YAHYA 15

1“Kami teh tangkal anggur anu saestuna, ari Ama Kami teh anu miarana. 2Upama aya dahanna anu teu daek buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan diurus sarta diberesihan, supaya buahna leubeut. 3Maraneh geus dibararesihan ku pangandika-Na anu diwurukkeun ku Kami. 4Sing tetep manunggal jeung Kami tangtu Kami tetep manunggal jeung maraneh. Sabab sakumaha dahan, mustahil buahan, lamun henteu ngahiji keneh jeung tangkalna. Maraneh oge moal beubeunangan naon-naon, lamun henteu manunggal jeung Kami. 5Kami teh tangkal anggurna; ari maraneh, dahan-dahanna. Anu baris aya beubeunanganana teh, nya eta anu hirupna manunggal jeung Kami sarta Kami ge, manunggal jeung manehna teh. 6Hirup pisah ti Kami lir dahan geus beunang nilas, baris garing jadi suluh keur durukeun. 7Mun maraneh tetep rarumaket ka Kami sarta arariman kana piwuruk Kami; maraneh meunang barang penta naon bae, tanwande ditedunan. 8Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami dimulyakeun teh; nya supaya maraneh teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi murid-murid Kami.” 9“Kami teh nyaah ka maraneh, cara Ama nyaah ka Kami. Muga hirup maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah Kami. 10Mun hayang dipikanyaah, sing nurut kana parentah, cara Kami diasih ku Ama lantaran ngestokeun kana timbalana-Na. 11Disebutkeun soteh, supaya maraneh milu ngarasakeun kabagjaan Kami, malar kabagjaan maraneh cacap sampurna. 12Parentahna mah, nya eta: Sing silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah maraneh! 13Euweuh kanyaah anu ngungkulan kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun pati sajeroning ngabela anu jadi sobat. 14Maraneh teh sobat Kami, asal iklas ngalakonan parentah-parentah Kami. 15Ku Kami, maraneh moal dianggap badega; da badega mah, moal nyahoeun kana pikarepeun dunungan. Tandana dijieun sobat teh, kapan maraneh ku Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku Ama didawuhkeun ka Kami. 16Lain maraneh anu milih Kami, tapi Kami anu geus milih maraneh. Lian ti eta, maraneh oge, — sakumaha dahan-dahan tea — ku Kami teh geus ditangtukeun kudu bral arindit, ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna teh sing datang ka awet langgeng; supaya sagala panuhun maraneh ka Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami, bisa dikabul. 17Tah kitu pameredih Kami: Sing silih pikanyaah!” 18“Upama maraneh dipikangewa ku dunya, sing inget: Kami mah geus dipikageuleuh ti heula. 19Mun maraneh ti kalangan dunya keneh mah, tangtu bae ku maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku lantaran maraneh mah ku Kami geus dipilih, dicokot ti dinya, munasabah dipikageuleuh oge. 20Sing inget kana omongan Kami anu kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan harkat dunungan. Upama Kami ku maranehna dikaniaya, maraneh oge tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami ku maranehna didarenge, omongan maraneh oge tangtu didarenge. 21Tapi ku lantaran maraneh teh murid Kami, geus tangtu kana dikaniayana teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu ngutus Kami. 22Lamun tea mah maranehna ku Kami teu didatangan, teu diwurukan, tangtu moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari geus kitu mah buktina, kadorakaanana hamo bisa diangles ku maranehna. 23Jalma anu mikangewa ka Kami, eta teh mikangewa ka Rama. 24Lamun seug Kami acan kungsi nembongkeun hal-hal anu hamo bisa dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus kitu kajadianana, narenjo pagawean-pagawean Kami teh maranehna anggur ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami. 25Dasar kudu tinekanan ungel timbalan anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‘Tanpa sabab, maranehna geus mikageuleuh ka Kami.’ 26Tapi engke oge datang Pangaping, Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti Ama Kami jeung anu baris diutus ku Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal netelakeun saha saenya-enyana Kami teh. 27Tapi maraneh oge kudu marere panyaksen, netelakeun nu eces saha saenyana Kami teh. Sabab maraneh, geus hirup babarengan jeung Kami ti awal mulana keneh.”

will be added

X\