YAHYA 5

1Teu lila ti harita, dina poean hari raya urang Yahudi, Isa angkat ka Yerusalem. 2Deukeut panto gapura, nu katelah “Panto Gapura Domba,” aya kulah pamandian. Eta kulah, — anu tepasna aya lima tea — ngaran dina basa Ibranina “Betesda.” 3Kabehanana, dipinuhan ku nu garering: nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh. Kabeh keur ngadago-dago oyag na cai kulah tea. 4Sabab sawaktu-waktu, ka dinya, sok lungsur malaikat Pangeran pikeun ngoyagkeun cai kulah. Anu pangheulana ancrub, — sanggeus caina dioyagkeun ku malaikat — boga panyakit kumaha oge sok terus cageur. 5Harita, aya saurang anu geringna geus tilu puluh dalapan taun. 6Ku Isa katingali keur ngagoler. Ku sabab geus uninga yen kaayaan kituna teh geus lila, tuluy mariksa, saur-Na ka manehna, “Maneh hayang cageur?” 7Jawabna, “Jungjunan, abdi teh teu aya nu ngancrubkeun waktos cai kulah oyag. Nembe oge kumarayap, geus kapiheulaan ku nu sanes.” 8Ti dinya, Isa ngadawuh, “Geura hudang, panggul enggon ngedengna, tuluy leumpang!” 9Dadak sakala manehna cageur; heug enggon ngedengna dipanggul, tuluy leumpang. Harita teh poe Sabat. 10Puguh bae nu kakara cageur teh ku urang Yahudi digeunggeureuhkeun, “Hey, ieu teh poe Sabat, teu meunang punggal-panggul!” 11Ari jawabna, “Da dipiwarang ku Itu, anu nyageurkeun panyakit abdi, saur-Na: Panggul enggon ngedeng maneh, terus indit!” 12Cek nu naranya, “Saha jelemana nu nitah maneh manggul eta enggon ngedeng jeung nitah indit teh?” 13Tapi manehna, teu nyahoeun saha-sahana mah; sabab Isa, terus nyulumun ka tengah jalma rea nu ngagimbung di dinya. 14Teu kungsi lila, Anjeunna papendak jeung manehna di jero Bait Allah; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Ayeuna maneh geus cageur; ulah nyieun dosa deui, supaya ulah pinanggih jeung anu leuwih mahala.” 15Sanggeus balik, manehna bebeja ka urang Yahudi yen nu geus nyageurkeunana teh, nya eta Isa. 16Ku sabab eta, urang-urang Yahudi nareangan jalan rek nganiaya ka Anjeunna, pedah geus ngalampahkeun pagawean dina poe Sabat. 17Tapi saur Isa ka manehna, “Ama Kami barang damelna teh teu aya kendatna; tug, nepi ka ayeuna. Jadi, Kami oge kitu, dina barang gawe teh.” 18Ku sabab eta, urang-urang Yahudi teh tambah nyongkab, satekah polah hayang maehan ka Anjeunna. Lantaran cek maranehna teh, jaba Isa teu tolih kana poe Sabat, oge geus nerangkeun yen Allah teh Rama-Na, mapadani ka Allah. 19Ku Isa diwaler kieu, “Cek Kami ka maraneh: Putra moal bisa migawe naon-naon ku pokalna sorangan, upama henteu nenjo heula padamelan Rama. Anu dipigawe ku Putra, kabeh oge, sakur anu dipidamel ku Rama. 20Sabab Rama teh asih ka Putra, jeung mintonkeun ka Anjeunna sakur anu geus dipidamel. Malah ka Putra teh, Rama bakal mintonkeun padamelan-padamelan anu leuwih agung batan nu enggeus-enggeus nepi ka maraneh bakal ngarasa helok. 21Sabab sakumaha Rama iasa ngahudangkeun jeung ngahirupkeun anu geus maraot, Putra oge bisa ngahirupkeun nurutkeun pangersa-Na. 22Rama ku anjeun, moal ngahukum saha-saha. Sabab kalungguhan Hakim geus dikawasakeun ka Putra, 23supaya jelema-jelema kabeh ajrih ka Putra, cara ajrih ka Rama. Sing saha anu henteu hormat ka Putra, saenyana mah henteu hormat ka Rama anu ngutus. 