YAHYA 19

1Pilatus marentahkeun supaya Isa dirangket. 2Ari serdadu-serdadu, nyieun makuta tina cucuk; seug dianggokeun kana mastaka-Na bari diharuduman ku jubah ungu. 3Geus kitu, serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat ka Anjeunna. “Wilujeng, Raja urang Yahudi!” Pokna, bari nyararabokan. 4Pilatus ka luar deui, sasauran ka urang Yahudi, “Tarenjo, jelema-Na ku kami dibawa ka luar deui, supaya maraneh nyaho yen ku kami teu kapanggih dosa-Na.” 5Bari Isa dijonghokkeun, — beunang ngamakutaan ku cucuk jeung diharuduman ku jubah ungu — pok anjeunna ngalahir deui, “Pek, tarenjo ieu jelema.” 6Ger bae, imam-imam kapala jeung wakil-wakil resmi bangsa Yahudi sejenna raong, pokna, “Gantung, gantung dina kayu salib!” Saur Pilatus, “Jung barawa, gantung ku maraneh bae; sabab ku kami mah, teu kapanggih dosa-Na.” 7Urang Yahudi ngajarawab, “Cek hukum bangsa simkuring mah, eta Jelema teh, kudu dipaehan. Sabab manehna, ngaku-ngaku Putra Allah!” 8Ningali maranehna kitu, Pilatus beuki seber bae, 9tuluy lebet deui ka rohangan pangadilan, mariksa deui ka Isa, saur-na, “Ari Maneh ti mana nya asal?” Tapi ku Isa henteu diwaler. 10Saur Pilatus, “Maneh teh embung ngajawab? Na teu nyaho yen kami kawasa ngabebaskeun atawa ngahukum gantung ka Maneh?” 11Waler Isa, “Anjeun henteu kagungan kawasa naon-naon ka Simkuring, kajabi upami aya idin ti Nu linggih di sawarga. Kitu nu mawi jalmi-jalmi anu nyerenkeun Simkuring ka dieu, dosana leuwih gede ti batan dosa anjeun.” 12Pilatus saiasa-iasana milari tarekah, supaya Isa bisa bebas. Tapi urang Yahudi tingcorowok deui, “Upama eta Jelema dibebaskeun, tetela anjeun teh ngalawan ka Sang Prabu. Margi saha-saha anu ngajenengkeun maneh jadi raja, eta teh geus ngalawan ka Prabu.” 13Sanggeus dijawab kitu, Pilatus marentahkeun supaya Isa dibijilkeun; ari anjeunna mah linggih dina bagian rohangan pangadilan anu disebut Litostrotos, basa Ibranina: Gabata, hartina panggung batu. 14Harita teh poe sasadiaan Paska, kira-kira pukul dua welas beurang. Pilatus ngalahir, “Tah ieu, Raja maraneh teh!” 15Urang Yahudi tinggorowok deui, “Singkirkeun, singkirkeun!” Saur Pilatus, “Jadi, ieu Raja maraneh teh ku kami kudu digantung?” Imam-imam kapala ngajarawab, “Simkuring teu gaduh deui raja, iwal ti Prabu!” 16Tungtungna, Pilatus nyerah; Isa diserenkeun ka maranehna sina digantung. Geus kitu, tuluy Isa dibawa ku maranehna. 17Isa digiring ka hiji tempat anu dina basa Ibrani disebut Gulguta, — hartina: tempat tangkorek — bari di sina manggul kayu salib-Na ku anjeun. 18Nya di dinya, Anjeunna digantung teh, bareng jeung dua penjahat nu digantung di kencaeun jeung katuhueun-Na; ari Isa di tengah. 19Dina pucuk salib, Pilatus nulis kieu: Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi. 20Kabaca ku pirang-pirang urang Yahudi, kawantu tempat eta teh deukeut ka kota; ditulisna, dina basa Ibrani, Laten, jeung Yunani. 21Imam-imam kapala urang Yahudi arunjukan ka Pilatus, pokna, “Kalimahna saena mah ulah Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi, nanging: Kami Raja Urang Yahudi.” 22Waler Pilatus, “Naon nu geus ditulis ku kami, eta tetep moal dirobah.” 