LUKAS 1

1Teopilus anu mulya! Hal-hal anu kapungkur kajadian di urang teh, parantos seueur anu nyeratkeun; 2anu sumberna asal ti jalmi-jalmi anu kantos nyaraksian sorangan ti ngawitanana sareng ti guru-guru Injil. 3Kitu nu mawi, saparantos ku simkuring taliti ditalungtik ti awit-awitna, ayeuna sumeja dibukukeun kalayan teratur, aoseun anjeun, 4supados kauninga yen ajaran anu katampi ku anjeun teh memang leres. 5Waktu tanah Yudea dirajaan ku Raja Herodes, aya hiji imam ti kaum Abia, jenenganana Jakaria. Istrina, jenenganana Elisabet; saruana, turunan Harun. 6Eta Istri pameget teh, ahli ibadah anu taya kuciwana sarta ta'at kana dawuhan jeung pangersa Allah. 7Aranjeunna teh, teu kagungan putra sabab Elisabet gabug; turug-turug duanana geus sarepuh pisan. 8Hiji mangsa, waktu kaumna meunang giliran, Jakaria kedah ngimaman di payuneun Pangeran. 9Sabab waktu dilotre pikeun nangtukeun saha-sahana anu kedah ngukus di Bait Suci saperti biasa, lotrena, keuna ka anjeunna. 10Sabot anjeunna di lebet, jamaah kumpul di tepas bari ngadaru'a. 11Sabot kitu, aya malaikat nembongan ka Jakaria, ngadeg deukeut pangukusan. 12Jakaria ngarenjag, kaget jeung sieun. 13Malaikat teh ngalahir, “Ulah sieun, Jakaria. Doa panyambat maneh geus dikabul. Bojo maneh, Elisabet, bakal ngalahirkeun anak lalaki. Pingaraneunana Yahya. 14Maneh tangtu baris bagja di mana eta geus lahir. Malah loba anu milu atoh. 15Sabab eta budak bakal jadi abdi Allah anu kamashur. Moal nginum anggur atawa inuman-inuman keras, malah ti keur dikandungna keneh oge geus dilinggihan ku Ruh Allah. 16Ku lantaran manehna, urang Israil bakal loba anu eling deui ka Pangeran, Allah nu disembah ku urang Israil. 17Ku Allah diutus ti heula sarta dipaparinan roh jeung kakawasaan Nabi Elias, pikeun ngageuing supaya bapa areling ka nu jadi anak sarta nu wangkelang sina nyaho kana bebeneran. Ku jalan kitu, manehna teh nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu tarapti ngabdi ka anu jadi Jungjunanna.” 18Jakaria mihatur, “Ieu perkawis kumaha nya bade ngabukti! Abdi parantos kolot, pun bojo pon kitu keneh.” 19Waler malaikat, “Kami teh Jibril, anu salawasna aya di payuneun Allah. Ayeuna diutus ka maneh, mangnepikeun hal anu sakitu matak bungahna. 20Ku sabab maneh henteu percaya, maneh bakal bisu, sama sakali moal bisa ngomong nepi ka ieu perkara ngabukti.” 21Sajeroning kitu, anu ngarantosan anjeunna kacida hareraneunana lantaran sakitu lilana di lebet. 22Sanggeus anjeunna ka luar bari teu iasa sasauran, kajudi yen di lebet aya titingalianana. Ku sabab jadi bisu, anjeunna ngan iasa pepeta. 23Sanggeus rengse tugasna, anjeunna mulih deui. 24Teu lila ti harita, Elisabet, istrina bobot, nepi ka lima bulan ngerem maneh di bumi. 25Saurna, “Ieu pangersa Pangeran, geus ngaleungitkeun wiwirang simkuring di masarakat.” 26Dina bulan nu kagenep, Allah ngutus deui Jibril ka hiji kota di Galilea anu ngaran Nasaret; 27nepangan Siti Maryam, parawan anu keur papacangan jeung Yusup, turunan Daud. 28Sanggeus lebet, malaikat teh uluksalam ka Maryam, saurna, “Assalamualaikum, eh anjeun anu dirahmat. Pangeran nyarengan ka anjeun.” 29Nguping anu uluksalam, Maryam ngagebeg bari ngamanahan pimaksudeunana. 30Malaikat sasauran deui, “Ulah sieun, Maryam! Anjeun teh meunang sapa'atna Gusti Allah. 31Anjeun bakal ngandung, terus ngalahirkeun anak lalaki. Ku anjeun kudu dingaranan Isa. 32Eta budak bakal agung sarta bakal disarebut Putra Allah Anu Maha Agung. Ku Gusti Allah bakal dileler singgasana Daud, karuhun-Na, 33sarta sapapanjangna bakal ngarajaan, kaom turunan Yakub, ari Karajaana-Na moal aya piahireunana.” 34Maryam mihatur, “Nanging kumaha pibuktoseunana, da abdi teh acan gaduh salaki?” 35Waler malaikat, “Anjeun bakal disumpingan ku Ruh Allah jeung ku kakawasaan Allah Nu Maha Agung. Kitu nu matak, anu rek dilahirkeun ku anjeun teh bakal disarebut suci, Putra Allah. 36Jeung deui, Elisabet baraya anjeun, anu disarebut gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna teh keur ngandung budak lalaki, geus kagenep bulan ayeuna. 37Ari kanggo Allah mah, henteu aya anu mustahil.” 38Pihatur Maryam, “Simabdi, abdi Pangeran sumeja ngiringan, satimbalan mugi tinekanan.” Geus kitu malaikat teh mulih. 