anu pangalusna keur ieu anak kami; oge ali jeung tarumpah, keur ieu anak kami. 23Peuncit deuih anak sapi anu panglintuhna, urang pakaulan. 24Sabab ieu anak kami anu geus paeh, ayeuna hirup deui; anu geus leungit, datang deui.’ Geus kitu, si bungsu teh dipestakeun. 25Ari lanceukna, harita eukeur di tegal. Barang balik geus deukeut ka imah, ngadenge aya sora suling jeung lagu tari-tarian. 26Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun: ‘Aya naon eta di imah?’ 27Jawab si bujang: ‘Tuang rai sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun anak sapi anu lintuh tea, dumeh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.’ 28Si cikal terus pundung, embungeun ka imah. Tuluy ku bapana di teang bari dicombo. 29Tapi cek si cikal teh: ‘Abdi babantu di bapa teh, parantos mangtaun-taun sareng can kungsi ngalawan parentah; tapi ku bapa, teu dibere anak embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan jeung babaturan. 30Ayeuna, eta tuang putra anu nembe sumping entas ngawur-ngawur harta banda bapa; anu entas senang-senang sareng palacur-palacur, ku bapa mani dipangmeuncitkeun anak sapi anu sakitu lintuhna.’ 31Walon bapana: ‘Anaking, ujang mah kapan jeung bapa bae; jeung deui, banda bapa teh, nya banda ujang keneh. 32Asa pantes, urang ayeuna sukan-sukan suka bungah sabab adi ujang anu sasatna geus paeh, ayeuna hirup deui; anu leungit, datang deui.’ ”

will be added

X\