YAKOBUS 2

1Dulur-dulur! Anu anut ka Isa Al Masih mah, — Gusti Jungjunan urang anu mulya tea — teu meunang ngabeda-beda jelema. 2Upamana bae: Aya dua jelema datang kana kumpulan. Nu saurang ginding diali emas, nu saurang deui rudin. 3Ka nu ginding mah kieu ngakuna oge: “Mangga di dieu linggihna di nu utami.” Ari ka nu rudin: “Maneh mah nangtung bae di dinya.” Atawa: “Tah sila deukeut suku kami!” 4Peta kitu teh, tandaning ngabeda-bedakeun jelema, goreng hate jahat pikiran. 5Sing emut dulur-dulur! Anu mariskin cek pandangan dunya ku Allah dikersakeun beunghar ku iman, sina jaradi ahli waris karajaana-Na, anu dijangjikeun keur sakur anu wedi asih ka Mantenna. 6Ari heug, ku aranjeun dihina. Cik saha anu sok ngagencet jeung ngajagragkeun aranjeun ka pangadilan? Kapan anu baleunghar! 7Naha lain maranehna oge anu sok ngagogoreng jenengan Al Masih anu sakitu mulyana sarta anu geus jadi milik aranjeun teh? 8Kacida hadena dulur-dulur daraek nohonan timbalan anu pangutamana dina Kitab Suci, anu kieu unina: “Masing nyaah ka batur lir ka awak sorangan.” 9Tapi ari sok ngabeda-beda jelema tina sabab harkatna mah, aranjeun teh kabeulit ku dosa jeung ku Kitab Suci oge dicap ngarempak eta timbalan. 10Sabab ngarempak salah sahiji timbalan Toret, sarua jeung ngarempak sakabeh timbalan Toret. 11Sabab Anu nimbalan: “Maneh ulah ngaranyed,” oge nimbalan: “Maneh ulah maehan.” Jadi, sanajan upamana anjeun henteu ngaranyed, tapi maehan; eta teh, dosa keneh. 12Boh ucap boh lampah, kudu sakumaha layakna umat anu baris diserenkeun kana hiji hukum anu kawasa ngabebaskeun. 13Sabab pamohalan, Allah mikawelas ka jelema anu teu boga rasrasan. Papadaning kitu, sipat welas asih mah bisa ngungkulan hukum. 14Dulur-dulur! Naon gunana pikeun anu ngaku-ngaku: “Aing boga iman,” tapi teu nyata dina lampahna. Na bisa, eta imanna teh, nulung ka dirina? 15Urang upamakeun kieu: Aya duduluran lalaki atawa awewe anu kurang pake kurang dahar. 16Ku aranjeun ukur didoakeun, sing cukup pake cukup dahar, ari pangabutuhna teu dicumponan. Na aya gunana, eta pangdoa aranjeun teh? 17Tah iman teh kitu: Iman nu teu dibarengan jeung amal; eta iman teh, hakekatna mah paeh. 18Bisa jadi aya nu ngomong: “Jalma mah aya nu boga iman, aya nu boga amalan.” Simkuring rek nanya: Iman teh rek bisa tembong kumaha lamun taya amalanana? Simkuring mah nembongkeun iman teh ngan ku amalan. 19Aranjeun tangtu percaya yen Allah teh tunggal. Hade! Tapi iblis-iblis oge percayaeun kana hal eta, tur kacida galimireunana. 20Nu matak jelema teh kahade kalangsu. Kumaha ayeuna dulur-dulur daraek ngaenyakeun, yen iman tanpa amalan teh kosong molongpong? 21Cik kumaha jalanna pangna Ibrahim, karuhun urang, ku Allah diangken bener teh? Kapan ku amal padamelanana nu ngiklaskeun Isak, putrana, dianggo kurban. 22Sakitu tetelana, yen iman anjeunna teh dibarengan ku amalanana. Sarta nya ku amal padamelanana pisan iman anjeunna ngajadi sampurna. 23Cocog jeung anu kaserat dina Kitab Suci, yen: “Ibrahim percaya ka Allah. Ibadahna, ku Allah diangken lantaran imanna.” Sarta ku lantaran eta, Ibrahim teh disebut mitra Allah. 24Ayeuna tetela pisan, jelema bisana diangken bener ku Allah teh lain ku dumeh iman wungkul, tapi katut jeung amal perbuatanana ongkoh. 25Inget deuih hiji awewe anu ngaran Rahab. Manehna awewe palacuran. Tapi ku Allah, diangken jelema bener; lantaran ku pagaweanana nulungan mata-mata anu dikirim ku urang Yahudi, mere jalan pileupaseun nepi ka mata-mata tea leupas tina bahaya. 26Cindekna, iman tanpa amal pagawean teh, nya eta jeg raga taya nyawaan, paeh ngaranna.

will be added

X\