YAHYA 1

1Ti awal kadim keneh, Pangandika teh geus jumeneng. Eta Pangandika manunggal jeung Allah tur Pangandika teh nya Allah tea. 2Manunggalna jeung Allah teh, ti awitna keneh. 3Sakur jajadian alam, nya Anjeunna anu ngajadikeunana. Mun lain ku Anjeunna mah, sakur nu geus gumelar teh pamohalan aya. 4Eta Pangandika teh, sumbering hirup; ari hirup tea jadi caang atawa papadangna umat manusa. 5Caang teh, gumebyar di alam poek tur ku poek henteu kaungkulan pangawasana. 6Jol bae, sumping hiji utusan Allah, Yahya jenenganana. 7Sumpingna, pikeun jadi saksi nu baris nerangkeun saha eta Papadang teh, supaya ku lantaran anjeunna, eta Papadang teh dipercaya ku umat manusa. 8Ari anjeunna mah, lain Caang tea; da anjeunna mah, sakadar utusan anu kudu nerangkeun saha eta Caang teh. 9Tapi Caang anu sajatina mah, — nu nyaangan unggal jelema — nuju sumping ka alam dunya. 10Anjeunna teh parantos aya di alam dunya, — kenging-Na ngajadikeun tea — tapi pangeusi dunya teh teu wawuheun. 11Sumping-Na teh, nya ka nu jadi milik-Na ku anjeun, tapi ku umat-Na henteu ditarima. 12Tapi sing saha anu daek narima sarta percaya ka Anjeunna, ku Allah dipaparinan hak jadi putra-Na. 13Kituna teh, lain ku sabab turunan; lain oge ku jalan anu ilahar anu lumrah di manusa, tapi estu ku kakawasaan Allah bae. 14Eta Pangandika teh geus mijalma, aya dina hirup kumbuh urang sarta ku urang kasaksian kamulyaana-Na, nya eta kamulyaan anu dinugrahakeun ku Ingkang Rama ka Putra Tunggal, nu sajati tur leber ku sih kurnia. 15Ngeunaan Anjeunna, Yahya nerangkeun, “Tah ieu Anjeunna teh; anu cek kami: Engke, pandeurieun kami rek sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumenengna teh, samemeh kami gumelar. 16Ku kajembaran manah-Na, urang sarerea geus kaseundeuhan sih kurnia anu taya wates wangenna. 17Nabi Musa ka urang geus mere hukum Toret, ari Isa Al Masih mah, ngadatangkeun sih kurnia jeung kasayaktian. 18Saurang ge, can aya anu geus nenjo Allah. Tapi ku Anjeunna, — anu jadi Putra Tunggal Allah, anu hirup-Na dina pangkonan Rama — Allah teh bakal dinyatakeun ka urang.” 19Waktu Nabi Yahya ditaros ku utusan urang Yahudi di Yerusalem, nya eta panghulu-panghulu agung sarta urang Lewi, “Saha tea anjeunna teh?” 20Ku Nabi Yahya diwaler sajujurna bae, saurna, “Kaula lain Al Masih!” 21Pok deui nu naros teh, “Upami kitu, saha atuh? Naha Nabi Elias?” Walerna deui, “Lain.” 22Pok deui nararos, “Saha tea atuh? Simkuring kudu mawa jawaban ka nu ngutus. Cobi, saha salira teh?” 23Walerna, “Kami teh, nya eta soara anu cumeluk di alas kikisik kieu: ‘Geura lelempeng pijalaneun Pangeran,’ sakumaha pilahir Nabi Yesaya.” 24Di antara eta utusan-utusan teh, aya sababaraha urang Parisi. 25Aranjeunna mariksa kieu, “Naon margina atuh anjeun ngabaptis, padahal Al Masih, lain; Nabi Elias, lain; nabi anu keur didago-dago oge, lain!” 26Ku Yahya diwaler, “Kaula mah ngabaptis oge ku cai; tapi di antara aranjeun teh, saenyana, geus aya Anu ku aranjeun teu kawawuhan; 27nya nu sumping-Na teh, pandeurieun kaula tea. Muka tali tarumpahna oge, kaula mah henteu wani.” 28Eta kajadian teh di daerah Betania, peuntaseun walungan Ciyordan, anu ku Nabi Yahya dianggo tempat ngabaptis tea. 29Poe isukna, Nabi Yahya ningali Isa bade mendakan anjeunna; tuluy dituduhkeun, saurna, “Tarenjo tuh, Anak Domba Allah, anu kawasa mupus dosa alam dunya. 