YAHYA 13

1Samemeh poe Paska dimimitian, Isa geus ngaraos yen Anjeunna tereh ngantunkeun alam dunya mulang ka kersa Rama-Na. Manah-Na ngait ka murid-murid-Na anu salawasna dipikaasih nepi ka tutug tugas-Na. 2Kacatur, dina waktu dahar peuting, Iblis sumanding ka Yudas Iskariot bin Simon, mere pokal pikeun ngahianat ka Isa. 3Isa ngaraos geus kapasrahan sagala rupana ti Ramana sarta uninga Anjeunna asal ti Allah sarta kudu mulang deui ka Allah. 4Tuluy Anjeunna ngadeg sarta muka jubah-Na; top, kana kaen panyeka; rap, dibeulitkeun kana angkeng-Na; 5cur, nyicikeun cai kana baskom; terus Anjeunna ngumbahan suku murid-murid-Na sakalian diseka dituuskeun ku kaen panyeka tea. 6Barang nepi ka giliran Petrus, manehna mihatur, “Jungjunan teh bade ngumbah suku abdi?” 7Isa ngawaler, “Moal kaharti ayeuna mah ku maneh naon sababna Kami migawe kieu, tapi engke ge kaharti.” 8Petrus nempas, “Ulah Jungjunan, paralun teuing Jungjunan dugi ka kedah ngumbah suku abdi!” Waler Isa, “Teu dikumbah ku Kami mah, maneh teh moal meunang naon-naon ti Kami.” 9Tembal Petrus, “Upami kitu, ulah mung suku wungkul, neda sakalian bae sareng leungeun katut sirah deuih.” 10Waler Isa, “Nu geus mandi mah, teu kudu beberesih deui iwal ti ngumbah suku, tangtu beresih sakujur awak. Maraneh memang geus bararesih, hanjakal henteu kabeh.” 11Pangna Anjeunna nyaurkeun henteu kabeh bararesih teh lantaran geus uninga saha anu boga niat ngahianat. 12Anggeus ngumbahan suku, Anjeunna dijubah deui terus calik dina urut-Na tadi; pok, sasauran ka sarerea, “Kahalarti maksud pagawean Kami bieu? 13Maraneh ka Kami nyarebut Guru jeung Jungjunan. Merenah pisan nyarebut kitu teh. Enya, Kami teh Guru maraneh jeung Jungjunan maraneh. 14Kami, Guru jeung Jungjunan maraneh, geus ngumbahan suku maraneh. Ku kituna, maraneh oge wajib silih kumbah suku pada batur. 15Bieu Kami teh nyontoan, supaya maraneh oge daraek ngalampahkeun kitu, sakumaha conto ti Kami. 16Sing kaharti, harkat badega moal ngaleuwihan dunungan, harkat utusan moal ngaleuwihan anu ngutusna. 17Upama geus ngalalarti, pinasti maraneh tinemu jeung bagja lantaran milampah kitu.” 18“Ieu omongan Kami teh, henteu ditujukeun ka kabehan. Kami nyaho, saha jelema-jelemana anu beunang Kami milih. Ngan bae ungel Kitab teh kudu tinekanan, nya eta: ‘Jalma anu ngilu ngadahar roti Kami, geus noker ka Kami.’ 19Memeh eta kajadian, ku Kami dibejakeun ti ayeuna, supaya ana geus kajadian maraneh percaya yen anu ditoker teh Kami. 20Cek Kami ka maraneh: Sing saha anu ngaku ka utusan Kami, hakekatna mah ngaku ka Kami. Sing saha anu ngaku ka Kami, hakekatna mah ngaku ka Anu ngutus ka Kami.” 21Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna katarajang nalangsa kabina-bina; tuluy pok, Anjeunna nyarios, “Kami rek terus terang bae, yen ti antara maraneh aya saurang anu boga niat nyilakakeun ka Kami.” 22Murid-murid silih pelong bari silih taksir saha jelemana. 23Aya hiji murid, nu diukna mani meh padempet jeung Isa, ma'lum diasih pisan. 24Eta murid, ku Simon Petrus diisarahan sina nanyakeun ka Anjeunna, “Tanyakeun saha kituh jelemana!” 25Pok, eta murid, mihatur ka Isa bari ngalendean, “Saha tea jalmina teh, Jungjunan?” 26Waler-Na, “Nu ku Kami diasongan roti beunang nyocolkeun kana pinggan; tah eta, jelemana teh.” — bari top kana roti, tuluy dicocolkeun kana pinggan — Ari song teh, diasongkeunana, ka Yudas bin Simon Iskariot. 27Ku Yudas ditampanan, harita keneh manehna kasandingan Iblis. Ku Isa terus dijurung ku saur, “Heug geura pigawe niat maneh teh!” 28Anu keur dalahar, saurang ge, taya nu ngarti pangna Isa nyarios kitu ka ki Yudas. 29Ngan ku sabab ki Yudas teh tukang nyimpen duit, aya anu nyangka, yen manehna dititah barang beuli keur kaperluan pesta atawa dititah mere sidekah ka anu miskin. 30Ari ki Yudas, sanggeus nampanan roti, terus ngajengkat; gejlig, manehna indit teu nolih geus peuting. 31Sanggeus Yudas indit, Isa nyarios, “Ayeuna Anak Manusa teh geus waktuna dimulyakeun, mancurkeun kamulyaan Allah. 32Upama Allah geus dimulyakeun ku parantaraan Anak Manusa, Anak Manusa oge, tanwande dimulyakeun ku Allah tur moal diengkekeun deui. 33Anaking, moal lila-lila deui Kami bisa reureujeungan kieu teh; engke, maraneh, tangtu bakal nareangan Kami, tapi sakumaha anu ku Kami geus diomongkeun ka urang Yahudi: Ka tempat anu ku Kami dijugjug, pamohalan maraneh bisa datang. Ka maraneh oge kitu Kami ngomong teh. 34Ayeuna, Kami rek mere patokan anyar: Kudu silih pikanyaah pada batur. Sing sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah pada batur. 35Sabab ku jalan silih pikanyaah teh, tanwande tembong ka nu sejen, yen maraneh murid Kami.” 36Simon Petrus mihatur, “Dupi Jungjunan bade ka mana?” Waler-Na, “Ka hiji tempat, anu ku maneh moal bisa katuturkeun. Sanajan kitu, ari engkena mah, maneh bisa nuturkeun Kami.” 37Tembal Petrus, “Naon margina abdi moal tiasa nuturkeun Jungjunan ti ayeuna keneh? Abdi sumeja iklas toh pati demi salira Jungjunan!” 38“Jadi, maneh teh rek bela pati ka Kami?” Waler Isa. “Ieu dengekeun omongan Kami: Memeh aya hayam kongkorongok subuh, maneh geus tilu kali mungkiran, ngangles ka Kami.”

will be added

X\