YAHYA 11

1Di Betania aya nu gering payah ngaranna Lasarus, dulurna Maryam jeung Marta. 2Maryam teh, nya eta anu bareto ngaminyakan Isa ku minyak seungit jeung nyusutan sampeana-Na ku buukna tea. 3Maryam jeung Marta ngirim kabar ka Isa kieu, “Jungjunan, pun dulur anu ku Jungjunan dipikanyaah ayeuna nuju udur.” 4Saur Isa, sanggeus kenging wartos, “Panyakitna moal nepi ka matak ajal, malah bakal jadi lantaran tembongna kakawasaan Allah sarta dimulyakeunana Putra Allah.” 5Anjeunna memang nyaah pisan ka Marta, Maryam, jeung Lasarus teh. 6Tapi diwartosan Lasarus gering teh, Anjeunna mah calik-calik bae di dinya. 7Heuleut dua poe ti harita, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Ayeuna urang ka Yudea deui.” 8Cek murid-murid, “Rabi (Guru), teu acan lami Rabi teh bade dibaledogan ku urang Yahudi di ditu, dupi ayeuna bade ka ditu deui!” 9Waler Isa, “Sapoe teh, lain aya dua welas jam? Lamun indit beurang-beurang piraku suku titajong, kapan ti beurang mah caang. 10Titatarajong soteh, lamun leumpang peuting sabab teu tembong tincakeun.” 11Saur-Na, “Lasarus, dulur urang teh keur sare, ayeuna urang teang, ku Kami rek dihudangkeun.” 12Cek murid-murid, “Parantos tiasa mondok mah atuh majeng kana sae, Jungjunan!” 13Maksud Isa mah, “keur sare” teh geus maot; ari ku murid-murid dihartikeunana sare biasa bae. 14Ku Isa diterangkeun sageblasna, saur-Na, “Geus maot Lasarus teh. 15Maotna keur Kami euweuh di ditu. Tapi pikeun maraneh aya alusna, baris mawa maraneh kana percaya. Ayeuna mah, hayu urang ka ditu!” 16Cek Tomas — anu katelah Didimus — ka batur-baturna, “Hayu urang arindit, urang ngadon paeh babarengan jeung Anjeunna.” 17Opat poe sanggesna Lasarus dimakamkeun, jol, Isa sumping. 18Betania teh deukeut ka Yerusalem, ngan kurang leuwih dua pal jauhna. 19Loba urang Yahudi anu ngaralayad nembongkeun katresnan ka Marta jeung Maryam anu keur kapapatenan. 20Barang ngadenge beja yen Isa sumping, Marta ka luar mapagkeun, ari Maryam mah cicing bae di imah. 21“Jungjunan,” cek Marta sanggeus amprok, “upami Jungjunan aya mah harita, pun dulur teh moal dugi ka maot; 22sanaos kitu, ayeuna oge abdi yakin yen mundut naon bae oge Jungjunan mah ku Allah tangtos dikabul.” 23Waler Isa, “Dulur nyai teh tangtu hirup deui.” 24Cek Marta, “Leres, bakal hirup deui, engke dina poe kiamat.” 25Waler Isa, “Kapan Kami nu jadi sumbering hirup sarta anu baris ngahudangkeun jelema-jelema dina poe kiamat teh. Anu percaya ka Kami bakal tetep hirup, sanajan geus paeh oge. 26Sing saha anu keurna hirup percaya ka Kami, salalawasna oge moal keuna ku paeh. Percaya atawa henteu?” 27Tembal Marta, “Jungjunan, abdi percanten. Jungjunan teh Al Masih, Putra Allah, anu parantos lumungsur ka dunya.” 28Ti dinya Marta balik deui ka imah terus ngaharewos ka Maryam, “Guru urang ngantos di jalan, mariksakeun maneh.” 29Maryam cengkat, terus ka luar rek mapagkeun Isa, 30anu keur di jalan keneh di palebah urut amprokna tadi jeung Marta. 31Ku nu ngaralayad ditaluturkeun, samarukna Maryam rek ka makam ngadon ceurik. 