LUKAS 10

1Geus kitu, Jungjunan urang nujul murid-murid sejen tujuh puluh urang, diutus duaan-duaan; nya sina ngadatangan kota-kota jeung tempat-tempat lianna anu bakal disumpingan ku Anjeunna. 2Saur-Na, “Pibuateun teh lega, ari nu dibuat ngan saeutik. Perlu nyuhunkeun ka Anu kagunganana, supaya ngintun jelema-jelema keur ngagarapna. 3Bral didoakeun; sabab maraneh diutus ka ditu teh, lir domba anu dikeprik ka tengah ajag. 4Ulah mawa rajut duit atawa bekel, ulah mawa tarumpah, jeung sapanjang di jalan ulah uluksalam ka sasaha. 5Memeh asup ka imah batur, uluksalam heula: Sing wilujeng nu kagungan bumi! 6Upama uluksalam maraneh dijawab sapantesna, tandaning katarimaeun. Upama teu dipalire, teureuy deui bae eta uluksalam teh. 7Upama ditarima, pek nganjrek di dinya, susuguhna tarima, boh dahareun atawa inumeun; — sabab baranggawe teh, wajib meunang upah — jeung ulah pundah-pindah. 8Mun maraneh datang ka hiji kota sarta ditarima, susuguhna tarima. 9Mun aya anu garering cageurkeun, jeung bejakeun yen Karajaan Allah bakal tereh ngadeg di dinya. 10Tapi lamun eta kota embungeun nampa, papay jalan-jalan gedena bari cumeluk kieu: 11‘Sanajan lebuna pisan, kekebul ieu kota anu napel kana suku kuring, ayeuna dikebutkeun hareupeun panon aranjeun. Tapi ayeuna geura tengetkeun: Karajaan Allah tereh ngadeg!’ 12Cek Kami: Di mana cunduk waktuna, anu bakal karandapan ku nagara Sadumu, bakal leuwih enteng ti batan eta kota.” 13“Cilaka maneh tanah Korasin! Cilaka maneh tanah Betsaida! Sabab lamun heug mujijat-mujijat anu karandapan ku maraneh teh, karandapanana ku nagri Tirus jeung Sidon; ti bareto keneh oge, tangtu maranehna geus tarobat dibarung jeung prihatin. Za. 9:2-4* 14Engke dina poean nibankeun kaadilan, anu bakal karandapan ku Tirus jeung Sidon bakal leuwih enteng ti batan anu bakal karandapan ku maraneh. 15Oge maneh, tanah Kapernaum! Pangrasa teh bakal dijungjung tepi ka langit? Lain kitu: Maneh bakal tigeblus ka jero Karajaan almaot!” 16Geus kitu, Anjeunna sasauran ka murid-murid-Na, kieu, “Sing saha anu daek ngadenge ka maraneh, eta teh daek ngadenge ka Kami. Sing saha anu nampik ka maraneh, eta teh nampik ka Kami. Sing saha anu nampik ka Kami, eta teh nampik ka Allah anu ngutus Kami.” 17Murid-murid, anu tujuh puluh tea, geus baralik semu gumbira. “Jungjunan,” cek maranehna “setan-setan oge taluk ka abdi sadaya pedah nguping jenengan Jungjunan!” 18Saur Isa, “Ku Kami katenjo si Iblis ragrag lir kilat ti langit. 19Saenyana maraneh ku Kami geus dibekelan kawasa pikeun nincakan oray jeung kalajengking, nya kitu deui kakuatan pikeun ngalawan kakuatan musuh, nepi ka euweuh bahayana ka maraneh. 20Tapi bungah teh, ulah pedah roh-roh tea taraluk ka maraneh; kudu bungah teh ku sabab ngaran maraneh geus aya dina daptar di sawarga.” 