24Cek Kaula ka aranjeun: Saha-saha anu nurut kana omongan Kami jeung percaya ka Anu ngutus ka Kami, bakal tinemu jeung hirup anu langgeng tur moal milu kahukum sabab geus pindah ti alam maot ka alam hirup. 25Cek Kaula ka aranjeun: Engke aya mangsana, malah mimiti ti ayeuna, nu geus paraeh teh bakal ngadarenge gentra Putra Allah. Sing saha anu nurut, tinangtu hirup. 26Sabab sakumaha Rama anu nyepeng hirup, Putra oge dikawasakeun nyekel hirup. 27Lian ti eta, Rama ge geus masrahkeun kakawasaan pikeun jadi hakim ka Putra; sabab Anjeunna, Putra Manusa teh. 28Hal eta, ku aranjeun henteu kudu dipikaheran. Sabab pidatangeun mangsa, anu keur sumare di alam kubur, kabeh bakal ngadarenge kana gentra-Na. 29Sakur nu keur hirupna bener, harudangna ti alam kubur teh bakal terus kana hirup nu langgeng. Anu tadina hirupna jahat mah, dina mangsa harudang ti alam kubur teh, geus disampakkeun hukuman. 30Kami sorangan henteu kawasa nangtukeun naon-naon. Hukuman anu ditibankeun ku Kami teh, saluyu jeung sakumaha timbalana-Na. Timbangan Kami bakal adil, lain ngarah puas sorangan, tapi numutkeun pamundut Nu ngutus ka Kami. 31Lamun hal ihwal Kami, diterangkeunana ku Kami sorangan, can puguh anu sabenerna. 32Anu nerangkeun hal ihwal Kami teh, anu sejen sarta Kami nyaho yen katerangana-Na ngeunaan Kami teh saestu. 33Aranjeun geus ngajurungan utusan ka Yahya sarta anjeunna geus mere katerangan ngeunaan hal anu sayaktina; 34saenyana, Kaula mah henteu butuh ku panyaksen ti jelema; Kaula nerangkeun soteh supaya aranjeun tinemu jeung kasalametan. 35Anjeunna ibarat lampu anu hurung caang. Tapi eta lampu teh, ku aranjeun mah, ngan dipake keur sajongjongan wungkul. 36Tapi Kaula boga katerangan anu leuwih penting batan panyaksen Yahya, nya eta anu mangrupa papancen anu ku Rama dipasrahkeun supaya ku Kaula dilampahkeun ayeuna. Eta wujudna nu jadi saksi Kaula teh, nu nerangkeun yen Kaula teh bener diutus ku Rama. 37Rama anu ngutus ka Kaula tea, Saksi Kaula teh. Aranjeun acan ngadarenge Gentra-Na, acan nyaraho kana jirim-Na, 38jeung dawuhana-Na henteu ngancik di jero hate. Sabab aranjeun, henteu percaya ka Nu geus diutus ku Mantenna. 39Kitab-kitab Suci ku aranjeun diarulik, bari umangkeuh yen ku jalan kitu teh bakal bisa tinemu jeung hirup nu langgeng. Tapi sanajan eta Kitab-kitab Suci geus muat katerangan-katerangan tina hal ihwal Kaula, 40aranjeun tetep embung datang ka Kaula malar bisa tinemu jeung hirup tea. 41Kaula henteu hayang dihormat ku manusa. 42Tapi kaula, wawuh pisan ka aranjeun; hate aranjeun teh teu boga kanyaah ka Allah. 43Kaula datang ngagem jenengan Ama Kaula, tapi ku aranjeun henteu ditarima; ari nu sejen, — anu datangna mawa ngaran sorangan — ku aranjeun malah ditarima. 44Kumaha aranjeun bisa percaya sabab anu dipamrih teh panghormat ti papada manusa, lain panghargaan anu asal ti Allah nu Tunggal. 45Ulah disangka Kaula nu rek ngadakwa aranjeun, engke, di payuneun Rama. Nu baris ngadakwa aranjeun mah Nabi Musa, nya eta Nabi nu jadi gunung pananggeuhan aranjeun. 46Padahal, lamun aranjeun percaya ka Musa, ka Kaula oge tangtu percaya. Sabab anjeunna, geus nyeratkeun hal ihwal Kaula. 47Tapi lamun aranjeun henteu percaya kana hal anu geus diseratkeun ku Musa, kumaha rek bisa percaya kana katerangan Kaula?”

will be added

X\