YAHYA 8

1Ari Isa mah, angkat ka Gunung Jetun. 2Isukna, isuk-isuk pisan, Isa geus aya deui di Bait Allah. Sanggeus jelema-jelema daratang; gek, Isa calik terus ngawulang. 3Sabot keur ngawulang, jol ahli-ahli Kitab jeung urang-urang Parisi; maranehna teh, nungtun hiji awewe anu kapergok keur jinah. 4Eta awewe teh disina nangtung di tengah-tengah pasamoan; tuluy maranehna nuduhkeun ka Isa, salaurna, “Rabi, ieu awewe teh jinah, kapergok pisan. 5Hukuman ka awewe anu kitu mah, saur Musa dina Kitab Toret teh, nya eta kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Kumaha ayeuna pamendak Anjeun?” 6Nyararu'al kitu soteh, saenyana mah ngadoja pikeun mancing kalepatana-Na. Tapi Isa anggur dongko, bari curat-coret dina taneuh. 7Tapi nu ngadaroja teh, maksa marenta dijawab. Neut, Isa cengkat ngadeg bari nyarios ka maranehna, “Ari araya onaman ti aranjeun anu teu boga dosa, pek bae geura ngamimitian maledog ka ieu awewe!” 8Geus nyarios kitu, Anjeunna dongko deui neraskeun curat-coretna, — kawas saacanna — dina taneuh tea. 9Dijawab kitu, nu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nu pangkolotna tiheula, nepi ngan ukur kari Anjeunna jeung awewe tea. 10Tuluy Isa cengkat; pok Anjeunna ngadawuh, “Ka marana nu ngadarakwa nyai teh? Euweuh saurang-urang acan anu wani ngahukum?” 11Wangsulna, “Sumuhun teu aya, nun Jungjunan.” Saur Isa, “Kami oge moal. Jung geura mulang! Tapi ti semet ayeuna, omat, ulah deui-deui ngalampahkeun dosa.” 12Geus kitu Isa neruskeun ngawulangna, saur-Na, “Kami teh nu jadi caangna dunya. Anu anut ka Kami moal tinemu jeung poek, malah tangtu hirup di alam caang.” 13Ditempas ku urang Parisi, “Anjeun mere katerangan tina hal diri Anjeun sorangan. Bohong, eta katerangan teh!” 14Waler Isa, “Najan jadi saksi pikeun diri sorangan oge, tapi katerangan Kami teh sah. Sabab Kami mah, terang pisan, ti mana nya asal jeung ka mana nya kudu mulang. Aranjeun mah teu terang Kami, asal ti mana atawa kudu ka mana bakal mulang teh. 15Aranjeun mah, ngahakiman teh, nurutkeun patokan manusa. Ari Kami mah, ka saha bae oge, moal rek ngahakiman. 16Tapi lamun Kami ngahakiman, hukuman Kami teh tangtu adil. Sabab Kami henteu sorangan, tapi disarengan ku Anu ngutus ka Kami. 17Dina Kitab Toret aranjeun, aya bagian anu netelakeun yen katerangan ti dua saksi teh sah. 18Memang, Kami teh geus jadi saksi pikeun diri Kami sorangan; tapi aya deui saksi sejenna, nya eta Rama anu ngutus ka Kami tea.” 19Cek urang Parisi, “Mana atuh buktina, anu cek Anjeun Rama teh?” Waler-Na, “Tetela, yen aranjeun teh henteu wawuh ka Anjeunna. Atuh, ka Kami oge moal wawuh! Padahal, mun aranjeun wawuh ka Kami, ka Rama oge moal tepi ka teu wawuh.” 20Kitu waleran Isa dina keur ngawulang deukeut peti derma di jero Bait Allah. Tapi henteu aya, saurang oge, anu wani nangkep ka Anjeunna, ku sabab tacan waktuna tea. 21Isa nyarios deui ka aranjeunna, “Kami teh kudu mulang, sarta tangtu ku aranjeun bakal ditareangan. Tapi aranjeun mah, moal bisa daratang ka tempat anu dijugjug ku Kami teh. Sabab aranjeun mah, bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 22Urang Yahudi tinggerendeng, “Sugan rek maehan maneh, da cek Manehna bieu pamohalan urang bisa daratang ka tempat anu rek dijugjug-Na.” 23Isa nyarios deui, “Aranjeun teh ti ieu dunya, Kami mah lain. Aranjeun warga ieu dunya, Kami mah lain. 24Ku sabab eta, tadi ku Kami geus disebutkeun yen aranjeun bakal maraot ku dosa aranjeun. Hartina, upama aranjeun henteu percaya yen enya ieu teh Kami, aranjeun tangtu bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 25Cek urang Yahudi, “Na saha kitu Anjeun teh?” Waler Isa, “Ana kitu mah, atuh naon gunana Kami cacarita ka aranjeun teh? 26Kalakuan aranjeun teh loba pisan salahna anu manjing kana hukuman. Sabalikna, Mantenna, — anu ngutus Kami tea mah — sipat saestu. Ari anu dicaturkeun ku Kami, eta teh asal ti Mantenna.” 27Tapi ku aranjeunna henteu kahalartieun yen Anjeunna teh keur nerangkeun hal Allah, Rama. 28Ku sabab eta, Isa nyambung deui, “Di mana Putra Manusa geus dipentang di tempat nu luhur, nya kakara aranjeun terang yen Kami teh utusana-Na; nya kakara tembong benerna, yen saucap-ucap Kami teh ngan numutkeun piwuruk nu jadi Rama bae, lain ucapan sorangan. 