YUDAS 1

1Surat ti simkuring, Yudas, — dulurna Yakobus — abdi-Na Isa Al Masih. Dumateng paramitra, anu geus meunang panyaur ti Allah, anu diasih ku Anu jumeneng Rama sarta diraksa ku Isa Al Masih. 2Mugi-mugi saderek-saderek kaseundeuhan ku rahmat rahayu katut nugraha-Na. 3Paramitra sadaya! Memang simkuring teh ngarasa perlu nyuratan ka aranjeun tina perkara kasalametan tea. Tapi ayeuna leuwih karasa perluna nyuratan teh, nya eta pikeun ngelingan ka aranjeun, yen urang teh kacida perluna ngabela iman kapercayaan anu jadi sih kurnia Allah anu langgeng. 4Sabab ayeuna, urang teh geus kaasupan ku sababaraha jelema anu memang kuduna enggeus dihukum; maranehna teh, nyulumun teu kanyahoan sarta ngarobah sih kurnia Allah nu disembah ku urang, ku pangajaran-pangajaran cabul tur mungkir ka nu jumeneng Gusti Panutan urang anu Tunggal, Isa Al Masih. 5Sanajan aranjeun sorangan ge terang kana hal-ihwalna, simkuring tetep seja ngingetan deui. Pangeran memang enya geus ngaleupaskeun umat-Na ti Mesir. Tapi ahirna mah, najan ka umat-Na ge; ari nu angger bedang wangkelang mah, ku Mantenna tetep dibasmi. 6Pangeran geus ngaberok malaikat-malaikat anu naringgalkeun kapangkatanana dumeh ngarasa kurang utama. Ku Pangeran dibarogodan di alam poek mongkleng anu hamo bisa kasorang, nya kari ngadago hukumanana bae dina Poe nu geus dipastikeun. 7Kitu deui, nagara Sadumu jeung Gomora katut kota-kota nu dareukeut ka dinya, nasib pangeusina teu beda ti eta malaikat-malaikat. Ku Pangeran disiksa, — tina sabab jararahat sarta laku lampahna nu kacida aebna — nandangan seuneu naraka anu langgeng, pikeun jadi conto ka nu sejen; 8Jelema-jelema anu nyulumun ka urang tea oge, kitu jahatna. Lantaran percaya kana impian, tuluy bae ngarereged dirina, ngaharina kana kakawasaan Allah jeung kana kawibawaan sawarga. 9Padahal Mikail ku anjeun, anu jadi kapala malaikat, nalika padu jeung Iblis marebutkeun layon Nabi Musa teu wantuneun ngahina ninggangkeun hukuman ka manehna; anjeunna ukur sasauran kieu: “Anging Pangeran anu baris ngahukum ka maneh.” 10Tapi kumaha jelema-jelema anu kasebut bieu? Geus warani ngahina kana hal-hal anu maranehna acan nyaho! Kanyahona teu beda ti sato, laku lampahna henteu ditungtun ku akal budi, temahna matak binasa. 11Estuning cilaka jelema anu kararitu teh! Kalakuanana ngala ka kalakuan Kain. Oge ngala ka Balhum, beunang kawujuk ku pangruruba, tungtungna cilaka sajeroning doraka, saperti anu kalakon ku Korah. 12Unggal aranjeun ngayakeun sidekah berjamaah, ku maranehna dikokotor ku kalakuanana anu makmak-mekmek teu boga kaera, dapon baluncir sorangan. Maranehna: Lir mega teu ngandung pihujaneun barang satetes ge, ngan kumalayang wungkul katebak ku angin; lir tangkal anu teu daek buahan, sanajan enggeus usumna; badis tangkal nu geus rungkad jeung paeh ka akar-akarna; 13sok nembongkeun kaaeban sorangan, jeg ombak laut nembongkeun budah sorangan; lir bentang-bentang anu nyimpang tina jalanna. Temahna, moal ka mana deui jigna, tangtu losna teh ka alam nu poek mongkleng. 14Hal jelema anu karitu, baheula enggeus ditorah ku Hanok, turunan Adam anu katujuh, kieu: “Tuh Pangeran sumping, diiring ku laksaan malaikat anu saruci, 15bade ngaragragkeun hukum ka jelema-jelema anu nyebarkeun kajahatan, jeung bade nyiksa ka jelema-jelema anu omong-omonganana sarugal ngalawan kana timbalana-Na.” 16Maranehna teh tukang pundung kukulutus, tukang aral subahaan, lampahna ngalajur napsu, tukang sompral jeung suaban, tukang ngajilat pangoloan supaya bisa ngahontal kahayangna. 17Kahade paramitra lali kana kasauran rasul-rasul-Na Gusti Jungjunan urang, — Isa Al Masih — bareto, yen: 18Dina jaman ahir bakal aya tukang-tukang moyok, purah ngalajur napsu ngumbar kahayang. 19Gawena ngabengkah-bengkahkeun, hirupna diranjah ku napsu jahat, jeung teu kaancikan ku Ruh Allah. 20Masing tagen, paramitra! Masing ajeg madeg dina dadasaring iman anu pang suci-sucina, bari muntang kana kawasaning Ruh Allah. 21Masing pasrah sumerah ka Allah Nu Maha Asih, sajeroning ngarep-ngarep Gusti Jungjunan urang, — Isa Al Masih tea — anu jembar manah, anu baris nyandak urang ka alam hirup nu langgeng. 22Jelema-jelema anu hirupna acan boga kapastian, kudu dirawu diaku, karunya. 23Rebut maranehna sina ucul tina ancaman seuneu. Tapi papadaning nyieun kahadean jeung tutulung teh sing ati-ati, malar “papakean” urang ulah katepaan ku kokotorna. 24Nya Mantenna, Anu kawasa ngaraksa paramitra tina tatajongan, anu merenahkeun paramitra di payuneun singgasana-Na kalawan pinuh ku suka tur taya kuciwa; 25nya kagungan Allah, — Anu jumeneng Juru Salamet, Anu nyalametkeun urang ngalangkungan Isa, Gusti Jungjunan urang — kamulyaan, kaagungan, kakawasaan jeung kawibawaan, ti samemeh alam jumadi tepi ka mangsa kiwari, saterusna, tug salalanggengna. Amin.

will be added

X\