YAKOBUS 1

1Surat ti simkuring, Yakobus, abdining Allah jeung abdining Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea. Kahatur dulur-dulur saiman ti dua belas kaom anu araya di pangumbaraan. 2Dulur-dulur! Cocoba teh kudu dianggap hiji rahmat. 3Sabab upama geus lulus tina cocoba, iman urang beuki mencrang, 4jaga, malar iman tetep pengkuh, supaya dulur-dulur jaradi jalma pasagi, pepek jeung lengkep taya kakurang. 5Upama aya nu kurang panemu, sina neneda nyuhunkeun ka Allah, tanwande dipaparin; sabab Allah mah, jembar pangasih ka sarerea. 6Saratna neneda teh, kudu jeung yakinna ulah cangcaya. Jalma cangcaya mah saibarat ombak laut, beunang digebah diluak-leok ku angin. 7Jalma kitu, ulah boga rasa baris meunang kurnia Pangeran. 8Anu lanca-linci mah, hirupna, hamo bisa anteng. 9Anu miskin sapantesna ngarasa bagja, upama dijungjung harkatna ku Allah, 10sabalikna, nu beunghar kudu tawekal dina mangsa tijungkel. Sabab kabeungharan teh, lir kembang jukut anu babari sirna. 11Ana katinggang ku panas panonpoe anu ngentak-ngentak, jukut teh perang: Kembangna murudul, musna kaendahanana. Nya kitu oge nu beunghar bakal tijungkel dina keur jongjon-jongjonna usaha. 12Jalma anu imanna henteu eleh ku cocoba, estu bagja. Sanggeus lulus tina cocoba, eta jelema baris nampa hiji pahla, nya eta hiji hirup anu geus dijangjikeun ku Allah keur sakur anu iman ka Mantenna. 13Anu keuna ku cocoba, ulah pisan nyebutkeun: “Ieu cocoba ti Allah!” Allah mah moal beunang dicoba ku nu jahat, tur tara teh teuing maparin cocoba ka manusa. 14Saenyana, cocoba teh asalna tina kahayang manusa sorangan keneh, nepi ka manehna beunang kagelo jeung kajiret ku tariking napsuna sorangan. 15Ana napsu jahatna diabur, temahna ngajadi dosa. Ana dosa teh geus jucung; temahna mah, paeh tea. 16Sing ati-ati dulur-dulur, ulah beunang kasasabkeun. 17Mana nu hade reujeung sampurna, asalna tangtu ti sawarga, ti Allah sumbering sagala sipat terang. Mantenna ku anjeun mustahil barobah atawa owah gingsir. 18Geus jadi pangersa Mantenna, urang dipaparin hirup ku jalan pangandika-Na anu sayakti; malar urang bisa jadi umat-Na anu pangpunjulna ti sakabeh mahluk-Na. 19Regepkeun, dulur-dulur! Ulah sok gancang-gancang nyarita. Dengekeun heula sing bener. Jeung ulah gancang-gancang ambek. 20Sabab nu gampang amarah teh, teu sapuk jeung kersa Allah. 21Ku sabab eta, piceun kabiasaan-kabiasaan anu matak aeb jeung goreng teh. Sing pasrah ka Allah. Tarimakeun pangandika-Na anu dicecebkeun dina ati sanubari aranjeun, anu kawasa ngaraksa jiwa. 22Kahade ulah bodo: Pangandika Allah teh teu cukup ku didengekeun wungkul, tapi kudu jeung prakna dilampahkeun. 23Ari ngan ukur didenge bari henteu jeung prakna ngalampahkeun mah; eta teh, lir nenjo beungeut sorangan dina eunteung. 24Sanajan geus telek oge, ana indit mah, poho deui bae kana rupa beungeut sorangan teh. 25Sabalikna, anu terus ngeunteung kana pituduh Injil nu sampurna, anu ngabebaskeun manusa tina hukuman; jadi, lain nu ngan ukur ngadengekeun terus poho, tapi nu jeung prakna ngalampahkeun; sagala usahana, tangtu baris nyugemakeun hatena. 26Jelema anu umangkeuh ibadah, tapi sungutna teu dikadalian biwirna henteu diwengku, ngaranna ngabobodo maneh sarta ibadahna teh cumah bae. 27Sajatining ibadah anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nya eta anu rumawat ka nu yatim, ha'at ka randa-randa, bari ngajaga diri malar henteu katepaan ku reregedna dunya.

will be added

X\