YAHYA 12

1Pigenep poeeun deui kana pesta Paska, Isa angkat deui ka Betania, urut Anjeunna ngahirupkeun deui Lasarus tea. 2Di dinya Anjeunna aya anu ngondang tuang. Tuangna bareng jeung Lasarus, dilaladenan ku Marta. 3Ari Maryam ngaluarkeun minyak seungit satengah kati anu tulen tur mahal hargana, tuluy dibalurkeun kana sampean Isa. Saenggeusna, disusutan ku buukna. Seungitna nyambuang saimah-imah. 4Pok, Yudas Iskariot, murid anu boga niat ngahianat ka Isa ngomong, 5“Minyak anu kitu mah payu kana tilu ratus dinar, mun heug dijual, ladangna bisa disidekahkeun ka pakir miskin.” 6Ngomong kitu soteh, lain ku tina karunyaeun ka nu mariskin; ngan nya kitu, manehna teh tukang malingan duit sumbangan anu disimpenna dipercayakeun ka manehna. 7Saur Isa, “Ulah diopenan, keun bae sakarepna. Eta teh aya patalina jeung poean Kami dimakamkeun. 8Anu mariskin mah, salawasna oge aya di maraneh; ari Kami mah, moal salilana babarengan teh.” 9Urang Yahudi loba anu nyarahoeun, yen Isa aya di dinya; tuluy maranehna dararatang ka dinya. Sajaba ti seja maranggihan Anjeunna, maranehna teh, harayangeun nenjo Lasarus ongkoh anu geus dihirupkeun deui tea. 10Akibatna, Lasarus oge diarah ku imam-imam kapala rek dipaehan, 11ku sabab geus jadi lantaran loba urang Yahudi anu narukangan ninggalkeun aranjeunna, malik jadi palercaya ka Isa. 12Poe isukna, barang anu keur pararesta nyarahoeun yen Isa geus di jalan rek sumping ka Yerusalem, 13maranehna seug ngaralaan palapah korma; terus budal marapagkeun bari salusurakan, pokna, “Hosana! Wilujeng Raja Israil, anu sumping kalayan asma Pangeran!” 14Isa nunggang kalde ngora keneh, panggih di perjalanan; ku kituna tinekanan ungel kitab anu kieu: 15“Ulah sieun Putri Sion! Tuh raja maneh sumping, nitihan anak kalde!” 16Tadina mah, ieu ayat ku murid-murid teu kahalartieun. Ayeuna, sanggeus Isa dipapag sarta dihormat-hormat ku jalma rea, kakara kahalartieun yen eta ayat teh ngeunaan Anjeunna. 17Hal Anjeunna nyaur Lasarus nepi ka hirup deui kaluar tina makamna, geus kauar-aer diutarakeun ku jalma-jalma anu nyaraksian kajadianana. 18Pangna jalma rea mapagkeun Anjeunna teh, nya lantaran ngadarenge eta mujijat tea. 19Harita, urang Parisi mah anggur tinggelendeng pada batur, pokna, “Kitu puguh oge! Paniatan urang teu laju-laju. Tuh geuning, mani sadunya marilu biluk kabeh ka Manehna!” 20Dina pesta Paska teh, aya sawatara urang Yunani anu milu ngalakonan ibadah. 21Maranehna nyampeurkeun ka Pilipus, urang Betsaida, di Galilea. “Juragan,” pokna ka Pilipus, “abdi-abdi teh hoyong tepang sareng Isa.” 22Pilipus bebeja heula ka Andreas; geus kitu, duanana mihatur ka Isa. 23Isa nyarios, saur-Na, “Ayeuna, Putra Manusa teh geus waktuna dimulyakeun. 24Rek diterangkeun ku Kami, yen upama binih henteu mebes kana taneuh jeung henteu nyorang paeh heula; lamun sasiki teh, tetep bae sasiki. Tapi lamun eta binih, nyorang paeh heula mah; tangtu bakal loba buahna. 25Anu lebar kana nyawana, bakal kaleungitan nyawa. Anu dina hirupna iklas kana nyawana, eta teh geus mulasara nyawa guna ngahontal hirup langgeng. 