39Heuleut sawatara waktu ti harita, Siti Maryam angkat ka hiji kota pagunungan di tanah Yuda, 40ka bumina Jakaria, tuluy uluksalam ka Elisabet. 41Barang Elisabet ngadangu sora Maryam, jabang bayi dina kandunganana usik-usikan sarta anjeunna kalinggihan Ruh Allah; 42tuluy anjeunna ngawaler, “Mugia anjeun mendak berkah di kalangan sadaya wanita, nya kitu deui Anu ku anjeun keur dibobotkeun. 43Naon atuh diri ibu teh, nepi ka disumpingan ku anu jadi ibu-Na nu dipigusti? 44Sayaktosna, waktu sora anjeun tepi kana ceuli ibu, ieu anak ibu di jero kandungan anjrug-anjrugan bawaning ku suka. 45Estu bagja jalmi anu percaya kana dawuhan Pangeran ka dirina, sabab sagala dawuhana-Na pasti tinekanan.” 46Pok Maryam sasauran, “Batin abdi ngagungkeun Pangeran. 47Ati sanubari estu bingah karana Allah, Juru Salamet abdi. 48Reh Anjeunna kersa merhatoskeun abdi-Na nu laip. Saleresna, ti semet ieu, turun-tumurun abdi teh bakal disarebut bagja; 49wireh ku Nu Maha Kawasa, diganjar ku dadamelana-Na anu aragung sarta jenengan Anjeunna teh suci. 50Rahmat Anjeunna aya di jalmi anu ajrih ka salira-Na, turun-tumurun. 51Anjeunna mintonkeun kakawasaana-Na, ku dadamelan panangana-Na sareng ku ngubrak-ngabrik jelema nu aradigung. 52Anu karawasa ku Anjeunna dirorod tina tahtana, kaom laip dijungjung luhur. 53Kaom lapar sina sugih ku sugri anu mangpa'at, nu baleunghar sina indit ngaligincing. 54Bangsa Israil, umat-Na, ditulung; reh Anjeunna tigin ka jangji-Na, 55anu didawuhkeun ka karuhun urang, ka Ibrahim katut saturunanana, keur salalamina.” 56Maryam, nganjrekna di Elisabet kurang leuwih tilu bulan lilana, kakara mulih. 57Sanggeus bobotna Elisabet jejeg bulanna, tuluy babar, putrana pameget. 58Tatangga-tatanggana, kitu deui wargi-wargi anu nyarahoeun yen anjeunna kenging ganjaran Pangeran anu taya papadana, kabeh marilu bungah. 59Dina poe nu kadalapan, maranehna dararatang, ngaralayad pikeun nyalametan murangkalih, disepitan bari sakalian dingaranan ngalap ka ramana: Jakaria. 60Tapi saur Elisabet, “Ulah eta. Ngaranna kudu Yahya.” 61Ari cek maranehna, “Jenengan kitu mah, teu aya di wargi-wargi ibu.” 62Geus kitu, maranehna mihatur ka ramana murangkalih ku peta, maksudna nanyakeun, putrana teh rek dijenenganan saha. 63Anjeunna pepeta mundut sabak, tret nyerat, “Ngaran Yahya.” Sarerea bati heran. 64Tapi dadak sakala anjeunna iasa nyarios deui, lajeng sasauran ngamulyakeun ka Gusti Allah. 65Anu marangkuk di daerah eta, sakurilingna, jadi gehger. Saterusna, eta kajadian teh, jadi sabiwir hiji di sakuliah pagunungan Yudea; 66jeung jadi bahan pikiraneun. Cek maranehna, “Rek jadi naon atuh engke eta murangkalih teh?” Kawantu anjeunna teh diaping ku panangan Pangeran. 67Ari Jakaria, ramana, kalebetan Ruh Allah lajeng wawangsit, saurna: 68“Sadaya puji kanggo Pangeran, Allah nu disembah ku Israil. Reh Anjeunna kersa ngalayad sarta ngabebaskeun umat-Na. 69Nya Pangeran nu jadi lantaran bijilna tanduk kasalametan pikeun urang di kalangan turunan Daud, abdi-Na tea; 70— Cocog jeung timbalana-Na, anu dikedalkeun ku parantaraan lalambe nabi-nabi-Na anu suci, baheula — 71yen urang baris disalametkeun: Ti leungeun musuh jeung tina genggeman jalma-jalma anu mikaijid urang. 72Eta teh, tawis pikeun mintonkeun rahmat ka nini aki urang, oge pikeun ngalaksanakeun jangji-Na anu suci, 73— anu didawuhkeun ka Ibrahim, bapa karuhun urang — sarta pikeun maparin kabebasan: 74Malar urang ucul ti leungeun musuh; taya nu dipikasieun, enggoning nedunan ibadah ka Anjeunna 75dina suasana anu suci tur bener di payuneuna-Na, saumur-umur. 76Ari hidep, eh anaking, bakal disarebut nabi Allah, Allah Anu Maha Agung. Sabab hidep bakal lumaku heulaeun Jungjunan, naratas jalan pikeun Anjeunna; 77jeung pikeun mukakeun pangarti umat-Na kana hal hakekat kasalametan, anu make dadasar pangampura dosa; 78sabab rahmat jeung welas asihna Allah, Pangeran urang; anu sumping ngalayad urang, nya eta Anjeunna, Sang Srangenge nu meletek ti manggung, 79pikeun nyaangan sugri anu kumelip di alam poek anu dikungkung ku almaot sarta memener lengkah urang sina nyorang jalan anu aman tur santosa.” 80Ari murangkalih tea, beuki ageung sarta beuki kuat bae jiwana. Ari matuhna, di leuweung kikisik; nepi ka datang waktuna, nya eta pikeun nganyatakeun anjeun ka urang Israil tea.

will be added

X\