YAHYA 4

1Barang Jungjunan urang uninga, yen urang-urang Parisi nyarahoeun Anjeunna geus ngabaptis leuwih loba sarta kenging murid leuwih loba batan Yahya, 2— padahal anu ngabaptisna mah murid-murid-Na, lain Isa ku anjeun —, 3Anjeunna tuluy angkat deui bae ka Galilea, ngantunkeun Yudea. 4Ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria. 5Angkat-Na geus nepi ka kota Sikar di daerah Samaria, teu jauh ti tanah milik Yakub anu diwariskeun ka Yusup, putrana. 6Di dinya, aya hiji sumur anu katelah sumur Yakub. Ku bawaning ngaraos cape urut angkat sakitu tebihna; gek, Isa calik sisi eta sumur. Harita teh kira-kira pukul dua welas beurang. 7Jol wae, aya awewe urang Samaria rek ngala cai. Ku Isa dipundutan, saur-Na, “Cik menta cai, hayang nginum!” 8Ari murid-murid mah teu araya, da keur ka kota meuli dahareun. 9Eta wanita ngawangsul, “Naha mundut ngaleueut ka abdi urang Samaria? Kapan Anjeun teh urang Yahudi!” (Urang Yahudi mah cadu cacampuran jeung urang Samaria). 10Waler Isa, “Lamun Nyai terang mah kana nugraha ti Allah, jeung wawuh ka nu menta nginum, tangtu Nyai anu menta nginum teh ka Kami, tur tangtu dibere cai cikahuripan.” 11Jawab eta awewe, “Timana Anjeun iasa masihan cai cikahuripan? Teu nyandak timba-timba acan, mangkaning jero pisan ieu sumur teh. 12Naha Anjeun teh langkung punjul ti Yakub karuhun abdi, nu ngawakapkeun ieu sumur ka urang dieu? Yakub ku anjeun sapala putra ngaleueutna teh di dieu, kitu deui ingon-ingonna.” 13Waler Isa, “Nginum tina sumur ieu mah bakal halabhab deui; 14tapi cai nu rek dibikeun ku Kami mah, moal matak halabhab-halabhab deui sapapanjangna oge. Sabab cai pamere Kami mah, bakal ngajadi cinyusu di jero diri nu nginumna; anu moal saat-saat nepi ka hirup di kalanggengan oge.” 15Cek eta awewe, “Mangga atuh pasihkeun ayeuna, supados abdi ulah halabhab-halabhab deui sareng teu kedah nimba-nimba deui ti dieu.” 16Saur Isa, “Teang heula salaki, sina ka dieu.” 17Tembalna, “Teu gaduh salaki abdi mah.” Saur Isa deui, “Bener, Nyai memang teu boga salaki. 18Tapi Nyai geus lima kali boga salaki. Nu ayeuna mah lain salaki. Pangakuan Nyai bener.” 19Tembalna, “Jungjunan, moal lepat, yakin yen Jungjunan teh nabi! 20Karuhun abdi ngalakonan ibadahna di dieu, di gunung; nanging sanggem urang Yahudi mah, kedah di Yerusalem.” 21Saur Isa, “Sing percaya ka Kami, engke mah ngabakti ka Allah teh di gunung ieu lain, di Yerusalem lain. 22Urang dieu mah, nyarembahna teh kana sesembahan anu asing, ari Kami mah wawuh saha Anu disembah teh. Sabab kasalametan mah, jalanna ti bangsa Yahudi. 23Tapi tangtu cunduk waktu datang mangsa, — malah ayeuna ge geus mimiti —, umat anu tulen ibadah teh, nya eta anu nyembah ka Rama kalawan roh jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti nurutkeun pangersa Allah mah. 24Ari Allah teh sipat Ruh, jadi babakti ka Anjeunna ge ngalampahkeunana kudu kalawan roh jeung kayaktian.” 25Diwalon ku eta awewe, “Abdi ge terang, yen engke rek aya nu sumping, nya eta Al Masih tea. Upami Anjeunna parantos sumping, sagala rupi perkawis tangtos ku Anjeunna diterangkeun.” 26Saur Isa, “Kapan ieu Al Masih teh, nya anu ayeuna keur cacarita.” 