LUKAS 13

1Harita, aya sababaraha jelema wawartos ka Isa ngeunaan sawatara urang Galilea, anu carekna mah getihna ku Pilatus dicampurkeun kana getih sato anu ku maranehna keur dikurbankeun. 2Waler Isa, “Na dikira ku maraneh, eta urang-urang Galilea teh leuwih doraka ti batan urang Galilea umumna, pedah nasibna nepi ka kitu? 3Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan ge, ari henteu tarobat mah, tangtu cilaka kawas kitu. 4Nya kitu deui jelema-jelema anu dalapan belas urang, anu katinggang munara deukeut kota Siloam tea; naha maranehna teh leuwih doraka, batan urang Yerusalem nu lianna? 5Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan oge, ari henteu tarobat mah, tangtu cilaka kawas kitu.” 6Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji misil, saur-Na, “Aya jelema anu boga tangkal kondang di kebon anggurna; tuluy ditanggahan sugan buahan, tapi henteu. 7Pok dibejakeun ka pangebonna, kieu, ‘Geus katilu usum ayeuna, ieu kondang teh unggal diilikan bet teu buahan-buahan. Tuar bae. Keur naon dipiara oge, ngaheurinan bae lahan!’ 8Cek pangebonna, ‘Ingkeun heula juragan sataun deui mah, urang cobi diputer sareng urang gemuk; 9manawi taun payun mah daekeun buahan. Upami teu buahan keneh bae, nembe tuar.’ ” 10Hiji mangsa, poe Sabat, Isa ngawulang di hiji tempat babakti. 11Di dinya aya hiji awewe anu diganggu roh jahat geus dalapan belas taun, nepi ka ngajadikeun panyakit bongkok; bengkung henteu bisa ajeg. 12Ku Isa disaur, tuluy ngalahir, “Ibu, geura cageur!” 13Anjeunna lajeng numpangkeun panangan ka manehna; anu terus cageur saharita keneh, tuluy muji sukur ka Pangeran. 14Tapi kapala tempat babakti mah anggur ambek, dumeh Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat. Pok, manehna, ngomong ka jalma rea, “Aya genep poe, waktu pikeun barang gawe teh. Coba datang ka dieu teh dina antara waktu eta, ari rek menta dicageurkeun mah, ulah dina poe Sabat!” 15Tapi ku Isa diwaler kieu, “Eh, jelema-jelema munapek! Aranjeun, najan keur poe Sabat, lain sok ngencarkeun sapi atawa kalde ti kandang, terus dibawa diinumkeun? 16Ieu awewe teh geus dalapan belas taun dibarogodna ku Iblis, naha ulah dileupaskeun sina bebas; da manehna ge turunan Ibrahim keneh?” 17Diwaler kitu, lawan-lawan Anjeunna jadi areraeun sorangan. Sabalikna, jalma rea mah, — nu nyaksian padamelan Anjeunna anu sakitu mulyana teh — semu saruka pisan. 18Saur-Na deui, “Saibarat naon ari Karajaan Allah? Jeung naon anu bisa dipake ngibaratkeunana? 19Saibarat siki sasawi nu diipuk dipelakkeun, ana geus jadi gede, dahan-dahanna nepi ka bisa dipake nyayang manuk. 20Kana naon deui diupamakeunana Karajaan Allah teh? 21Lir upama ragi, sasiki oge matak bisa ngahaseuman tipung tarigu tilu taker.” 22Isa jengkar, angkat ti kota ka kota, ti desa ka desa bari ngawulang, ngajugjug Yerusalem. 23Aya anu mihatur ka Anjeunna, “Jungjunan, leres kitu anu baris salamet teh mung saeutik?” 24Saur Anjeunna ka maranehna, “Kudu maksakeun maneh asup tina lawang anu sempit. Sabab cek Kami: Loba anu harayangeun asup mah, tapi teu barisaeun. 25Lamun nu boga imah geus tutulak, ari maraneh di luar nya bari keketrok, nya bari ngalengis: Juragan! Juragan! Menta dipangmukakeun panto tea; ku Anjeunna tangtu dijawab: Kami teu nyaho maraneh teh anu ti mana. 26Walon maraneh: Abdi-abdi kantos neda sareng nginum di payuneun Juragan; Juragan ge sok ngawuruk di sisi-sisi jalan di lembur abdi-abdi. 27Tapi saur Anjeunna: Kami teu nyaho maraneh teh anu ti mana. Nyingkah ka dituh, jelema-jelema jahat! 28Tangtu maraneh tinggarerung jeung kekerot huntu! Sabab engke ku maraneh katenjo Ibrahim, Isak, Yakub, jeung kabeh nabi-nabi, geus araya di Karajaan Allah; sedeng maraneh mah, baris dijongklok-jongklokkeun ka luareunana. 29Jeung engke oge katenjo jelema-jelema daratang ti Wetan, ti Kulon, ti Kaler, ti Kidul, ngarariung dalalahar di Karajaan Allah. 30Memang kitu buktina: Aya nu majuna pangpandeurina, ari datangna pangheulana; aya nu majuna pangheulana, ari datangna pangpandeurina.” 31Ti dinya, aya sawatara urang Parisi anu wawartos ka Isa, yen Raja Herodes geus siap arek nelasan ka Anjeunna. Jadi, Anjeunna kudu enggal-enggal angkat ti tempat eta. 32Tapi waler Isa, “Bejakeun ka eta si rubah, kieu: Kami ngusir setan, nyageur-nyageurkeun nu gering, ayeuna jeung isukan; ari dina poe nu katilu, kawajiban Kami baris anggeus kabeh. 33Tapi poe ieu, isukan, atawa pageto, ieu perjalanan ku Kami rek diteruskeun ka ditu. Sabab teu umum, pikeun nabi mah, lamun dipaehanana lain di Yerusalem teh. 34Beu Yerusalem, Yerusalem, tukang maehan nabi-nabi, tukang maledogan utusan-utusan ku batu! Mindeng Kami teh nyileuk hayang ngumpulkeun anak-anak maneh, — lir hayam mepende anak-anakna handapeun jangjang — tapi weleh teu daraekeun. 35Masing inget, saenyana, maneh teh bakal suwung pada naringgalkeun. Cek Kami: Maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang sa'atna maraneh ngucap: Mugi diberkahan Anjeunna, anu sumping ngemban jenengan Pangeran.”

will be added

X\