YAHYA 6

1Ti dinya Isa angkat meuntas talaga Galilea, nu disebut oge talaga Tiberias. 2Loba pisan jelema anu naluturkeun Anjeunna. Sabab maranehna, geus nenjo kana mujijat-mujijat-Na, nya eta waktu Anjeunna nyageurkeun nu garering. 3Di peuntas, Anjeunna unggah ka gunung kersa ngareureuh jeung murid-murid. 4Harita teh, geus meh Paska, nya eta hari rayana urang Yahudi tea. 5Ningali anu naluturkeun sakitu ngabrulna, Anjeunna sasauran ka Pilipus, “Di mana urang bisa meuli roti keur nyuguhan maranehna?” 6Sasauran kitu soteh rek ngadoja wungkul, da geus uninga kudu kumaha-kumahana mah. 7Walon Pilipus, “Roti dua ratus dinareun oge moal cekap kangge jalmi sakieu seueurna mah, sanaos saeutik sewang.” 8Pok, murid sejenna anu ngaran Andreas, — dulurna Simon Petrus — mihatur: 9“Aya budak ngabantun roti lima siki sareng lauk dua siki; nanging bade cekap ti mana, jalmi sakieu seueurna?” 10Saur Isa, “Eta jelema-jelema teh, sina dariuk heula bae.” Di dinya teh, tempatna genah, loba jukutna. Eta jelema-jelema teh, gek bae, dariuk; lobana, kira-kira lima rebu urang. 11Tuluy roti nu bieu teh, ku Isa dicandak. Sanggeus muji sukur, rotina dibagikeun ka nu dariuk. Kitu oge laukna, dibagi-bagikeun sacukupna. 12Sanggeus sareubeuheun, Isa ngadawuh ka murid-murid, “Kumpulkeun kaleuwihanana, ulah aya nu kapiceun!” 13Tuluy kaleuwihanana teh dikumpulkeun, meunang dua welas bakul. 14Nenjo mujijat nu sakitu ahengna, jalma-jalma ngaromong, “Tetela, Anjeunna teh Nabi nu keur diarep-arep tea, lumungsur-Na, di alam dunya!” 15Ku sabab Isa uninga, yen maranehna teh, tangtu bakal maraksa supaya kersa jadi raja; Anjeunna angkat, nyingsalkeun anjeun, nyalira bae ka tempat beh tonggohna deui. 16Wanci sareupna, murid-murid Isa ka talaga deui, tuluy meuntas ngagunakeun parahu, 17pikeun ngajugjug kota Kapernaum. Barang geus reupreupan poek, Isa acan bae sumping. 18Dumadakan laut jadi motah lantaran gede angin. 19Sanggeus balayarna kira-kira tilu mil, beh bae katingal ku murid-murid-Na, Isa angkat tapak kancang dina cai nyaketan parahu. Maranehna teh, kacida sarieuneunana. 20Tapi Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Ieu teh Kami, ulah sarieun.” 21Kakara oge Anjeunna rek diunggahkeun ku murid-murid kana parahu; parahu teh geus nepi manten ka nu dijugjug. 22Poe isukna, jelema-jelema ngagimbung keneh di peuntas ditu. Sabab ti kamarina keneh, ku maranehna geus katangen yen parahu nu balabuh di dinya ngan hiji. Lian ti eta, maranehna ge nyarahoeun, yen waktu murid-murid arindit teh henteu di barengan ku Isa. 23Sabot kitu, jul-jol parahu ti Tiberias ka dinya, teu jauh ti tempat maranehna disuguhan roti beunang ngaberkahan Jungjunan tea. 24Sanggeus tetela yen Isa, kitu deui murid-murid-Na teu aya di dinya; cat, sarerea teh, kana parahu ngajugjug Kapernaum rek nareangan Isa. 25Isa kapendak ku maranehna di peuntaseun talaga. Pok arunjukan, “Rabi, iraha sumping ka dieu?” 26Saur Isa, “Kami nyaho, maraneh nareangan Kami