YAKOBUS 5

1He nu baleunghar, dengekeun: Aranjeun saenyana mah kudu careurik nyeungceurikan diri baris katarajang bahla. 2Kakayaan aranjeun saenyana geus bulukan. Papakean aranjeun ge, geus rarenyah ku geget. 3Emas perak aranjeun geus karahaan sarta karahana baris ngajadi saksi anu malik ngalawan, malah baris ngahuru lir seuneu, ngahakan daging aranjeun nepi ka beak! Taya gunana numpuk-numpuk kabeungharan lantaran aranjeun tereh enggeusan. 4Aranjeun ngagawekeun jalma percumah, buruhanana henteu dibayar. Koceak maranehna teh, geus tepi kana cepil Allah Nu murbeng alam. 5Hirup aranjeun di ieu dunya ngahenang-ngahening taya kakurang. Awak haben dilintuhan nepi ka gigiblihan, meujeuhna pisan eukeur peunciteun. 6Aranjeun nyiksa, malah maehan jelema-jelema anu teu tuah teu dosa tur teu werat ngalawan! 7Dulur-dulur! Sing tagen, sing sabar ngadago sumpingna Gusti Jungjunan urang. Tenjo patani, teu weleh sabar ngarep-ngarep sangkan pepelakanana hade hasilna. Teu weleh sabar ngarep-ngarep usum hujan. 8Sing salabar sarta kuatkeun hate; sabab Gusti Jungjunan urang teh, moal lila deui oge sumping. 9Ulah luhlah ngarasula, bisi keuna ku hukumanana. Tuh Hakimna geus sumping, geus sayagi. 10Kudu nyonto ka paranabi purah ngemban timbalan Allah, geuning sakitu salalabarna najan salangsara oge. 11Saenyana, anu sabar tawekal teh, ceuk simkuring mah jelema bagja. Saha anu bireuk kana carita Ayub anu sabar taya babandinganana? Geuning ari geus waktuna mah, teu luput tina ganjaran Allah; sabab Allah mah, sugih ku asih jembar ku piwelas. 12Ari nyarita ulah jeung bari sumpah sagala, demi langit demi bumi, atawa demi itu demi ieu. Kudu dipahing kikituan teh. Sebutkeun bae “enya” lamun enya; “henteu” lamun henteu, supaya henteu keuna ku hukuman ti Allah. 13Upama aya anu meunang karerepet, ulah poho neneda. Sabalikna, anu meunang kasenangan ulah poho muji sukur. 14Dulur anu gering kudu dipangneangkeun pangurus jamaah, anu kudu mangnedakeun jeung ngolesan ku minyak kalayan nyambat pajenengan Allah. 15Ku paneda anu medal tina iman kapercayaan, nu gering baris katulungan, ku Gusti baris dikersakeun cageur. Malah upama aya kasalahanana oge, baris dihampura. 16Ku sabab eta, ari aya kasalahan pada batur teh sing daraek waleh, sing daraek silih hampura, bari silih doakeun. Pangdoa jelema nu hade hate mah, gede maunatna. 17Contona Nabi Elias. Anjeunna oge jelema biasa cara urang. Tapi waktu anjeunna nyuhunkeun ka Allah supaya satanah Israil ulah turun hujan, bukti hujan henteu turun-turun nepi ka campleng tilu taun satengah; sabab anjeunna, nyuhunkeunana panteng. 18Kitu deui, waktu anjeunna neneda nyuhunkeun hujan, cur bae hujan teh turun ti langit, nepi ka tanah teh subur deui. 19Dulur-dulur! Kumaha upama aya anu kasasar lampah, mengpar tina bebeneran? Sing saha nu bisa nungtun eta jelema kana jalan anu bener deui; 20eta teh, sasat baris nyalametkeun patina sarta nyegah manehna tina ngalampahkeun deui dosa.

will be added

X\