YAHYA 10

1“Kieu geura,” saur Isa, “Anu asup ka pakarangan kandang domba, — lain tina lawang anu baku — tapi naek kana kuta; moal salah, tangtu bangsat arek maling. 2Da ari ki pangangon mah, asupna teh biasa ti lawang, 3beunang muka anu jaga. Jeung dombana ge, arapaleun kana sorana, nya kitu oge manehna: Apal ka ngaran-ngaran dombana, disebutan hiji-hiji anu arek dikencarkeun teh. 4Kitu deui, upama geus di laluar, ana manehna leumpang ti hareup tangtuna dombana naluturkeun lantaran geus warawuheun tea. 5Tapi ka anu anyar pinanggih mah, tangtu domba-domba teh moal naluturkeun; malah sabalikna, kalabur ngajarauhan sabab teu arapaleun kana sorana.” 6Kitu, saur Isa mere siloka ka maranehna; ngan nya kitu, maranehna teh henteu ngalartieun, naon maksudna Anjeunna mere siloka kitu. 7Isa nyarios deui, “Supaya tetela, urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh nya eta Kami. 8Anu miheulaan Kami ka dinya, kabeh oge bangsat atawa rampog, ku domba-domba ge moal diturut. 9Nya Kami lawang teh. Sing saha anu asupna ti dinya, tangtu jamuga, bisa lar sup sarta bakal pinanggih jeung tegal jukut. 10Bangsat mah, datang teh ngan arek maling, maehan, jeung ngabinasa; ari Kami mah, kalawan maksud supaya umat tinemu jeung hirup-hurip sarta kaseundeuhan ku berkah. 11Kami teh satia, lir pangangon anu bumela. Pangangon anu bumela, tangtu wani toh pati ngaraksa ingon-ingonna; 12moal kawas anu ngan ukur buburuh ngangon: pedah domba teh lain bogana, ana aya kerud mah ngabecir, angonan diantep sina dirareweg sina paburisat. 13Munasabah kabur oge, ma'lum nu buburuh tea, moal enya aya kanyaahna. 14Eta pangangon anu bumela teh, nya Kami buktina: Kami wawuh ka nu diangon, nu diangon ge warawuheun ka Kami teh; 15— Nya cara Ama wawuh ka Kami, Kami ge wawuh ka Anjeunna — lian ti eta, Kami ge masrahkeun nyawa Kami ka domba-domba Kami. 16Aya keneh domba Kami anu lianna, anu henteu sakandang; ku Kami arek dibawa ka dieu — tur tangtu bakal narurutna — nya sina sakandang sarta sapangangon tea. 17Ama nyaaheun ka Kami lantaran Kami iklas nandonkeun nyawa, kalawan yakin baris kapimilik deui. 18Saenyana mah, moal aya nu bisa ngarebut nyawa Kami; da kari kumaha Kami sorangan. Sabab Kami, boga kawasa pikeun mikeun sarta kawasa nyokotna deui. Tapi Kami iklas sabab eta teh papancen ti Ama Kami.” 19Eta kasaurana-Na teh ngalantarankeun urang Yahudi pabentar paham. Ceuk sabagian gede; 20“Puguh Jelema kasurupan setan, Jelema miring kitu, naha wet dibarandungan keneh bae?” 21Ditempas ku nu lianna, “Piraku anu karasuk ku setan kitu omongana-Na! Jeung deui, naha bisaeun setan nyageurkeun anu lolong?” 22Teu lila ti harita, — dina usum tiris — di Yerusalem aya pesta pikeun mestakeun poe pangeling-eling diistrenanana Bait Allah. 23Lar, Isa ngalangkung di salah sahiji rohangan Bait Allah nu disebut tepas Sulaeman. 24Gancang ku urang Yahudi dilingkung jeung ditanya kieu, “Arek terus keneh bae Anjeun teh ngaririsi pihak kaula? Balaka bae, ari enya mah, Anjeun teh Al Masih!” 25Waler Isa, “Ongkoh Kaula geus terus terang, aranjeun bae anu arembung percaya. Padahal, pagawean Kaula anu di pigawena kalawan asmana Kangjeng Rama teh, geus cukup dipake saksi kana benerna omongan Kaula. 26Hanas aranjeun henteu palercaya, pantes da lain domba Kaula. 27Domba Kaula mah, wawuh kana sora Kaula; Kaula nya kitu keneh, wawuh ka darinya nepi ka maranehna araranut ka Kaula sarta ku Kaula baris diganjar ku hirup anu langgeng. 28Sapapanjangna moal keuna ku binasa jeung moal bisa karampas ti leungeun Kaula. 29Kangjeng Rama, anu masrahkeun maranehna ka Kaula, punjulna teu aya anu mapakan. Nu geus aya dina genggeman panangana-Na, mustahil bisa karebut ku batur. 30Ari Kaula jeung Rama teh, estu satunggal.” 31Eta urang Yahudi teh, geus pek deui bae nareangan batu rek ngabaledogan ka Isa. 32Tapi Anjeunna nyarios deui, “Sering pisan Kaula teh ngabuktikeun pitulung-pitulung ti kersaning Ama Kaula, nembongkeun kahadean. Eta kitu, sababna nu matak Kaula rek dibaledogan teh?” 33Jawab maranehna, “Arek maledogan soteh lain dumeh kitu, tapi dumeh Maneh ngahina ka Allah, nyaruakeun Maneh jeung Allah; padahal, Maneh teh jelema ilahar bae.” 34Waler Isa, “Lain hal eta teh aya kateranganana dina Kitab Toret aranjeun? Ungelna: Cek Kami aranjeun teh utusan-utusan Allah. 35Sing aringet, Kitab Suci mah moal ngabobodo! Ceuk Kitab, Allah nyebatkeun yen aranjeunna teh utusan anu ngemban timbalana-Na. 36Masih keneh bae eta Jelema anu ku Rama geus disucikeun sarta ku Anjeunna diutus ka dunya teh, ku aranjeun didakwa ngahina ka Allah? 37Upama Kaula henteu migawe padamelan-padamelan anu jadi Rama, pantes najan aranjeun henteu palercaya oge ka Kaula. 38Sabalikna, upama Kaula ngalampahkeun eta papancen ti Kangjeng Rama, sanajan ka Kaula pribadi aranjeun arembung percaya, atuh percaya-percaya kana hal-hal anu ku Kaula dipigawe tea, supaya aranjeun bisa tarerang jeung ngalarti yen Rama nyarengan ka Kami sarta Kami sasarengan jeung Rama.” 39Eta urang-urang Yahudi teh geus rek kerewek deui bae, nya hayang nangkep Anjeunna tea. Tapi Anjeunna lolos, henteu kungsi kacerek ku maranehna. 40Ti dinya, Isa angkat ka peuntaseun walungan Ciyordan, ngabujeng tempat anu pangmimitina dipake ku Yahya tea pikeun ngabaptis; terus nganjrek heula di dinya. 41Urang dinya, loba pisan anu dararatang ka Anjeunna bari ngaromong pada batur, “Sanajan Yahya teu kungsi nembongkeun hal-hal anu aheng, tapi kasauranana ngeunaan ieu jelema tea mah kabeh oge bener.” 42Ku lantaran eta, di dinya teh jadi loba anu percaya ka Isa.

will be added

X\