teh lain pedah ngarasa katarik ku tanda-tanda mujijat ti Kami; tapi saenya-enyana mah, tina lantaran beuteung maraneh geus seubeuh ku roti tea. 27Pek digarawe, tapi ulah ngan ukur malar dahareun nu gampang buruk wungkul; nu kudu disiar teh, kadaharan anu bisa awet; nu bisa dibawa ka hirup di kalanggengan, nya eta anu baris dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa. Sabab Putra Manusa teh, geus dikawasakeun ku Allah, Rama, kalawan sah.” 28Pihatur maranehna, “Naon anu kedah dilakonan, anu sapagodos sareng Pangersa Allah?” 29Saur Isa, “Nu wajib dilakonan teh, nya eta: maraneh kudu percaya ka Anu geus diutus ku Allah.” 30Cek maranehna, “Naon tawisna ti Anjeun ka abdi sadaya, supados percaya ka Anjeun? Saleresna naon padamelan Anjeun teh? 31Waktos karuhun abdi nyorang tegal kikisik, kadaharanana teh roti ‘manna.’ Dina Kitab Suci oge ditulis: Maranehna dibere dahar roti ti sawarga.” 32Saur Isa deui, “Cek Kami, anu mere roti ti sawarga ka maraneh teh lain Musa, tapi anu saenya-enyana mah Ama Kami. 33Roti paparin Allah teh, nya eta roti nu ti sawarga tea, anu mere hirup-hurip ka alam dunya.” 34Wangsulanana, “Jungjunan, mugi sing saterasna eta roti teh dipaparinkeun ka abdi-abdi.” 35Saur Isa, “Kapan Kami nu jadi roti sumberna hirup teh. Sing saha anu datang ka Kami, moal nyorang lapar-lapar deui; kitu deui anu percaya ka Kami, moal halabhab-halabhab deui. 36Tapi ku Kami geus diterangkeun, yen sanajan geus papanggih jeung Kami, maraneh tetep henteu percaya. 37Sakabeh nu dipaparinkeun ku Rama ka Kami, tangtu katarima ku Kami sarta sing saha anu datang ka Kami, ku Kami moal ditampik. 38Kami datang ti sawarga teh lain rek ngayunkeun karep sorangan, tapi rek ngalampahkeun Pangersa Ama anu ngutus Kami. 39Pangersa-Na Nu ngutus teh, nya eta supaya sakur nu geus dipaparinkeun ka Kami ulah aya nu leungit; sabalikna, malar engke, — dina ahir jaman — ku Kami baris diharudangkeun deui. 40Jadi, pangersa Ama Kami teh, nya eta supaya unggal-unggal jelema anu geus wawuh jeung Putra tur percaya ka Anjeunna, tinemu jeung hirup anu langgeng; lian ti eta, ku Kami maranehna baris dihirupkeun deui dina ahir jaman.” 41Urang Yahudi, tuluy kukulutus ngaromongkeun Anjeunna; — pedah Isa nyaurkeun kieu, “Kami teh, roti nu diturunkeun ti sawarga” — 42Aromongna, “Eta teh lain Isa tea, anak Yusup? Urang nyaho indung bapa-Na. Kari-kari wani umaku turun ti sawarga?” 43Maranehna ku Isa di waler, “Ulah ngaromel. 44Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu dikersakeun ku Ama anu ngutus Kami. Anu datang ka Kami, tangtu ku Kami baris dihudangkeun dina ahir jaman. 45Aya ayatna dina Kitab nabi-nabi, kieu: Maranehna kabeh bakal diwuruk ku Allah. Unggal-unggal jelema anu geus ngadenge tur nurut kana piwuruk Rama tangtu datang ka Kami. 46Tapi lain hartina aya jelema nu geus nenjo Rama. Nu geus nenjo Rama mah, ngan Anjeunna bae anu asalna ti Allah. 47Cek Kami: Sing saha anu enya-enya percayana, bakal ginanjar hirup nu langgeng. 