LUKAS 11

1Hiji mangsa Isa neneda di hiji tempat. Anggeus neneda-Na aya murid anu mihatur, “Jungjunan, ajar abdi-abdi neneda, sapertos Yahya ka murid-muridna.” 2Saur Isa, “Ari maraneh neneda teh kudu kieu: Nun Ama, jenengan Ama mugi disucikeun. Karajaan Ama mugi dongkap. 3Mugi abdi-abdi dipaparin tedaeun sadidintenna. 4Sareng mugi dihapunten nya dosa, rehing abdi-abdi oge parantos ngahampura ka batur anu aya lepatna ka abdi-abdi; sareng mugi abdi-abdi ulah dicandak kana dodoja.” 5Saur-Na deui, “Upama maraneh, datang ka imah sobat tengah peuting arek nginjeum roti tilu siki, 6pedah kadatangan sobat anu kapeutingan sarta teu boga keur nyuguhan; 7piraku ki sobat tega ngajawab embung diganggu da geus tutulak, geus harees wegah hudang wegah merean. 8Cek Kami: Sakumaha wegaheunana hudang pikeun nedunan pamentana nu jadi sobat tea, tapi ku sabab nu mentana teh, keukeuh; tungtungna mah, tangtu hudang pikeun nedunan kaperluan sobatna. 9Kitu nu matak cek Kami: Penta, tangtu dibikeun. Teangan, tangtu kapanggih. Keketrok, tangtu dibuka. 10Sabab saha-saha anu menta, tangtu dibere; saha anu neangan, tangtu manggih; saha-saha anu ngetrok-ngetrok, tangtu dipangmukakeun panto. 11Bapa mana, lamun anakna menta lauk, ana sok dibere oray! 12Atawa mun menta endog, ana sok teh kalajengking! 13Jadi, lamun maraneh anu doraka nyaho keneh mere anu matak mangpa'at ka anak, geus komo Rama maraneh nu di sawarga mah! Pek, ka Anjeunna suhunkeun Ruh Allah, tangtu dipaparinkeun.” 14Hiji mangsa, Isa ngusir setan anu ngabisukeun hiji jelema. Sanggeus setan tea nyingkah, nu pireuna bisaeun deui ngomong, matak bengong jalma rea. 15Tapi wet aya anu nyeletuk kieu, “Ngusirna setan teh make kawasa Beelsebul, gegedug setan.” 16Aya oge anu ka Anjeunna menta tanda ti sawarga, maksudna ngadoja. 17Tapi Isa tingalieun kana niatna, lajeng nyarios, “Karajaan mana oge ari baruntak mah tangtu ruksak, rumah tangga anu baruntak tangtu ambruk. 18Iblis oge kitu, ari baruntak jeung merangan batur sorangan mah, karajaanana teh kumaha rek bisa tagen? Cek maraneh, Kami ngusir setan teh make kawasa Beelsebul. 19Lamun Kami ngusir setan make kawasa Beelsebul, ari balad aranjeun ngusirna rek make kawasa naon? Tangtu maranehna bakal nyalahkeunana teh ka aranjeun. 20Tapi ku sabab Kami ngusir setan ku kawasa-Na Gusti, eta saenyana, nandakeun yen Karajaan Allah teh geus aya di aranjeun. 21Upama anu ngajaga imahna sorangan teh, jelemana, gagah tur pakarangna lengkep. Harta kakayaanana, tangtu aman. 22Tapi lamun diserang tepi ka elehna ku anu leuwih gagah, pakarang andelanana tangtu dirangsadan, harta kakayaanana dirampas dipajorewatkeun. 23Anu henteu saihwan jeung Kami, tandaning ngalawan. Anu henteu sabeungkeutan jeung Kami, tandaning ngabaruntakkeun.” 24“Di mana roh jahat geus ingkah ti hiji jelema, sok ngulayab neangan panonoban nu suni. Ana teu manggih, pok ngomong sorangan, ‘Aing rek balik deui ka imah anu bareto.’ 25Barang diteang deui, kasampak urut enggonna teh geus lalingih beresih jeung bareres. 26Eta roh jahat teh, leos indit heula neangan batur. Sanggeus meunang tujuh roh sejen anu leuwih jahat, terus bareng nyurup. Tungtungna, — jelema anu diranjingan teh — kaayaanana, jadi leuwih sangsara ti bareto.” 27Sabot Anjeunna sasauran keneh, ngong ti tengah jalma rea aya wanita ngomong kieu ka Anjeunna, “Bagja temen ibu anu kantos ngakandung Anjeun sareng pinareup anu kantos nginangan Anjeun.” 28Tapi waler-Na, “Anu bagja tea mah, anu ngaregepkeun dawuhan-dawuhan Allah bari jeung ngalakonanana.” 29Waktu Isa dirarubung deui ku jalma rea, Anjeunna nyarios, “Ieu umat jaman kiwari teh, umat anu doraka. Maranehna menta tanda, tapi taya tanda anu rek ditembongkeun iwal ti tanda Nabi Yunus. 30Sabab sakumaha Nabi Yunus geus jadi tanda pikeun urang nagara Ninewe, nya kitu Putra Manusa oge bakal jadi tanda pikeun umat jaman kiwari. 