23Sanggeus digantung ku serdadu-serdadu, anggoana-Na ku maranehna dibagi jadi opat bagian, masing-masing meunang sabagian. Barang jubah-Na rek dibagi, horeng ngan mangrupa lawon sagebar nu teu dikaput. 24Cek serdadu-serdadu, “Ulah dipotongan, urang lotrekeun bae ku saha engke beunangna.” Lebah dieu bukti pisan unina Kitab Suci anu kieu: Papakean Kami dibagikeun, jubah Kami dilotrekeun. Nya kitu pisan anu dijalankeun ku serdadu-serdadu, harita teh. 25Deukeut salib-Na aya ibu-Na jeung saderek ibu-Na, nya eta Maryam, bojona Kleopas, jeung Maryam Magdalena. 26Barang Anjeunna ningali, yen ibu-Na jeung murid nu dipikaasih-Na aya di dinya; Isa sasauran ka ibu-Na, saur-Na, “Ibu, eta teh tuang putra!” 27Ari ka eta murid saur-Na teh, “Eta teh indung hidep!” Ti harita ibu-Na ku eta murid dibawa ka imahna, diaku sarta dirawatan. 28Sanggeus kitu, Isa ngaraos yen kiwari sagala rupana geus beres. Anjeunna nyoara deui (luyu jeung anu kaungel dina Kitab Suci) saur-Na, “Kami halabhab!” 29Di dinya, memang geus disadiakeun anggur nu rasana haseum, sawadah. Tuluy aya anu niirkeun sepon kana gantar dianclomkeun ka dinya, seug diantelkeun kana lambey-Na. 30Sanggeus ngaraosan, Anjeunna nyoara deui, saur-Na, “Geus cacap!” Geus kitu, mastaka-Na ngulahek lantaran Anjeunna geus masrahkeun nyawa-Na. 31Ku lantaran poe eta malem Paska, hukuman-hukuman teh teu meunang diingkeun dina kayu salib nepi ka poe Sabat, isukna. Komo Sabat anu harita mah, Sabat istimewa. Urang Yahudi marenta idin ka Pilatus, nya eta pikeun mingges-minggeskeun suku anu keur digarantung tea, supaya mayit-mayitna bisa gancang diturunkeun. 32Prak bae, hukuman-hukuman teh, ku serdadu-serdadu dipingges-pinggeskeun sukuna. Mimiti anu saurang terus anu saurang deui. 33Barang giliran Isa, eta serdadu-serdadu teu tulus minggeskeun sampeana-Na lantaran geus tetela pupus. 34Tapi aya salah saurang serdadu, anu bres bae numbak kana angkeng-Na. Cur, harita keneh, bijilan getih jeung cai. 35Eta kajadian teh geus ka tenjoeun ku hiji jelema. Naon nu geus kasaksian ku eta jelema teh, beunang dipercaya. Manehna yakin, yen naon anu geus kasaksian ku manehna teh enya-enya kajadian. Ku sabab eta, urang oge bisa percaya kana kateranganana. 36Kaayaan Anjeunna anu kitu teh, cocog pisan jeung anu geus kaungel dina Kitab Suci, kieu: “Tulang Anjeunna, sahiji oge, moal aya anu dipotongkeun.” 37Aya deui, ayat Kitab Suci anu ungelna, “Maranehna bakal neuteup ka salira-Na, anu ku maranehna ditumbak tea.” 38Geus kitu, Yusup, urang Arimatea (salah saurang murid Isa kalawan susulumputan lantaran sieun ku urang Yahudi), ngadeuheus ka Pilatus; anjeunna menta idin pikeun nurunkeun layon Isa. Sanggeus kawidian, layon-Na teh diturunkeun. 39Nikodemus oge, — anu bareto kungsi ngadeuheus ka Isa peuting-peuting tea — milu bari mawa minyak emur anu dicampur jeung minyak candana kira-kira lima puluh kilo lobana. 40Layon-Na diturunkeun ku duaan, tuluy dibungkus ku boeh jeung dibauran rarampean sakumaha adat kabiasaan urang Yahudi ari ngamakamkeun mayit. 41Di dinya, deukeut tempat Isa disalib, aya hiji taman; di dinya teh aya hiji guha, — pikeun ngamakamkeun mayit — anu can kungsi dipake. 42Ku sabab harita teh pikeun urang Yahudi mah poe panyadiaan Paska tea, layon Isa teh di lebetkeun ka dinya bae.

will be added

X\