LUKAS 12

1Sajeroning kitu, rebuan jelema karumpul deui nepi ka pacocok-cocok. Isa ngawulang deui ka murid-murid-Na heula, saur-Na, “Sing ati-ati, ulah nepi kapangaruhan ku ragi kamunapekan urang Parisi. 2Saniskara anu disumput-sumput geus tangtu kabuka atawa anu ku maraneh diucapkeun rerencepan, tangtu bakal kadenge terang-terangan; 3atawa anu diharewoskeun kana ceuli di jero kamar, tangtu bakal diuar-uarkeun tina loteng-loteng. 4Dulur-dulur kami ngingetan: Ulah sieun ku anu ukur bisa ngabinasa kana awak, tapi geus kitu teu bisa nanaon deui. 5Ku Kami rek diterangkeun, saha anu wajib dipikasieun: Anu wajib dipikasieun teh, nya eta Anjeunna anu iasa maehkeun tur kagungan kawasa ngajebloskeun maraneh ka naraka. Sakali deui: Masing sieun ku Anjeunna! 6Piit lima siki, hargana teh lain ngan peperakan bae? Tapi sahiji ge, taya anu dilali-lali ku Allah. 7Malah buuk anu dina sirah maraneh oge, kabeh geus dietang. Ku sabab eta ulah salempang, da pangaji maraneh teh leuwih ti batan piit saabrulan. 8Ceuk Kami: Saha-saha anu ngaku ka Kami di kalangan manusa, Putra Manusa oge baris ngaku ka manehna di hareupeun malaikat-malaikat Allah. 9Sabalikna, anu nampik ka Kami di kalangan manusa, oge bakal ditampik di hareupeun malaikat-malaikat Allah. 10Tiap jelema anu omonganana ngalawan ka Putra Manusa, bisa keneh dihampura. Tapi anu ngagogoreng Ruh Allah mah, moal dihampura. 11Lamun maraneh dijagragkeun ka majelis-majelis, ka pamarentah, atawa ka pembesar-pembesar, ulah bingung kumaha ngomongna enggoning ngabela diri. 12Sabab waktu eta keneh oge, Ruh Allah tangtu mere piomongeun.” 13Ngong ti jalma rea aya anu mihatur ka Isa, “Guru, pangwawadiankeun pun dulur, supados babagi warisan sareng abdi.” 14Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Kisanak, na saha anu ngajenengkeun Kami jadi hakim pikeun mutus urusan maneh?” 15Saur-Na deui ka nu loba, “Kahade sing ati-ati, ulah hawek. Sabab jelema teh, najan sugih mukti beurat beunghar; umurna mah, henteu gumantung kana harta kakayaanana.” 16Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji misil ka maranehna, saur-Na, “Aya jelema beunghar, hasil bumina mucekil. 17Ngomong dina hatena: Kumaha nya peta, ieu hasil bumi teh di mana deui nyimpenna. 18Wah kieu bae: Gudang-gudang nu geus aya dirombak, nyieun deui anu leuwih gede keur sisimpenan, boh gandum, boh barang-barang sejenna. 19Terus aing rek ngogo maneh: Tah, banda enggeus loba, numpuk nyusun mahi keur mangtaun-taun; pek reureuh, dahar, nginum, senang-senang! 20Tapi Allah ngadawuh ka manehna: Eh, nu gejul, peuting ieu keneh nyawa maneh baris dicabut ku Kami! Cik keur saha engke eta banda beunang kukumpul teh? 21Tah kitu, balukarna jelema anu ngumpul-ngumpul bae kabeungharan keur sadirieunana bari jeung henteu beunghar di payuneun Allah teh.” 22Isa ngalahir ka murid-murid-Na deui, “Ku sabab eta, Kami rek ngawawadian ka maraneh: Pikeun hirup ulah salempang ku pangan; pikeun awak ulah salempang ku sandang. 23Sabab penting keneh hirupna, ti batan pangan; penting keneh awakna, ti batan sandang. 24Pek titenan manuk gagak, tara teuing tandur, tara dibuat, teu boga gudang atawa leuit, tapi ku Allah teu burung diparaban. Komo deui maraneh, anu jauh tangeh pangajina ti batan gagak! 25Naha ari ku salempang teh maraneh pibisaeun nyambung jalaning hirup barang saasta? 26Ari rumasa teu sanggup nyieun barang anu paling teu pira, naon gunana salempang ku hal-hal sejen? 27Perhatikeun kembang bakung, tara nganteh tara ninun, tapi cek Kami: Raja Sulaeman anu sakitu agungna, panganggona mah eleh alus ku kembang bakung. 