31Dina poean pangadilan, ratu anu ti Kidul tea, baris muncul bareng jeung ieu umat sarta baris ngahukum ka maranehna. Sabab ieu ratu teh, geus merlukeun sumping ti tungtung bumi ku hayang-hayangna nyaksikeun kapinteran Raja Sulaeman. Padahal anu ayeuna keur jonghok di dieu teh, leuwih ti batan Raja Sulaeman! 32Oge urang nagara Ninewe, dina poe pangadilan tea bakal muncul bareng jeung ieu umat sarta baris ngahukum ka maranehna. Sabab urang nagara Ninewe mah, barang ngadarenge embaran ti Nabi Yunus teh, buru-buru tarobat. Saenyana, anu keur jonghok ayeuna di dieu teh leuwih ti batan Nabi Yunus!” 33“Sing saha ge, moal aya anu nyeungeut lampu keur teundeuneun di kolong dipan atawa turubaneun ku gentong. Tangtuna, keur teundeuneun dina parantina, supaya nyaangan ka nu araya di imah. 34Sakumaha panon minangka palita awak: Lamun panon walagri, sakujur awak caang; lamun panon ruksak, sakujur awak poek. 35Nya kitu pisan kudu diperhatikeun, supaya terangna caang diri urang teh ulah nepi ka robah jadi poek. 36Lamun sakujur diri urang caang, taya babagian anu kapoekan; sakujurna tangtu caang, sakumaha lampu anu cahayana nyaangan ka urang.” 37Satamatna Isa ngawulang, Anjeunna diondang tuang ku hiji urang Parisi. Ku Anjeunna ditedunan, lajeng tuang. 38Eta urang Parisi ngarasa heran, dumeh Anjeunna memeh tuang teh henteu wawasuh heula panangan. 39Tapi Anjeunna ngalahir, “Aranjeun mah, urang Parisi! Ari barang sipat lahir kayaning cacangkir jeung pinggan dikumbah, ari batin pinuh ku napsu rarampas jeung kajahatan-kajahatan lianna. 40Aranjeun teh kabalinger! Ari anu dijadikeun ku Allah teh naha lain sipat lahir ongkoh, sipat batin ongkoh? 41Sidekahkeun eta nu sipat batin teh, supaya diri aranjeun sagemblengna ngajadi beresih. 42Tapi cilaka aranjeun, urang Parisi! Sabab ari sereh, jinten jeung bangsa sayur-sayuran perpuluhanana ku aranjeun dibayar, ari murah asih jeung kaasihan Allah ditoker. Benerna mah, lakonan anu sarupa, anu sarupa deui oge ulah dipopohokeun. 43Cilaka aranjeun, urang Parisi! Sabab aranjeun, ari di tempat ibadah resep diuk nyongcolang-nyengceling; kitu deuih di pasar-pasar, aranjeun teh resep kana narima panghormat teh. 44Cilaka aranjeun teh! Sabab teu beda ti makam anu teu make tetengger, anu laliwat teu nyarahoeun yen nincak makam.” 45Aya saurang ti antara ahli-ahli Kitab anu nempas kieu, “Guru, ana kitu Anjeun teh ngahina oge ka golongan kaula!” 46Ku Anjeunna diwaler, “Aranjeun oge ahli-ahli Kitab, cilaka! Sabab aranjeun ngabugbrugkeun momotan leuwih ti ukuran ka batur. Ari aranjeun sorangan mah, noel ge henteu. 47Cilaka aranjeun, sok nyieun makam nabi-nabi; padahal, eta nabi-nabi teh, beunang maehan karuhun aranjeun. 48Pagawean aranjeun kitu teh nuduhkeun, yen aranjeun satuju kana kalakuan karuhun. Karuhun anu maehan nabi-nabi-Na, aranjeun anu nyieun makamna. 49Pantes carek ujaring hikmat Allah: Kami baris ngutus ka maranehna nabi-nabi jeung rasul-rasul, nu sawareh ku maranehna bakal dibinasa; kitu deui nu sawarehna, ku maranehna teh bakal dikaniaya, 50supaya ieu umat kiwari, nandangan wawales getih sakabeh nabi anu geus dikucurkeun ti barang dunya gumelar. 51Mimiti ti getih Habil nepi ka getih Jakaria anu dipaehan antara mezbah jeung Bait Allah. Sakali deui, cek Kami: Eta kabeh baris dipenta ka ieu umat kiwari. 52Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab! Sabab aranjeun nyumputkeun koncining pangaweruh kana Toret; aranjeun sorangan teu asup ka dinya, ari batur anu seja arasup dihalang-halang!” 53Sanggeus Anjeunna angkat ti dinya, ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi teh henteu weleh ngintip-ngintip picilakaeun Anjeunna bari hantem ngadoja ku rupa-rupa sual. 54Estuning dipancing-pancing diarah lepat saur-Na, supaya bisa ditangkep.

will be added

X\