YAHYA 16

1“Eta kabeh, ku Kami dicaritakeun ka maraneh; supaya engkena, maraneh ulah harandeueul ku lantaran Kami, seug bae noker ka Kami. 2Maraneh bakal dikucilkeun ti masarakat, malah bakal aya mangsa: Sing saha anu ngala pati maraneh, cek pangrasana mah ngabdi ka Allah. 3Kituna teh bawaning ku balilu, teu wawuh ka Kami. 4Maraneh dibarejaan soteh, supaya dina kasorangna maraneh aringet, yen hal eta teh ku Kami geus diomongkeun ka maraneh tiheula. Henteu dibejakeun ti bareto soteh, pedah Kami aya keneh babarengan. 5Ayeuna Kami geus tereh mulang ka Anu ngutus; ari maraneh bet euweuh anu panasaran nanyakeun Kami teh rek ka mana. 6Ku kituna mah, kaharti. Sabab maraneh ngarasa kaletir, ku hal anu bieu ku Kami disebutkeun tea. 7Tapi masing percaya, Kami iang teh hade temahna ka maraneh. Sabab lamun Kami henteu iang, nu baris ngaping teh moal sumping. Sabalikna, mun Kami iang, nya Kami nu baris ngutus Anjeunna ka maraneh. 8Di mana Anjeunna geus sumping, baris nginsafkeun umat dunya kana dosa-dosana, kana kayaktian, jeung kana kaadilan. 9Sual dosa-dosana, nya eta: Maranehna teu palercaya ka Kami, 10sual kanyataan anu sabener-benerna, nya eta: Bener, yen Kami mulang teh ka Rama sarta moal tembong deui ka maraneh. 11Sual kaadilan, nya eta: roh anu ngageugeuh, ngawasaan ieu dunya teh geus meunang hukuman. 12Loba keneh, anu perlu dicaritakeun ka maraneh teh. Ngan nya kitu, ayeuna mah maraneh moal kuat nyanggana. 13Engke bae, ari Ruh Kayaktian tea sumping, tangtu maraneh ku Anjeunna ditungtun kana hal-hal anu saestuna. Sabab Anjeunna, moal sasaur-saurna; anu bakal disaurkeunana teh, kabeh oge, sakur anu geus kadangueun ku Anjeunna sarta ka maraneh baris nuduhkeun hal-hal anu bakal kajadian. 14Anjeunna baris ngamulyakeun ka Kami, ku jalan nerangkeun ka maraneh sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 15Sakur anu jadi kagungan Rama, jadi milik Kami ongkoh. Eta sababna, cek Kami bieu: Anjeunna bakal nerangkeun sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 16Geus tereh kana waktuna, maraneh moal papanggih deui jeung Kami; tapi moal lila deui oge, tangtu patepung deui.” 17Murid-murid tingkucuwes pada batur, “Naha kitu nyarios-Na? Ongkoh saur-Na geus tereh waktuna maraneh moal panggih deui jeung Kami, ongkoh moal lila deui oge baris patepung deui. Jeung saur-Na deuih: Kami rek mulang ka Ama. 18Naon maksudna ‘geus tereh’ teh? Asa teu ngalalarti!” 19Ku Isa kasurti, yen maranehna harayangeun naranyakeun naon pihartieunana. Ku sabab eta, Anjeunna nyarios kieu, “Cek Kami, geus tereh waktuna maraneh moal papanggih deui jeung Kami, tapi moal lila deui oge tangtu patepung deui. Eta anu jadi pasualan pikeun maraneh teh, lain? 20Hartina anu saenyana teh kieu: Maraneh teh bakal pinuh ku kapaur jeung dipuhit ku prihatin; sabalikna, dunya umumna mah suka gumbira. Moal henteu, maraneh teh bakal nandangan sungkawa anu pohara. Tapi eta kasungkawaan teh, pasti robah ngajadi kabagjaan. 21Awewe ari keur ngajuru, estu pinuh ku rasa kanyeri; tapi ari orokna geus brol mah, lat poho kana kanyerina; kasilih ku bungah jeung bagja, ku medalna jabang bayi ka alam dunya. 22Kitu oge maraneh. Ayeuna loba kasusah, engke mah hate maraneh teh bungangang; suka bungah lantaran papanggih deui jeung Kami. 23Dina mangsa eta mah, maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya: Naon bae panuhun maraneh ka Ama, anu disuhunkeun kalawan mawa ngaran Kami, tangtu dikabul. 24Nepi ka ayeuna maraneh acan neneda kalawan mawa ngaran Kami. Pek ayeuna mah neneda teh mawa ngaran Kami, pasti ditedunan malar meunang kabungahan anu taya papadana. 25Nu enggeus-enggeus, Kami ngomong ka maraneh teh sok make jalan siloka bae. Engke mah, kaayaan Rama teh rek ditetelakeun saterang-terangna, moal ku jalan siloka deui. 26Ka hareup mah, maraneh neneda teh, tangtu kalawan nyambat ngaran Kami. Jadi, Kami teu perlu jangji baris mangnyuhunkeun ka Ama pikeun maraneh. 27Sabab Ama ku anjeun, nu mikanyaah ka maraneh teh. Eta teh, ku lantaran maraneh geus nyaraah sarta palercaya ka Kami, yen Kami asal ti Allah. 28Bener pisan Kami teh asal ti Rama, datang ka dunya. Ayeuna Kami rek ninggalkeun dunya, mulang deui ka Ama.” 29Pihatur murid-murid, “Ayeuna mah, cariosan Jungjunan teh terang; tetela, teu nganggo jalan siloka. 30Leres, ayeuna mah, abdi-abdi terang yen Jungjunan teh sarwa uninga, abdi-abdi parantos teu gaduh kapanasaran deui. Percanten ayeuna mah, yen Jungjunan teh asal ti Allah.” 31Waler Isa, “Percaya maraneh ayeuna mah? 32Saksian: Bakal datang mangsana, malah geus der ti ayeuna keneh; maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, ari Kami ditinggalkeun sorangan bae. Tapi Kami, moal nyorangan sabab aya Ama anu nyarengan. 33Eta kabeh ku Kami dibejakeun, supaya hate maraneh jongjon enggoning anut ka Kami. Di dunya, maraneh dikaniaya teh, tapi kuatkeun hate maraneh sabab dunya teh, geus ditundukkeun ku Kami.”

will be added

X\