YAHYA 18

1Tamat sasaurana-Na, Isa jeung murid-murid-Na arangkat ngajugjug ka hiji tempat di peuntaseun lebak Cikidron, terus arasup ka hiji taman. 2Yudas Iskariot, anu rek ngahianat tea, oge nyahoeun tempatna; sabab manehna ge, ku Isa teh sering dibawa ka dinya jeung murid-murid sejenna. 3Atuh teu kungsi lila, manehna ge nyusul — geus meunang idin ti imam-imam kapala jeung urang-urang Parisi — mawa pasukan serdadu jeung pangawal-pangawal Bait Allah, saged sapakarangna bari marawa lantera jeung obor. 4Isa anu ti anggalna keneh geus uninga kana bahaya anu ngancam salira-Na, terus maju nembongkeun anjeun bari mariksa, “Nareangan saha aranjeun teh?” 5Dijarawab, “Isa urang Nasaret!” Saur Isa, “Ongkoh ieu Kami!” Ari ki Yudas anu hianat, harita aya di dinya bareng jeung nu sejen. 6Barang saur Isa “Ongkoh ieu Kami,” reok kabeh alundur nepi ka ti jararengkang. 7Isa mariksa deui, “Nareangan saha?” Dijarawab cara tadi, “Isa, urang Nasaret!” 8Waler Isa, “Ongkoh cek Kami oge, ieu Kami teh. Upama enya Kami anu ditareangan teh, sok atuh geura tangkep, tapi anu sejenna ulah diganggu.” 9(Ieu teh pikeun ngabuktikeun kasaurana-Na anu kieu tea, “Maranehna, anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi, saurang oge moal diantep sina cilaka.”) 10Ari Simon Petrus anu nyoren gobang, serepet nyabut gobangna, keplas dikadekkeun ka bujangna Imam Agung, anu ngaranna Malkus: Keuna kana ceulina nepi ka rampung. 11Tapi saur Isa ka Petrus, “Asupkeun deui pedang maneh teh kana sarangkana! Sabab geus jadi kawajiban Kami nguyup eusi lumur anu disodorkeun ku Ama Kami teh, lain?” 12Kerewek, Isa ditangkep ku serdadu-serdadu kalawan dipingpin ku komandanna jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi; Anjeunna ditangkep sarta dibarogod panangana-Na. 13Mimitina, Isa dibarawa ka Anas, mertuana Kayapas, anu taun harita jeneng Imam Agung. 14Kungsi Kayapas teh mere timbangan kieu, “Mending paeh jalma hiji keur kapentingan jalma rea.” 15Waktu Isa dibawa, Simon Petrus nuturkeun, duaan jeung murid saurang deui. Ari eta baturna, anu saurang deui tea, wawuheun ka Imam Agung. Jadi waktu Isa dibawa asup ka gedong Imam teh, manehna mah terus bae milu asup; 16ari Petrus mah, ninggalkeun maneh di luar. Teu lila, murid anu asup tadi teh, kaluar deui; tuluy cacarita jeung hiji awewe purah ngajaga panto. Geus kitu, Petrus, ku manehna dibawa asup. 17Tapi ku awewe nu ngajaga panto tea, Petrus ditanya, “Ari maneh teh lain murid Isa keneh?” Jawab Petrus, “Lain!” 18Harita, hawa kacida tirisna, pangawal-pangawal jeung bujang-bujang marirun seuneu, tuluy saliduru; Petrus oge milu siduru. 19Isa dipariksa ku Imam Agung tina perkara murid-murid-Na jeung perkara pangajarana-Na. 20Ku Isa diwaler, “Simkuring unggal nyarita di hareupeun jalma rea teh salamina oge satarabasna, boh di tempat-tempat ibadah, boh di Bait Allah tempat kumpulan urang Yahudi, tara dipandang-dipinding. 