28Kitu oge jukut di tegalan, anu poe ieu aya keneh isukna geus diawurkeun kana seuneu, ku Allah teu burung diropea; atuh komo deui maraneh, eh anu karurang iman! 29Kitu nu matak ulah sok ngarasula, sieun teu dahar, sieun teu make, barina jeung leutik hate. 30Memang eta hal teh, ku jelema-jelema anu teu wawuh ka Allah mah, ditareang. Nanging Rama maraneh mah uninga, yen maraneh teh butuh ku sagala kaperluan eta. 31Teangan heula Karajaan Anjeunna, da pangabutuh hirup mah tinangtu ku Anjeunna diwuwuhan. 32Ulah honcewang, eh barisan leutik! Sabab ku kersaning nu jadi Rama, maraneh teh ginanjar eta Karajaan. 33Jual kabeh harta milik, sidekahkeun! Kudu boga pepeten anu teu keuna ku ruksak, nya eta banda sawarga nu moal aya sudana, moal kagadabah ku bangsat, jeung moal diruksak ku geget. 34Sabab di mana ayana harta banda maneh, di dinya hate maneh cumantelna.” 35“Sing caringcing, sing saringset taki-taki, jeung ulah pareumeun damar. 36Maraneh teh sing kawas nu keur ngadago-dago dunungan ti nu hajat ngawinkeun, supaya di mana dunungan datang keketrok, maraneh bisa gancang muka panto. 37Untung bujang anu ku dununganana kasampak nyaring. Cek Kami: Dununganana tangtu singkil, nitah dalahar ka maranehna bari seug ngalaladenan. 38Lamun datangna tengah peuting atawa janari, untung bujang-bujang anu kasampak nyaring ngadago. 39Maraneh nyaho: Lamun nu boga imah nyaho iraha-irahana bangsat pidatangeunana, tangtu taki-taki, moal ngantep imahna dibongkar. 40Maraneh oge, kudu waspada; sabab Putra Manusa teh, datang-Na teu kataksir ti anggalna.” 41Petrus mihatur, “Jungjunan, eta misil teh nujul ka abdi-abdi bae atanapi ka sadayana?” 42Saur-Na, “Cik, pangawas rumah tangga anu mana nu geten tulaten, anu ku dununganana bakal diangkat ngapalaan bujang-bujang sejen, baris mere dahar ka maranehna dina waktuna? 43Untung eta bujang teh, lamun dununganana datang kasampak manehna keur ngalakonan papancen. 44Cek Kami: Ku dununganana, manehna, bakal diangkat kana ngurus sakabeh harta bandana. 45Sabalikna, lamun eta gandek nyangka dununganana moal tereh-tereh datang, bari tuluy nyiksa ka nu pada-pada bubujang jeung lalanjang; ari manehna ngadon dahar, nginum, jeung mabok. 46Ana kurutak dunungan datang dina poe jeung waktu anu jauh tina sangkaanana, munasabah lamun ku dununganana nepi ka disiksa oge, sina sanasib jeung jelema-jelema anu barengkok sembah. 47Gandek anu nyaho kana karep dunungan, tapi henteu parigel atawa henteu jeung prakna ngalakonan karep dunungan, tangtu dirangketan pupuasan. 48Sabalikna, gandek anu teu nyaho kana karep dunungan, nepi ka nyieun kasalahan anu balukarna matak dirangket, dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui dipentana; anu kacida dipercayana, leuwih gede deui tanggung jawabna.” 49“Kami datang rek ngalungkeun seuneu ka ieu bumi, bari kacida ngarep-ngarepna, sing hurung eta seuneu teh! 50Kami wajib meunangkeun baptisan; samemeh eta kasorang, Kami kacida susahna! 51Naha panyangka teh Kami datang rek mawa karapihan ka ieu bumi? Lain, cek Kami: Lain mawa karapihan, tapi mawa picekcokkeun. 52Sabab mimiti ti semet ieu, antara lima urang di sahiji imah bakal cekcok, tilu lawan dua, dua lawan tilu. 53Maranehna bakal cekcok: Bapa jeung anak lalaki; anak lalaki jeung bapa; indung jeung anak awewe; anak awewe jeung indung; mitoha awewe jeung minantu awewe; minantu awewe jeung mitoha awewe.” 54Saur-Na deui ka jalma rea, “Mun di langit beulah kulon aya mega, cek maraneh bakal hujan jeung enya hujan. 55Mun angin niup ti kidul, cek maraneh bakal panas poe jeung enya panas poe. 56Eh, jelema-jelema munapek, kana galagat bumi jeung langit maraneh tenget! 57Jeung ku naon teu barisa nimbang-nimbang perkara nu pibenereun? 58Benerna, lamun maraneh ku nu jadi lawan dibawa ka pangadilan, meungpeung di jalan keneh ulah weleh ihtiaran nepi ka lawan daekeun akur, supaya maneh teu tulus dikahakimkeun. Lamun henteu kitu, manehna tangtu bakal nyelehkeun maneh ka nu wajib, maneh dijebloskeun ka jero panjara. 59Cek Kami: Maneh moal kaluar-luar ti dinya, samemeh hutang maneh lunas.”

will be added

X\