29Ku kituna, Kami teh salawasna oge tara nyorangan; tapi salawasna, Kami disarengan ku Anu ngutus tea lantaran salalawasna, Kami teh migawe anu sapuk jeung pangersa-Na.” 30Kasaurana-Na anu kitu teh, ngalantarankeun loba anu percaya ka Anjeunna. 31Geus kitu, Anjeunna nyarios ka urang Yahudi anu geus palercaya tea, saur-Na, “Upama aranjeun tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku Kami, aranjeun teh enya-enya jadi murid-murid Kami; 32lian ti eta, aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” 33Jawab maranehna, “Kaula teh, sarerea oge, turunan Ibrahim. Saumur-umur tacan kungsi ngawula ka saha bae oge. Naha wet disebutkeun baris dimerdikakeun?” 34Waler Isa, “Sing percaya, yen saha-saha anu migawe dosa, eta teh ngawula kana dosa. 35Ari nu jadi kawula tea, kapan moal tetep bisa jadi anggota pangeusi imah, teu cara anu jadi anak. 36Jadi, upama aranjeun geus dimerdikakeun ku Sang Putra tea, kakara aranjeun teh enya merdika.” 37“Kami oge nyaho, yen aranjeun teh turunan Ibrahim, tapi keukeuh boga niat hayang maehan ka Kami pedah ijid kana pangajaran Kami. 38Anu diterangkeun ku Kami teh, nya eta anu ku Kami katenjo di Ama; sakumaha aranjeun bae, kapan aranjeun ge migawe papatah anu jadi bapa.” 39Cek maranehna, “Bapa kaula teh Ibrahim!” Waler Isa, “Lamun enya aranjeun anak-anak Ibrahim, atuh geus sawajibna nulad kana tapak lacakna. 40Tapi buktina, anggur niat maehan ka Kami; pedah Kami nyaritakeun kasayaktian anu geus kareungeu ti kersa Allah. Padahal Ibrahim mah henteu kitu. 41Jadi anu dilalampahkeun ku aranjeun teh tetela pagawean bapa aranjeun sorangan.” Tembal maranehna, “Kaula mah, lain anak anu teu puguh bapa sabab Allah nu jadi Rama kaula teh!” 42Saur Isa, “Upama enya Rama aranjeun teh Allah, meureun nyaraah ka Kami; da Kami teh medal ti Anjeunna, lain datang niat sorangan, tapi ngemban piutus-Na. 43Naon sababna atuh aranjeun make teu ngahalarti kana omongan Kami? Sabab aranjeun arembung ngadenge kana piwuruk Kami. 44Iblis, bapa aranjeun mah! Anu dipigawe ku aranjeun oge estu kahayang eta bapa aranjeun tea. Tibaheulana oge memang Iblis teh tukang maehan, cadu kana bener, da musuh ka nu bener teh. Jeung memang perbawa watekna, tukang bohong, guru wadul, sarta rajana tukang merdaya. 45Ari Kami, anu nyaritakeun kasayaktian ku aranjeun henteu dipalercaya! 46Cik saha ti aranjeun anu bisa ngabuktikeun yen Kami kungsi nyieun dosa? Sakur nu diomongkeun ku Kami teh, kabeh, anu sayaktina; naon sababna ku aranjeun henteu dipercaya? 47Anu medalna ti Allah mah, tangtu nurut kana sagala timbalana-Na. Ku sabab nyata aranjeun teu nurut, atuh tetela aranjeun teh lain medal ti Allah.” 48Cek urang Yahudi teh, “Atuh bener ari kitu mah, Anjeun teh jelema nu teu waras pipikiran, urang Samaria tea!” 49Waler-Na, “Kami lain jelema teu waras! Kami teh hormat ka nu jadi Rama, tapi ku maraneh dihina-hina. 50Tapi lain kahormatan keur diri sorangan, nu ku Kami diteangan teh; da eta mah geus aya nu mangusahakeun, nya eta Anu baris jadi Hakim nu sajati. 51Sing percaya kana omongan Kami, yen sing saha anu percaya ka Kami salilana oge moal keuna ku pati.” 52Tarembalna, “Bener, tetela Anjeun teh henteu waras pipikiran. Geus bukti kapan, Ibrahim pupus, nabi-nabi geus teu araya di kieuna; ari cek Anjeun, saha-saha anu percaya kana omongan Anjeun moal keuna ku pati! 53Naha Anjeun teh leuwih punjul ti batan suwargina Ibrahim, karuhun kaula? Anjeunna geus pupus, kitu deui nabi-nabi! Na saha kitu Anjeun teh?” 54Saur Isa, “Lamun Kami ngagungkeun diri, kaagungan Kami teh euweuh hartina. Tapi kaagungan Kami teh, ti Rama asalna, nya Allah anu disembah ku aranjeun tea; 55padahal aranjeun teh, henteu warawuh ka Mantenna. Kami mah wawuh. Upama cek Kami: Kami teu wawuh ka Mantenna, Kami teh tukang bohong kawas aranjeun. Tapi Kami wawuh ka Mantenna sarta Kami nurut kana dawuhana-Na. 56Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun, suka bungah lantaran baris ningal poean Kami datang ka dunya. Eta teh ayeuna geus kasaksian ku anjeunna kalawan suka bungah.” 57Tarembal urang-urang Yahudi, “Umur Anjeun teh can aya lima puluh taun, tapi geus nyaho ka Ibrahim?” 58Waler Isa, “Samemeh Ibrahim gumelar Kami mah geus aya.” 59Geus kitu, maranehna nareangan batu boga niat rek maledogan ka Isa; tapi Anjeunna enggal nyilib sarta ngantunkeun Bait Allah.

will be added

X\