LUKAS 14

1Dina hiji poe Sabat, Isa sindang tuang ka hiji pepentol urang Parisi. Tamu-tamu sejenna, kacida ngarawaskeunana ka Anjeunna. 2Sabot kitu, jol aya jelema busung ngadon nangtung payuneuna-Na. 3Anjeunna ngalahir ka ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, saur-Na, “Meunang Kaula nyageurkeun ayeuna dina poe Sabat?” 4Maranehna teu ngajawab. Tuluy ku Anjeunna, — nu busung teh, dicepeng leungeunna — busungna dicageurkeun; geus kitu, dipiwarang indit. 5Anjeunna sasauran deui, “Lamun kalde atawa sapi aranjeun tigebrus ka jero sumur dina poe Sabat, naha moal ditulungan?” 6Euweuh anu sanggup ngajawab. 7Ku Anjeunna katiten, yen tamu-tamu teh bangun parebut tempat terhormat. Pok, Anjeunna ngalahir, saur-Na, 8“Lamun aranjeun pareng aya nu ngondang kana hajat kawinan, ulah diuk di tempat terhormat, bisi geus disadiakeun pikeun tamu anu leuwih luhur batan aranjeun. 9Ulah nepi ka ditegor ku nu boga hajat: Ngalih, ieu mah kangge juragan anu. Meureun aranjeun kaisinan kudu pindah ka tempat nu pangtukangna. 10Lamun datang ka nu hajat, diuk teh, mending di tempat nu pangbocetna bae. Teu mustahil nu boga hajatna muru ka anjeun bari ngahaturanan: Sae ngalih ka ditu, ka payun! Meureun aranjeun teh asa diajenan di hareupeun tamu-tamu sejenna. 11Sabab saha-saha anu ngunculkeun maneh, bakal direndahkeun. Saha-saha anu ngarendahkeun maneh, bakal diunculkeun.” 12Saurna deui, ka nu nuangkeun ka Anjeunna, “Bisi anjeun aya niat hajat, — beurang atawa peuting — nu diondang teh ulah ngan sobat-sobat, dulur-dulur, kulawarga, atawa tatangga-tatangga anu baleunghar bae anu kuateun males ngondang nepi ka anjeun meunang pamulangtarimana. 13Rek ngondang mah ka nu miskin, ka nu cacad, ka nu lumpuh, ka nu lolong. 14Tangtu bakal karasa kumaha bagjana rarasaan, najan maranehna mah moal kuat ngabales da taya kaboga. Babalesna mah pasti katarima ku anjeun dina poean hudangna jelema-jelema anu balener.” 15Geus kitu, tamu nu saurang mihatur ka Isa, “Bagja temen jalmi anu bakal dijamu di Karajaan Allah.” 16Tapi saur Isa ka manehna, “Aya anu nyieun hajat gede, ngondangan loba pisan. 17Sanggeus hajatna arek der ngamimitian, manehna nitahan bujang-bujangna sina ngahaturanan ondangan-ondangan: Mangga geura sarumping, parantos sayagi. 18Tapi nu diarondangna, kabeh marenta ditawakup. Cek saurang: Tawakup bae, kakara tas meuli kebon, hayang ngilikan heula. 19Cek nu sejen-sejenna: Tawakup bae, kakara tas meuli sapi kabiri lima rakit, rek dicobaan. 20Aya oge anu akon-akon anyar kawin jadi teu bisa datang. 21Bujang-bujang teh, lalapor ka dununganana. Jawab dununganana bari ambek: Teang ka jalan-jalan cagak; anu miskin, anu cacad, anu lolong, jeung anu lumpuh, sina ka darieu. 22Bujang-bujang teh lalapor deui: Pamundut parantos dilakonan, nanging tempat aya keneh anu kosong. 23Cek dununganana: Teang deui ka jalan-jalan jeung sisimpangan-sisimpangan. Sakur nu kapanggih bawa ka dieu, paksa bae, supaya imah kami pinuh. 24Cek Kaula ka andika: Ti nu geus diarondang mah saurang ge moal aya anu milu ngasaan kumaha ni'matna kadaharan Kami.” 25Hiji mangsa, anu naluturkeun Isa teh kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy sasauran ka maranehna, 26“Anu rek milu ka Kami, tapi henteu iklas ninggalkeun bapa, indung, pamajikan, anak, dulur lalaki, dulur awewe, jeung ka diri sorangan, moal bisa jadi murid Kami. 27Anu embung manggul salib, tapi hayang milu ka Kami, moal bisa jadi murid Kami. 28Sabab upama bae maraneh rek nyieun munara, naha lain kudu ngitung-ngitung heula piongkoseunana: Cukup atawa moal nepi ka eta pagawean anggeus. 29Engke, hanas rarancang geus nangtung, tapi anggeus henteu; kapan jadi piomongeun batur: 30Humayua make hayang ngabangun, ari nganggeuskeun teu bisa. 31Atawa raja mana anu arek mapag perang henteu ngitung-ngitung heula sanggup henteuna ku serdadu salaksa ngalawan musuh anu perjuritna dua laksa? 32Mun teu sanggupeun, tangtu musuh anu jauh keneh teh dipapag ku utusanana anu kudu mawa badami ngajak dame. 33Nya kitu deui maraneh, saha bae, ari teu iklas ninggalkeun sakabeh nu jadi milik mah, moal bisa jadi murid Kami. 34Uyah teh gede gunana, tapi lamun jadi tiis taya rasana, rek bisa asin ku naon deui? 35Keur lahan taya gunana, keur gemuk kitu keneh, iwal ti kudu dipiceun. Anu rumasa ceulina paranti ngadenge, pek pake ngadenge!”

will be added

X\