48Kami teh nu jadi roti sumbering hirup. 49Karuhun aranjeun, waktu keur di tegal keusik, geus ngadalahar manna. Maranehna geus teu araya di kieuna. 50Sakur anu ngadahar ieu roti, anu turun ti sawarga, moal keuna ku paeh. 51Nya Kami nu jadi roti sumberna hirup teh, nu turun ti sawarga. Sakur anu ngadaharna, bakal hirup salalawasna sarta eta roti teh, — nya daging Kami — nu rek dibikeun pikeun ngahirupan alam dunya.” 52Urang-urang Yahudi parea-rea omong jeung pada baturna, pokna, “Kumaha petana, manehna bisa mere dagingna supaya didahar ku urang!” 53Dawuhan Isa, “Cek Kami, lamun aranjeun henteu ngadahar daging Putra Manusa sarta henteu nginum getih-Na, diri aranjeun moal kaancikan ku hirup. 54Sing saha nu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal ngamilik hirup nu langgeng sarta dina ahir jaman ku Kami bakal dihudangkeun. 55Sabab daging Kami teh sajatining kadaharan, getih Kami sajatining inuman. 56Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami bakal manunggal jeung Kami. Kami ge kitu, nya bakal manunggal jeung manehna teh. 57Kami diutus ku Rama Anu jumeneng sarta Kami oge hirup ku kersa Rama. Nya kitu keneh anu ngadahar Kami, manehna bakal hirup ku karana Kami. 58Nya Kami roti nu diturunkeun ti sawarga teh, lain roti kawas anu didalahar ku karuhun maraneh anu geus maraot tea. Anu ngadahar roti ieu, bakal hirup salalanggengna.” 59Kitu dawuhan Isa teh, waktu Anjeunna ngawuruk di tempat pangibadahan di Kapernaum. 60Ngadenge piwuruk kitu, murid-murid-Na loba nu ngaromong kieu, “Eta piwulang-Na karasana peureus pisan, saha nu kuat ngadenge?” 61Ku Anjeunna oge, geus kauninga dina manah-Na yen murid-murid ngaromongkeun piwulang-Na tea. Anjeunna lajeng ngadawuh, “Naha ieu piwuruk Kami teh jadi panghalang kana iman maraneh? 62Jeung rek kumaha lamun aranjeun narenjo Putra Manusa mi'rad ka tempat asal-Na? 63Anu mere hirup teh Ruh, sipating daging mah sama sakali euweuh gunana. Anu bieu ku Kami disebut-sebut teh, nya eta Ruh jeung Hirup tea. 64Tapi di antara maneh, aya anu embung percaya.” Isa memang geus uninga, ti memehna, saha anu henteu percaya jeung saha anu bakal hianat ka Anjeunna. 65Tuluy ngadawuh, “Ku sabab eta, cek Kami tadi: moal aya anu bisa tinemu jeung Kami lamun henteu dikersakeun ku Rama.” 66Ti semet harita, loba murid Anjeunna anu murtad sarta arembungeun deui ngiring ka Anjeunna. 67Geus kitu, Isa ngadawuh ka murid-Na anu dua welas, “Naha maraneh oge rek arindit?” 68Jawab Simon Petrus, “Abdi teh indit bade nuturkeun saha? Dawuhan-dawuhan Jungjunan teh, estu dawuhan anu hirup tur langgeng; 69sarta abdi-abdi percanten sareng ngaku, Jungjunan teh asal ti Allah Nu Maha Suci.” 70Saur Isa, “Maraneh, dua welasanana teh, naha lain Kami sorangan anu milih? Najan kitu, nu saurang mah geuning Iblis.” 71Anu dimaksud ku Anjeunna, nya eta Yudas, anak Simon Iskariot; sabab nya manehna, anu boga niat hianat ka Anjeunna teh.

will be added

X\