27Sabot kitu murid-murid daratang; kacida hareraneunana nenjo Guruna keur sasauran jeung awewe teh; tapi saurang oge, teu aya nu wani naros: Nuju mundut naon? atawa: Nuju nyarioskeun naon? 28Ari awewe tea, cul buyung terus indit ka kota, hariweusweus ka batur-baturna; 29“Leuh, aya jelema wet nyahoeun kana sagala lampah kuring! Boa-boa Al Masih tea! Hayu urang ka ditu!” 30Bral bae arindit manggihan Anjeunna. 31Sajeroning kitu, murid-murid ngahaturkeun tuangeun, pokna, “Rabi mangga geura tuang.” 32Tapi waler-Na, “Geus boga dahareun mah. Tapi maraneh mah, acan nyaho kana rupana.” 33Murid-murid silih tanya pada batur, “Aya nu ngintunan kitu?” 34Saur Isa, “Kadaharan Kami mah, nya eta: Ngalampahkeun pangersa Anjeunna, Anu ngutus ka Kami jeung nganggeuskeun padamelana-Na. 35Opat bulan deui ge dibuat, lain kitu cek maraneh? Geura tuh, pasawahan sakitu legana! Parena geus karoneng, meujeuhna dipibuatan. 36Malah nu kudu dibuatna ge geus narima buruhanana, tinggal ngumpulkeun beubeunanganana, pibekeleun hirup di kalanggengan, supaya boh nu melak boh nu dibuat sarua suka bungahna. 37Sabab bener cek kacapangan: ‘Aya nu kudu melak, aya nu kudu ngala.’ 38Nya maraneh ku Kami dititah ngalana, da melakna mah geus nitah nu sejen; maraneh nu wajib metik hasilna.” 39Ku caritaan awewe nu tadi tea, anu nyebutkeun, “Anjeunna uningaeun kana kabeh lampah kuring;” ahirna, loba urang Samaria anu percaya ka Isa. 40Sanggeus pada terang, ku maranehna Anjeunna diandeg; sarta Anjeunna ngarereb heula dua poe di maranehna. 41Sanggeus ngadarenge kasaurana-Na, beuki loba bae urang Samaria anu percaya ka Anjeunna. 42Ceuk maranehna ka awewe tea, “Urang oge percaya ayeuna mah, tapi lain ku carita maneh bae; sabab ayeuna mah, geus ngadenge sorangan. Yakin urang oge, Anjeunna teh tetela Juru Salametna alam dunya.” 43Sanggeus dua poe tea, Isa angkat deui ti dinya ngabujeng ka Galilea, 44sabab Isa ku anjeun kungsi nyaurkeun, yen di lemburna sorangan mah nabi teh tara dihargaan. 45Sasumping-Na di Galilea, Anjeunna pada ngabageakeun. Sabab urang dinya, geus kungsi nyaraksian sakur anu ku Anjeunna dipidamel di Yerusalem, waktu maranehna keur milu kana pesta di dinya. 46Ti dinya Isa mulih deui ka lembur Kana (Galilea), tempat Anjeunna ngadamel cai jadi anggur tea. Di dinya, aya hiji pagawe karaton; anakna teh keur gering di Kapernaum. 47Barang ngadenge beja yen Isa geus mulih ti Yudea ka Galilea, teras bae nepungan, menta tulung supaya Anjeunna kersa sumping nyageurkeun anakna nu geus samar kana menyat deui. 48Saur Isa ka manehna, “Maraneh moal percaya, lamun henteu nenjo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat mah!” 49Wangsul pagawe karaton, “Jungjunan, mugi sumping, meungpeung pun anak teu acan maot!” 50Saur Isa, “Geura mulang, anak anjeun hirup!” Eta jelema percaya pisan kana dawuhana-Na, tuluy balik. 51Di jalan keneh manehna papapag jeung bujang-bujangna, anu ngabejaan yen anakna geus cageur. 52Ka bujangna ditanyakeun pukul sabaraha mimiti cageurna. Dijawab, “Kamari, tabuh satu siang panasna rerep.” 53Bapa budak teh ingeteun yen wanci eta pisan Isa ngadawuh-Na, “Anak anjeun hirup.” Geus kitu mah, manehna — kitu deui kulawargana — jadi percaya ka Isa. 54Eta kajadian teh, tanda mujijat kadua — di Kana — anu dipidamel ku Isa, samulih-Na ti Yudea ka Galilea tea.

will be added

X\