32Maryam ngarangkul kana sampean Isa bari unjukan, “Duh Jungjunan, upami Jungjunan aya mah, harita, pun dulur teh tangtos moal dugi ka maot.” 33Ningali Maryam ceurik, kitu deui ningali anu ngaralayad, Isa jadi nalangsa, tuluy mariksa bari dumareuda, saur-Na, 34“Di mana makamna?” Dijarawab, “Di ditu, mangga tingalian.” 35Isa nangis kagagas. 36Cek urang Yahudi anu ngaralayad, “Tetela nyaaheunana ka nu geus ninggalkeun teh.” 37Aya oge anu ngaromong kieu, “Na teu bisaeun kitu nyegah almarhum maot; da bisaeun ari ngabeuntakeun anu lolong mah?” 38Ngadangu nu ngaromong kitu, Isa tambah nalangsa, terus muru ka makam. Makamna teh mangrupa guha, lawangna ditutup ku batu gede. 39“Singkirkeun batuna!” Saur-Na. “Jungjunan,” cek Marta, “parantos bau, margi parantos opat dinten.” 40Saur Isa, “Cek Kami oge, lamun nyai percaya tangtu bakal nenjo kakawasaan Pangeran!” 41Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa tanggah terus sasauran, “Nun Ama, pinten-pinten nuhunna wireh Ama kersa ngadangu kana panuhun. 42Abdi terang, panuhun Abdi salamina ku Ama di makbul. Dikedalkeun soteh, supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen Abdi teh utusan Ama.” 43Geus kitu Anjeunna nyoara tarik pisan, “Lasarus, geura bijil!” 44Kurunyung nu maot teh ka luar, suku jeung leungeunna dibeungkeut keneh ku boeh, beungeutna katutupan kapas. Saur Isa, “Buka boehna, supaya laluasa!” 45Ti antara urang Yahudi anu daratang ka Maryam, sanggeus narenjo eta mujijat loba anu tuluy percaya ka Isa. 46Tapi eta padamelan Anjeunna teh, aya anu ngalaporkeun ka urang Parisi. 47Geus kitu, imam-imam kapala jeung urang Parisi ngumpulkeun anggota-anggota Mahkamah Agama. Aromongna, “Kumaha sikep urang ka eta Jelema! Geus loba nyieunna mujijat. 48Upama terus diantep, rayat kabeh tangtu palercaya ka Manehna. Ahirna, ieu tanah Suci direbut ku urang Rum sarta bangsa urang teh tangtu tamat riwayatna.” 49Pok, Kayapas, — Panghulu Agung dina taun eta — sasauran, “Aranjeun tangtu acan tarerang 50sarta acan sadar yen pikeun aranjeun leuwih hade jelema ieu anu hiji paeh gaganti bangsa ti batan bangsa urang tumpur pisan.” 51Ieu ucapanana, saenyana, lain buah pikiranana ku anjeun. Tapi anjeunna anu jeneng Panghulu Agung taun eta, ucapanna nya geus ngajadi hiji nubuwatan pikeun ngagambarkeun yen Isa kudu dipaehan gaganti bangsa; 52malah lain guna eta bangsa wungkul, tapi oge baris ngumpulkeun sarta ngahijikeun deui sakumna putra-putra Allah anu geus pabalencar. 53Ti semet poe eta aranjeunna samupakat baris maehan Isa. 54Ku sabab eta, Isa tara nembongan deui di hareupeun umum bangsa Yahudi. Anjeunna angkat ti dinya ka Epraim, hiji kota anu pernahna deukeut sagara kikisik sarta teras nganjrek heula di dinya sareng murid-murid-Na. 55Harita teh, geus tereh ka hari raya Paska; jelema-jelema loba anu dararatang ka Yerusalem, rek beberesih diri samemeh Paska. 56Di jero Bait Allah, maranehna nareangan Isa bari silih tanya, “Kumaha kira-kirana Manehna bakal datang kana pesta?” 57Sajeroning kitu imam-imam kapala jeung urang Parisi geus ngaluarkeun parentah, sing saha anu nyaho Isa aya di mana kudu buru-buru lapor, supaya Anjeunna buru-buru ditangkep.

will be added

X\