YAHYA 20

1Dina poe anu kahiji, — minggu eta — rebun-rebun keneh, Maryam Magdalena geus indit ka pajaratan. Sadatangna, kasampak, batu tutup pajaratan teh geus aya anu mindahkeun. 2Manehna balik deui, lumpat, manggihan Simon Petrus jeung murid nu dipikaasih ku Isa tea; terus hariweusweus bebeja, pokna, “Jungjunan teh aya nu maling, ti makam, duka dibawa ka mana!” 3Simon Petrus lumpat gagancangan muru ka pajaratan, 4duaan jeung anu saurang deui tea. Manehna mah, lumpatna leuwih tarik batan Petrus. Datangna ka makam oge, pangheulana. 5Sadatangna, terus nempo ka jero, tapi ngan tembong boeh bae ngalumbruk dina taneuh. Manehna teu terus asup. 6Ari Simon Petrus mah, datang-datang teh, terus bae asup beh kana boeh; 7ari lawon bungkus mastaka-Na kapanggih aya di tempat anu rada anggang ti dinya, geus beunang nilepan. 8Sup, murid anu saurang deui oge, nuturkeun asup. Sanggeus sidik kana kaayaan di dinya, kakara manehna percaya kana maksud Kitab Suci anu nyebutkeun: Anjeunna tangtu gugah deui tina pupusna. Tadina mah, eusi Kitab Suci teh weleh ku maranehna teu kahalartieun. 10Geus kitu duanana marulang deui ka imahna. 11Ari Maryam Magdalena mah, ngajentul keneh bae deukeut pajaratan; tuluy anjeunna tumpa-tempo ka jero, bari ceurik. 12Ana breh teh aya malaikat duaan, panganggona sarwa bodas, keur caralik dina urut layon Isa: Nu saurang palebah mastaka; ari anu saurang deui, beh tunjangeun. 13Malaikat teh mariksa, “Ibu, ku naon nangis?” Jawab Maryam, “Jungjunan abdi aya nu maling, duka dibantun ka mana!” 14Geus kitu, manehna malik ngalieuk ka luar; breh bae, nenjo Isa keur ngadeg, tapi manehna teu nyangka yen eta teh Isa. 15Ku Isa dipariksa, “Ku naon ceurik? Aya anu diteangan?” Samaruk Maryam, eta teh tukang kebon di dinya; pok, manehna ngajawab, “Bapa, manawi bapa anu nyandakna, wartoskeun dicandak ka mana? Ku abdi bade dibantun deui.” 16Saur Isa, “Maryam!” Maryam ngaranjug, terus ngucap ku basa Ibrani, pokna, “Rabuni!”, hartina: Guru. 17Saur Isa deui, “Kade, ulah waka nyabak ka Kami sabab Kami acan ngadeuheus ka Rama. Ayeuna mah, tepungan bae dulur-dulur Kami, bejakeun yen Kami ayeuna rek mulang ka Rama anu jadi Rama maraneh oge: Allah nu disembah ku Kami jeung Allah nu disembah ku maraneh.” 18Maryam Magdalena terus nepungan murid-murid. “Kuring mah geus tepung deui jeung Jungjunan!” Pokna, bari nyaritakeun deui kasauran-kasauran Anjeunna dina waktu tepung tea. 19Poe eta keneh, wanci magribna, murid-murid Isa karumpul di hiji imah; pantona ditulakan lantaran sarieuneun ku urang Yahudi. 20Sabot kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna. Anjeunna uluksalam: “Assalamualaikum!” Sanggeus ngucapkeun salam, Anjeunna nembongkeun panangana-Na, tuluy angkeng-Na oge. Murid-murid pohara barungaheunana barisa tepung deui jeung Jungjunanna teh. 21Isa nyarios deui, “Mugia maraneh salamet! Sakumaha Rama geus ngutus ka Kami; Kami oge, ayeuna, rek ngutus maraneh.” 22Geus kitu, murid-murid teh ku Anjeunna ditiup sarta tuluy nyarios, “Geura tarampa ieu Ruh Allah. 23Sing saha anu dosana ku maraneh dihampura, geus tangtu bakal dihampura; tapi sabalikna, upama ceuk maraneh eta jelema teh dosa, tangtu tetep dosana teh.” 24Ari Tomas, — salah saurang murid ti nu dua belas, anu katelah Didimus — waktu Isa sumping teh, manehna mah teu milu kumpul di dinya. 25Barang dibejaan ku babaturanana “Urang mah geus patepung deui jeung Jungjunan.” Manehna ngajawab, “Mun can sidik, nenjo sorangan, panangana-Na anu bolong tapak paku jeung acan nyolokkeun curuk kana angkeng-Na, kuring mah moal rek ngandel.” 26Heuleut dalapan poe ti harita, murid-murid teh karumpul deui di imah anu geus kacaritakeun tea; Tomas oge, harita mah, aya. Panto kabeh ditarulakan, tapi ari breh teh Isa geus aya di tengah-tengah maranehna bari uluksalam: “Assalamualaikum!” 27Tuluy sasauran ka Tomas, “Ilikan yeuh leungeun Kami. Colokkeun curuk maneh. Rampa ku leungeun maneh ieu palebah cangkeng Kami. Maneh sing percaya, ulah terus cangcaya.” 28Cek Tomas, “Duh Gusti Jungjunan simabdi sarta Allah panutan simabdi!” 29Waler Isa, “Ayeuna maneh percaya lantaran geus pajonghok jeung Kami. Bagja, sakur anu percaya ka Kami, sanajan teu pajonghok.” 30Loba keneh tanda-tanda anu dipintonkeun ku Isa sarta nu kasaksian ku murid-murid-Na, tapi henteu dimuat dina ieu Kitab. 31Sanajan kitu, sagala rupa anu geus dimuat di dieu, kabeh geus dicatet, supaya aranjeun palercaya yen Isa teh Al Masih, Putra Allah. Upama aranjeun percaya ka Anjeunna, tinangtu hirup aranjeun teh aya dina nugrahing jenengana-Na.

will be added

X\