YAHYA 3

1Aya hiji urang Parisi, pamingpin Agama Yahudi, ngarana Nikodemus. 2Dina hiji peuting, anjeunna nepangan Isa, saurna, “Rabi (Guru) simkuring terang, yen Anjeun teh guru utusan Allah; margi anu sanes mah, moal aya nu tiasa nyieun mujijat-mujijat kitu, kajaba upami disarengan ku Allah.” 3Waler Isa, “Kieu cek Kaula, upama urang henteu dijurukeun deui, pamohalan bisa ningal Karajaan nu diparentah ku Allah.” 4Walon Nikodemus, “Kumaha abdi nu parantos sakieu kolotna tiasa dijurukeun deui? Naha tiasa lebet deui ka jero beuteung indung, teras dijurukeun deui?” 5Waler Isa, “Masing percaya: Upama jelema henteu dijurukeun tina cai jeung Ruh, hamo teuing bisa asup ka Karajaan Allah. 6Anu dijurukeunana ku manusa, sipat-sipatna, tangtu kumaha ilaharna manusa. Ari anu medalna tina Ruh, tangtu rohani sipatna. 7Anjeun teu kudu heran, mun cek Kaula tadi kudu dijurukeun deui. 8Ari Ruh teh, lir angin nu ngahiuk sakarepna. Ku anjeun kakuping sorana, tapi anjeun henteu terang ti mana asalna jeung ka mana losna. Anu dijurukeun tina Ruh oge, kaayaanana teh kawas kitu.” 9Walon Nikodemus, “Teu kahartos eta tiasa kitu?” 10Waler Isa, “Anjeun teh guruna bangsa Israil? Piraku henteu ngarti? 11Nu diterangkeun ka anjeun teh, nya eta ngeunaan hal anu geus katingal ku Kami sorangan sarta nu geus kasaksian ku sorangan; tapi ku aranjeun mah, henteu katarima eta katerangan teh. 12Lamun katerangan Kaula, tina hal dunya, ku anjeun geus teu dipercaya; geus komo lamun nyaritakeun perkara sawarga, tangtu kana moal percayana teh! 13Ari jelema mah, acan aya anu geus indit sarta nyaho sawarga, iwal ti Putra Manusa anu terah asal ti dinya. 14Jeung sakumaha oorayan tambaga tea, nu ku Musa geus ditanjeurkeun di sagara kikisik; kitu oge, Putra Manusa kudu dijungjung dikaluhurkeun, 15supaya unggal jelema anu percaya ka Anjeunna ginanjar hirup abadi. 16Sabab dunya teh, pohara nya diasihna ku Allah; nepi ka Putra Tunggal-Na oge dipasrahkeun, supaya sing saha anu percaya ka Anjeunna ulah nepi ka binasa; tapi sabalikna, bisa tinemu jeung hirup abadi. 17Pangna Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh, lain rek ngahukum, enyana mah rek nyalametkeun alam dunya ku parantaraan Putra-Na. 18Saha bae anu percaya ka Anjeunna, moal dihukum; anu baris dihukum teh, anu embung percaya sabab henteu ngandel ka nu ngaran Putra Tunggal Allah tea. 19Ari duduk hukumna kieu: Caang tea geus datang ka dunya, tapi manusa leuwih resep kana poek tibatan kana caang. Sabab kalakuanana nu jahat. 20Munasabah, da tukang ngalampahkeun kajahatan mah, ijid kana caang teh sarta moal daek nyampeurkeun, supaya kajahatanana teu kaboker. 21Sabalikna, anu kalakuanana bener mah, kana caang teh nyampeurkeun; ngarah jelas, yen kalakuanana teh sapuk jeung Pangersa Allah.” 22Sanggeus kitu, Isa katut murid-murid angkat ka tanah Yudea sarta terus ngarereb di dinya bari ngabaptis. 23Yahya oge ngabaptis, tempatna di Ainon deukeut lembur Salim. Sabab di dinya, loba cai tur loba jelema anu ka darinya harayangeun dibaptis; 24da harita mah, Yahya teh acan dipanjara. 25Pareng timbul pasalingsingan paham antara murid-murid Yahya jeung salah sahiji urang Yahudi, nya eta tina hal susuci. 26Tuluy maranehna nepungan Nabi Yahya pokna, “Rabi, jalmi anu kapungkur sumping ka anjeun, nu kantos dicarioskeun tea, Anjeunna oge geuning ngabaptis di walungan Ciyordan palih peuntas; jalmi-jalmi ngabrul bae ka dinya sadayana.” 27Waler Yahya, “Saha oge moal aya anu bisa narima naon-naon, lamun teu dipaparinan ti sawarga mah. 28Maraneh pribadi bisa mere katerangan sabage saksi, yen kami geus ngomong kieu: Kami teh lain Al Masih, tapi anu diutus samemeh Anjeunna. 29Panganten awewe teh hakna panganten lalaki; tapi sabage sobat ki panganten anu ngarendeng jeung ngabandungan di dinya, milu mikayungyun ku sora ki panganten. Eta teh, pikeun kami mah, geus mangrupa kabagjaan tur nepi ka jucungna pisan ayeuna mah. 30Anjeunna mah geus kuduna beuki unggul, kami anu kudu beuki asor. 31Anu asal ti sawarga, tangtu ngungkulan ka kabeh; anu asal ti dunya, tangtu kaasup warga ieu dunya sarta cacaritana tangtu ku basa duniawi. Anu asal ti sawarga, tangtu bae pangunggulna. 32Anjeunna maparin katerangan tina sagala rupa anu geus kabandungan jeung kadangu ku anjeun, tapi panyaksi-Na euweuh nu daek narima. 33Saha-saha nu daek narima kana panyaksi-Na, tangtu ngarasa yen Allah teh saestu. 34Pangna Anjeunna diutus ku Allah teh, geus tangtu pikeun nepikeun dawuhana-Na. Sabab Anjeunna, ku Allah geus dianugrahan Ruh Mantenna tanpa wangenan. 35Rama nu mikaasih ka Putra geus masrahkeun sakabeh perkara ka Anjeunna. 36Anu percaya ka eta Putra, tangtu tinemu jeung hirup langgeng. Tapi anu henteu anut ka Putra mah, moal papanggih jeung hirup; sabalikna, pinasti nandangan hukuman Allah.”

will be added

X\