YAHYA 9

1Dina hiji waktu, basa Isa keur angkat, tepang jeung hiji jelema anu lolong bawa ngajadi. 2Murid-murid-Na mihatur, “Rabi, saha nu gaduh dosana teh, nu mawi eta jalmi jadi lolong ti barang burusut? Manehna sorangan atanapi kolotna?” 3Waler Isa, “Lain manehna jeung lain kolotna oge. Eta mah pikeun nganyatakeun kakawasaan Allah ka dirina. 4Meungpeung beurang keneh, urang wajib nedunan pangersa Nu ngutus Kami; sabab mun geus peuting mah, moal aya nu bisa baranggawe. 5Satungtung di dunya, Kami nu nyaangan dunya teh.” 6Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna ngaludah kana taneuh; tuluy eta taneuh teh, diguley-guley jadi leutak; geus kitu, ku Anjeunna dipopokeun kana panon nu lolong tea, 7bari saur-Na, “Jung sibeungeut ka kulah Siloam.” Kecap Siloam teh pihartieunana ‘Nu diutus.’ Nu lolong teh indit ka kulah Siloam nurutkeun parentah. Sanggeus sibeungeut, tuluy manehna datang deui jeung eta panonna teh geus bisa pake nenjo. 8Tatangga-tatanggana, kitu deui anu tuman narenjo manehna barang maen, silih tanya, “Eta teh lain anu sok musapir tea?” 9Ceuk anu ditanya, “Enya geuning!” Tapi cek sabagian deui, “Lain, meureun pedah sarimbag bae eta mah.” Tapi nu boga awakna ngaku sorangan pokna, “Enya, kuring!” 10Tuluy pada naranya, “Geuning eta geus henteu lolong, kumaha cageurna?” 11Ditembal, “Dipopokan leutak ku nu jenenganana Isa, terus dititah sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, nya kajadian: Ari sibeungeut ari bray panon teh bisa nenjo.” 12Pok deui nu naranya, “Ayeuna Anjeunna di mana?” Walonna, “Duka atuh!” 13Geus kitu, anu tadina lolong teh dibarawa ka urang Parisi. 14Waktu Isa ngaguley-guley taneuh pikeun nyageurkeun manehna teh, kajadianana, dina poe Sabat. 15Ku urang Parisi, manehna dititah nyaritakeun deui kumaha lantaranana pangna jadi bisa nenjo. Ari jawabna, “Ku Anjeunna panon abdi dipopokan leutak; ku abdi teras dikumbah, bray bae ningal, mung sakitu.” 16“Mustahil, eta Jelema teh, utusan Allah; sabab henteu ngendahkeun poe Sabat,” cek urang Parisi. Tapi dibantah ku nu sejen, “Mun enya Manehna jalma doraka, na kira-kirana bisaeun nyieun mujijat anu aheng kitu?” Maranehna jadi pasalingsingan paham. 17Pok deui naranya ka jelemana, “Cek maneh, saha eta Jelema teh? Pedah bae, maneh geus bisa beunta ku eta jelema!” Jawabna, “Moal lepat, Anjeunna teh nabi.” 18Ari urang Yahudi mah, teu percaya yen eta jelema teh, asalna lolong; nepi ka nyalukan indung bapana, 19tuluy ditanya, “Bener ieu anak maraneh, nu lolong ti barang burusut tea? Naon sababna nepi ka bisa nenjo kitu?” 20Jawab indung bapana, “Leres, ieu teh pun anak, anu ti barang gubrag parantos lolong. 21Nanging naon lantaranana nu mawi ayeuna tiasa ningal, atanapi saha anu nyageurkeunana, eta mah duka teh teuing teu terang-terang. Sae dipariksakeun ka jinisna bae, da parantos baleg, tangtos tiasa ngajawab sorangan.” 22Ngajawab kitu soteh, bakating ku sieun; lantaran geus nyarahoeun, yen eta urang Yahudi teh geus mupakat, nya eta mun aya anu wani nyebutkeun cageurna eta jelema teh ku Al Masih, baris dikaluarkeun ti pakumpulan kaagamaan. 23Eta sababna, ngajawabna teh cukup ku, “Sae dipariksakeun bae ka jinisna, da parantos baleg.” 24Tuluy jelemana dicalukan deui, seug diomongan, “Ku lantaran aya kajadian kitu ka maneh, maneh wajib ngagungkeun teh ka Allah; da Jalma itu mah, Jalma doraka.” 25Tembalna, “Doraka henteuna mah, abdi teu terang; terang soteh, tadina abdi lolong ayeuna tiasa ningal.” 26Cek urang Yahudi, “Dikumahakeun bae maneh teh? Kumaha petana nyageurkeuna-Na?” 27Dijawab, “Ongkoh tadi parantos disanggemkeun, na teu kadarangu kitu, nganggo marundut disanggemkeun deui? Bade jaradi murid-murid-Na kitu?” 28Ngadarenge jawab kitu teh, urang Yahudi jadi nyareuneu, ngomongna sugal, “Puguh maneh murid-Na mah! Urang mah murid Musa. 29Ka Musa mah Allah teh geus puguh ngandika, urang ge nyaho eta mah. Tapi ka eta Jelema mah, nyaho teuing; nepi ka ayeuna oge euweuh nu nyaho ti mana asal-usul-Na.” 30Manehna nembal deui, “Asa kalintang anehna dugi ka teu acan aruninga kana asal-usul Anjeunna, sakitu parantos kauninga iasa nyageurkeun anu lolong. 31Padahal unggal jalmi oge ngarti, yen jalma doraka mah, piraku ku Allah dugi ka dijungjung kitu. Tiap-tiap anu dijungjung ku Allah, tandaning jalma hormat ka Allah sareng ngalakonan timbalana-Na. 32Ti sajlegna dunya oge, can kakuping aya nu tiasa nyageurkeun nu lolong bawa ngajadi. 33Jadi, cek abdi mah, upami yaktos Anjeunna sanes asal ti Allah, pamohalan iasa midamel kieu.” 34“Dasar maneh mah geus kasiku ku dosa ti kodratna, ayeuna rek mapatahan ka urang?” Cek maranehna bari nyuntrungkeun, ngusir nitah nyingkah. 35Kajadian eta teh kauninga ku Isa. Dina parengna patepang deui, ku Anjeunna diajak sasauran, “Ari maneh percaya ka Putra Manusa?” 36Tembalna, “Saha tea Anjeunna teh? Cobi atuh wartoskeun, supados abdi ulah rumegag nya percanten.” 37Saur Isa, “Ongkoh geus papanggih, malah ayeuna oge keur cacarita jeung maneh!” 38Brek bae, manehna sembah sujud tuluy mihatur, “Aduh Jungjunan, kantenan abdi teh percanten!” 39Saur Isa deui, “Kami datang ka dunya teh, supaya aya kaadilan: Anu lolong dibeuntakeun, ari anu barareunta, jeg nu lalolong.” 40Eta kasaurana-Na teh, kadarengeeun ku sawatara urang Parisi anu keur araya di dinya. Maranehna narempas ka Isa, “Maksud Anjeun teh, kaula oge dianggap lolong kitu?” 41Waler Isa, “Upama aranjeun enya lolong, teu bisa nenjo, tangtu aranjeun henteu salah. Tapi lantaran aranjeun tetep umangkeuh bisa nenjo, — padahal puguh-puguh teu awas — dosa teh, tetep aya di aranjeun.”

will be added

X\