30Nya Anjeunna nu dimaksud ku kami teh, anu cek kami, ‘Pandeurieun kami, tangtu sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumeneng-Na oge, samemeh kami gumelar.’ 31Mimitina mah, kami oge henteu wawuh ka Anjeunna teh. Sanajan kitu, nu matak kami diutus jeung ngabaptis ku cai teh, supaya ngawawuhkeun Anjeunna ka bangsa Israil.” 32Nabi Yahya masihan deui panaksen, saurna, “Kami geus nyaksian Ruh lungsur ti langit mangrupa manuk japati, eunteup kana salira-Na. 33Tadina mah, kami can wawuh ka Anjeunna. Tapi Allah, anu nimbalan ka kami kudu ngabaptis ku cai, samemehna geus netelakeun ciciren-Na ka kami, timbalana-Na: ‘Samangsa- mangsa maneh nenjo aya Ruh lungsur terus eunteup ka hiji jelema, eta teh Anjeunna anu bakal ngabaptis ku Ruh Allah.’ 34Geus katenjo eta teh ku kami. Ku sabab eta, ayeuna kami mere panaksen: Anjeunna teh Putra Allah.” 35Isukna, Nabi Yahya ngadeg deui di tempat eta keneh bareng jeung dua muridna. 36Waktu anjeunna ningali Isa ngalangkung, ngalahir, “Tuh, tenjo Anjeunna, nu diibaratkeun Anak Domba Allah tea!” 37Kadengeeun ku muridna anu duaan, tuluy bae duanana nuturkeun Isa. 38Isa nyoreang ka pungkur, anu naluturkeun teh dipariksa, “Nareangan naon?” Piunjukna, “Rabi (hartina Guru), dupi linggih di mana?” 39Saur Isa ka maranehna, “Tuturkeun bae Kami, engke ge nyaho.” Maranehna tuluy naluturkeun; jadi bae nyarahoeun panglinggihana-Na sarta poe eta mah, maranehna ngendek heula di Anjeunna. Harita teh kira-kira pukul opat. 40Salah saurang anu ngadenge pilahir Yahya anu terus nuturkeun Isa, nya eta Andreas, dulurna Simon Petrus. 41Tuluy manehna nepungan heula Simon dulurna, pok cacarita, “Kuring mah geus papanggih jeung Al Masih.” 42Tuluy Petrus dibawa ngadeuheus ka Isa. Manehna ku Isa diteuteup, tuluy saur-Na, “Ieu teh Simon, anak Yonas. Anjeun bakal dilandih Kepas (Kepas teh, nya Petrus tea nu hartina: Batu karang).” 43Poe isukna, Isa mutuskeun angkat ka Galilea. Di dinya pendak jeung Pilipus, saur-Na, “Tuturkeun Kami!” 44Pilipus teh asalna urang Betsaida, lemburna Andreas jeung Petrus. 45Pilipus tepung jeung Natanael, pok nyarita, “Kuring mah geus papanggih jeung anu disebut-sebut ku Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen dina Kitab Toret tea, jenenganana Isa, Putra Yusup ti Nasaret.” 46Cek Natanael, “Wah, na aya kitu kira-kirana barang hade asal ti Nasaret?” 47Jawab Pilipus, “Ayeuna mah hayu urang saksikeun bae!” Kakara oge Natanael datang, Isa geus ngalahir manten, saur-Na, “Tah ieu urang Israil tulen anu euweuh kuciwana teh.” 48Pihatur Natanael, “Naha geuning uninga ka abdi?” Waler Isa, “Memeh maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami geus katenjo aya di handapeun tangkal kondang.” 49Cek Natanael, “Rabi, Jungjunan teh Putra Allah, Raja urang Yahudi!” 50Saur Isa, “Naha eta kayakinan anjeun teh lantaran cek Kami bieu maneh geus katenjo ku Kami handapeun tangkal kondang? Loba keneh anu leuwih aheng batan eta, geura engke oge kasaksian.” 51Saur-Na deui, “Cek Kami, saenyana, maneh bakal nenjo langit muka jeung malaikat-malaikat turun unggah ka Kersa Putra Manusa.”

will be added

X\