21Naha nganggo mariksakeun deui? Ari palay uninga mah, sae pariksakeun bae ka sugri anu kungsi ngabarandungan caritaan Simkuring, tangtos tarerangeun.” 22Tutas sasauran kitu, jebot, Anjeunna dicabok ku pangawal anu ngajaga pangdeukeutna ka Anjeunna. Cek eta pangawal, “Ka Imam Agung maneh wani ngajawab sarupa kitu!” 23Saur Isa, “Naon salahna ucapan Kami, coba sebutkeun! Sabalikna, upama ucapan Kami bener, naon perluna maneh nyabok?” 24Geus kitu, Anjeunna ku Anas dikirim ka Kayapas Imam Agung; ari panangana-Na tetep dibarogod. 25Ari Simon Petrus keur siduru keneh. Ku nu saliduru ditanya, “Ari maneh teh lain murid-Na?” 26Petrus mungkir, pokna, “Lain!” Pok, deui hiji bujang Imam Agung, — barayana ki Malkus anu dikadek ceulina tea — ngomong, “Lain maneh teh anu ku kuring katembong bareng jeung Isa di taman tea?” 27Sakali deui, Petrus ngangles. Harita keneh, kadenge sora hayam kongkorongok. 28Barang bray, beurang; Isa dibawa ka gedong Pangadilan Pilatus, tapi anu marawa-Na, arembungeun asup. Sabab sarieuneun kanajisan, bisi batal sarta henteu bisa milu kana riungan ‘dahar Paska.’ 29Ku sabab eta, Pilatus ka luar nepungan maranehna. Tuluy anjeunna mariksa, “Naon perkarana ieu Jelema teh?” 30Jawab maranehna, “Upami sanes Jalma jahat, piraku dibantun ka dieu!” 31Saur Pilatus, “Hukum bae ku sorangan, sakumaha hadena cek Toret maraneh.” Tembal urang Yahudi, “Bangsa simkuring teu wenang ngahukum pati.” 32Lebah dieu baris bukti pilahir Isa basa Anjeunna ngagambarkeun cara-caraning pipupuseuna-Na. 33Pilatus lebet deui ka rohangan pangadilan; Isa disaur, tuluy dipariksa, “Maneh teh raja urang Yahudi?” 34Waler Isa, “Mariksakeun kitu teh, naha kajurung ku gerentesing manah ku anjeun atanapi ku margi mendak wartos ti anu sanes?” 35Waler Pilatus, “Na kami teh bangsa Yahudi kitu? Maneh diserenkeun ka kami teh, ku bangsa Maneh sorangan jeung ku imam-imam kapalana. Nyieun dosa naon Maneh teh?” 36“Karajaan Simkuring sanes di dunya ayana. Upama karajaan Simkuring di dunya mah, balad Simkuring tangtu bebela, supaya Simkuring ulah nepi ka beunang ku urang Yahudi. Sanes, karajaan Simkuring sanes di dunya ieu.” 37Saur Pilatus, “Jadi, bener Anjeun teh raja?” Waler Isa, “Tah geuning disebat. Memang Simkuring Raja. Simkuring dijurukeun, lahir ka alam dunya, seja ngabuktikeun naon kayaktian teh. Jalmi-jalmi anu sayaktina mah, tangtu apal kana sora Simkuring.” Saur Pilatus, “Naon ari kayaktian teh?” 38Sanggeus sasauran, Pilatus ka luar deui mendakan urang Yahudi, tuluy nyarios, “Eta sakitan teh euweuh dosa-Na. 39Ayeuna kieu: Ngingetkeun yen dina unggal-unggal hari raya Paska maraneh geus biasa menta supaya kami ngabebaskeun salah saurang hukuman, kumaha upama eta Jelema dibebaskeun ayeuna?” 40Urang Yahudi raong tingcorowok, “Ulah! Barabas bae leupaskeun!” Ari Barabas teh jelema jahat.

will be added

X\