26Anu seja ngabdi ka Kami, kudu nuturkeun Kami; di mana Kami aya, manehna oge kudu aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami baris diajenan ku Rama. 27Mangsa anu matak lewang kana jiwa Kami, ayeuna geus datang. Na kumaha Kami nya pipetaeun? Naha kudu unjukan: Nun Ama, mugi abdi diluputkeun, nyorang mangsa ieu! Paralun teuing menta kitu! Sabab ieu mangsa teh, wajib ku Kami disorang tur eta pisan anu jadi tujuan Kami. 28Nun, Ama, mugi jenengan Ama dimulyakeun.” Sapada harita keneh, aya soara ti langit, kieu, “Enggeus ku Kami dimulyakeun jeung baris dimulyakeun deui!” 29Eta soara kadarengeeun oge ku jalma rea teh. Ari cek maranehna mah, nu aya didinya, eta teh sora guludug. Cek nu sawarehna deui, “Malaikat sasauran ka Anjeunna!” 30Saur Isa, “Eta soara lain nyarita ka Kami, tapi ka aranjeun. 31Ayeuna mangsana ngamimitian nerapkeun hukuman ka ieu dunya sarta anu ngageugeuhna baris dipeclengkeun. 32Ari Kami, di mana geus diangkat ti bumi, baris narik sakabeh manusa sina daratang ka Kami.” 33Ucapana-Na kitu teh pikeun ngagambarkeun petana maot nu ku Anjeunna bakal kasorang. 34Jalma rea malihatur, “Numutkeun anu kakuping tina Toret, Al Masih teh baris jumeneng salalanggengna. Tapi naha saur Anjeun Putra Manusa teh baris ‘diangkat’? Saha anu disebat Putra Manusa teh?” 35Waler Isa, “Anu jadi Caang teh, ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Geura lalumaku, meungpeung caang keneh bisi kaburu poek. Geus poek mah, lumaku teh tangtu utag-atog teu nyaho di jalan. 36Sing percaya ka Anu jadi Caang, meungpeung caangna aya di maraneh, supaya maraneh jaradi umatna Caang.” Sanggeus nyarios kitu, Isa terus nyingkir ti dinya. 37Sakitu reana Isa nembongkeun mujijat, tapi urang Yahudi weleh teu daraek percaya ka Anjeunna. 38Cocog pisan jeung kasauran Nabi Yesaya, baheula, kieu: “Nun Pangeran, saha anu daek percaya kana uaran abdi? Sareng ka saha kawasa panangan Jungjunan teh barisna ngabukti?” 39Pantes atuh, teu daraek percaya oge, sabab saur Nabi Yesaya keneh: 40“Ku Anjeunna panon maranehna disina lolong, sina baredegong nareuaskeun hate, datang ka teu arawas sanajan beunta, hatena henteu daraek narima, seug tarobat, malar bisa diwaluyakeun ku Kami.” 41Kitu saur Nabi Yesaya, anu geus ningal kamulyaan Al Masih, nepi ka bisa nyarioskeun hal Anjeunna. 42Tapi papadaning kitu, loba ti golongan para pamingpin anu percaya ka Anjeunna; ngan nya kitu, teu waranieun bruk-brak sabab sarieuneun ditoker ku urang Parisi. 43Maranehna leuwih kataji ku panghormat ti pada jalma ti batan ku pangajen ti Allah. 44Ti dinya Isa nyarios, saur-Na, “Anu percaya ka Kami teh, dina hakekatna mah lain percaya ka Kami, tapi ka Anu ngutus Kami. 45Anu awas nenjo ka Kami, tangtu awas nenjo ka Anu ngutus Kami. 46Kami — Anu jadi Caang — turun ka dunya teh, supaya anu percaya ka Kami ulah hirup di alam poek. 47Sing saha anu ngadenge omongan Kami, tapi henteu jeung ngalampahkeunana, ku Kami moal rek dihukum. Sabab pangna Kami datang teh, lain seja ngahukum. Tapi sabalikna, rek nyalametkeun pangeusi dunya. 48Ari anu nolak ka Kami jeung embung ngadenge kana omongan Kami, geus aya anu baris ngahukumna. Nya ucap-ucapan Kami anu baris ngahukumna, engke, dina poe kiamat. 49Sabab omongan anu dikedalkeun ku Kami teh, lain ucapan Kami sorangan, tapi pangandika Rama anu ngutus Kami. Nya Anjeunna, anu nimbalan naon anu kudu diucapkeun ku Kami sarta naon anu kudu ditepikeun. 50Tur Kami nyaho, yen wujudna Pangandika Anjeunna teh, nya eta hirup langgeng. Omongan anu kedal ti Kami ge, kabeh teh, diucapkeunana nurutkeun sakumaha timbalan Rama.”

will be added

X\