21Saharita keneh, ku pangaruhna Ruh Allah, Isa ngaraos bingah sakalangkung; kedal lisan-Na kieu, “Hatur nuhun, nun Ama Jungjunanning bumi langit, wireh eta sadaya perkawis ku Ama dirasiahkeun ka nu palinter sareng terpelajar, nanging ku Ama dibukakeunana teh ka jalma-jalma leutik. Nuhun, nun Ama, wireh kagungan pangersa kitu. 22Sagala rupi perkawis ku kersa Ama parantos dipasrahkeun ka Jisim Abdi sareng moal aya anu terang ka Putra lintang ti Kangjeng Rama; moal aya nu terang ka Kangjeng Rama, lintang ti Putra sareng jalmi-jalmi anu ku Putra bade dipasihan terang.” 23Geus kitu, Anjeunna ngareret ka murid-murid, terus sasauran ka maranehna, saur-Na, “Kacida bagjana panon anu bisa nenjo anu katenjo ku maraneh teh. 24Sabab saenyana, cek Kami: Loba nabi-nabi jeung raja-raja anu harayang nenjo ka eta anu katenjo ku maraneh teh, tapi teu aya nu pareng. Oge loba anu harayang ngadenge anu kadarenge ku maraneh teh, tapi taya nu diparengkeun.” 25Hiji mangsa, aya hiji ahli Kitab arek ngadoja ka Isa, pokna, “Kudu kumaha ieu simkuring, supaya tinemu sareng hirup anu langgeng?” 26Waler-Na, “Kumaha cek pangajaran Toret? Naon anu kabaca?” 27Walonna, “Kudu wedi asih ka Pangeran Allah nu disembah ku maneh, ku hate, ku jiwa, ku akal budi, sakuat tanaga. Jeung: Kudu nyaah ka batur sing cara ka awak sorangan.” 28Saur Isa, “Bener kitu. Pek lakonan, tangtu tinemu jeung hirup.” 29Tapi eta ahli Kitab teh hayang bener sorangan, pok deui ngadoja, “Saha sasamaning hirup simkuring teh?” 30Waler Isa, “Aya anu nyaba, mudun ti Yerusalem ka Yeriko. Manehna dipegat ku begal. Tuluy babawaanana dirampog jeung awakna dipahala; sanggeus kitu, lur bae manehna ditinggalkeun satengah paeh. 31Kabeneran aya imam ngaliwat ka dinya, korban rampog katenjoeun, tapi manehna teh anggur nguriling jalanna. 32Lar deui saurang, kaom Lewi; barang nenjoeun ka eta korban, oge nguriling kawas nu tadi. 33Ti dinya, jol urang Samaria eukeur nyaba, ngaliwat ka dinya. Barang ret ka nu cilaka, hatena ngaleketey awahing ku karunyaeun. 34Geuwat diboro, raheutna dibeberan, terus dikucuran ku minyak jeung ci anggur. Geus kitu, diunggahkeun kana kalde tungganganana, terus dibawa ka hiji panginepan sarta dirawatan. 35Isukna, manehna mikeun duit ka nu boga panginepan, bari omongna, ‘Pangrawatankeun. Ieu keur ongkosna. Bisi kurang, engke bae digantian bari balik.’ 36Cik, di antara eta nu tiluan, saha sasamaning manusa eta korban rampog teh?” 37Jawabna, “Anu nembongkeun karunya ka manehna.” Saur Isa, “Bener, pek turutan!” 38Di satengahing perjalanan, Isa samurid-murid anjog ka hiji desa, ditampi ku hiji wanita ngaran Marta. 39Marta boga dulur hiji, ngaranna Maryam. Maryam gek diuk, emok deukeut kana sampean Jungjunan, ngabandungan cariosana-Na. 40Ari Marta pakpikpek sasadiaan. Geus kitu, Marta unjukan ka Anjeunna, pokna, “Jungjunan, bade diantep bae eta pun dulur ngeunah-ngeunah, ari abdi repot sosoranganan ngalalayanan? Piwarang mantuan atuh!” 41Tapi ku Jungjunan diwaler, “Marta, Marta! Teu kudu salempang bari ngarerepot maneh sagala rupa. 42Ieu nu perlu teh, turutan: Maryam mah geus milih anu utama, tur moal ucul deui ti dirina.”

will be added

X\