IBRANI 9

1Perjangjian nu ti heula ge, boga tata cara ibadah jeung tempat suci beunang nyieun manusa. 2Di bagian panghareupna, aya tempat karamat, disebutna “Kamar Suci.” Di jerona aya kendil, aya meja, jeung roti pangbakti. 3Satukangeun reregan anu kadua, aya deui hiji kamar, disebutna “Kamar Pangsucina.” 4Di jerona aya tungku parukuyan emas paranti meuleum seuseungitan; aya peti anu ngaranna “Peti Perjangjian” anu disaput ku emas, eusina: Buli-buli emas nu dieusi sabangsa kadaharan anu ngaranna “manna;” aya iteuk Imam Harun anu kungsi sirungan tea, jeung papan batu anu diukiran ayat-ayat perjangjian. 10:3-5* 5Di luhureun eta peti perjangjian aya dua mamalaikatan, cahayana tingkeredep, make jangjang anu mayungan rohang paranti menta hampura ka Allah. Tapi geus bae, sual-sual bubuk leutikna mah teu kudu diwincik deui. 6Kitu, diaturna eta tempat suci teh. Imam-imam netepan ibadahna teh saban-saban waktu, di Kemah anu panghareupna bae. 7Anu wenang asup ka kamar anu kadua mah ngan Imam Agungna, sataun sakali. Lebetna bari nyandak getih kurbankeuneun kanggo ka Allah, nya eta keur panebus dosana ku anjeun jeung dosa bangsana anu kurang pangarti. 8Dina sual ieu, Ruh Allah netelakeun, yen salila aya keneh anu netepan ibadah di Kemah anu kahiji, Kamar Pangsucina dilarang diasupan. 9Eta kabeh teh, ngan ukur kalangkang atawa kias jaman kiwari. Luyu jeung kaayaan harita, korban-korban jeung pangbakti-pangbakti teh, teu bisa ngaberesihkeun kana diri sakumaha anu dicita-cita ku anu ngalakonan. 10Ma'lum, kabeh oge, — nya kitu deui pangbakti-pangbakti anu mangrupa kadaharan jeung inuman katut rupa-rupa deui — ngan ukur sare'at lahiriyah; kakuatanana ge, ngan nepi ka semet gumelarna jaman saniskara dianyarkeun ku Allah. 11Tapi Al Masih rawuh ngajadi Imam Agung anu nguruskeun sagala hal anu harade, anu marengan sumping-Na. Kemah tempat Anjeunna netepan kawajiban teh, ambahanana leuwih lega, leuwih sampurna, jeung lain beunang nyieun manusa; jadi, teu kaasup bagian ti ieu dunya ciciptan. 12Anjeunna geus lebet ka Kamar Pangsucina tur keur saterusna. Nu dikurbankeunana lain getih domba jalu jeung getih anak sapi, tapi getih-Na ku anjeun. Eta sababna, ku Anjeunna mah, urang bisa salamet salalanggengna. 13Upama kurban getih domba jalu, getih sapi jalu, katut lebuna anak sapi tea bisa ngaberesihkeun maranehna tina rereged nepi ka lahirna jadi suci; 14atuh komo getih Al Masih! Ku kersaning Ruh anu langgeng, Anjeunna ngorbankeun salira-Na anu mulus taya kuciwa ka Allah. Memang, getih Anjeunna mah, sanggup nyucikeun ati sanubari urang tina rupa-rupa lampah jahat anu maehkeun. Ku jalan kitu, kapan matak urang leuwih leket ibadah ka Allah Anu jumeneng teh. 15Ku marga Anjeunna jadi aya Perjangjian Anyar, sangkan anu disalaur ku Allah meunang hibahan anu langgeng, anu dijangjikeun tea. Sabab kadorakaan-kadorakaan salila jaman perjangjian anu ti heula tea, kabeh geus ditebus ku pati Anjeunna. 16Jelema nu nyieun wasiat, lamun maot kudu sidik bukti-bukti tina maotna. 17Sabab wasiat mah, kakara bisa dilaksanakeun lamun anu nyieunna geus sah ti dunya. Satungtung anu ngawasiatan hirup keneh, wasiatna moal bisa dijalankeun. 18Eta sababna, perjangjian anu ti heula kudu make sarat getih, supaya sah. 19Ari prak-prakanana kieu: Mimitina Musa mangaoskeun heula hukum-hukum Toret ka sakabeh bangsa. Ti dinya nyandak getih anak sapi, getih domba jalu, jeung cai; tuluy dikepret-kepretkeun kana Kitab Suci Toret jeung ka sakumna bangsa, make bulu-bulu warna beureum jeung hisop, 20bari sasauran: “Ieu getih panguat Perjangjian Allah ka maraneh.” 21Kemah Suci katut parabot-parabot ibadah oge, dikepretan. 22Nurutkeun hukum Toret mah, meh kabeh bae sagala rupa kudu disucikeun ku getih, supaya jadi suci. Lamun taya sarat getih, moal aya panghampura. 23Jadi, kurban-kurban teh, maksudna sarat pikeun nyucikeun kias-kias anu ngagambarkeun kaayaan anu sajatina di sawarga. Pikeun anu sajatina mah, — di sawarga — anu dikurbankeun teh leuwih luhur ajenna. 24Sabab anu dilebetan ku Al Masih teh, lain Kamar Suci tiruan beunang manusa. Anu dilebetan teh sawarga pisan, ngadep ka hadirat Allah guna kapentingan urang. 25Lian ti eta, urang ge teu perlu nyangga-nyanggakeun deui kurban. Sabab Anjeunna mah, sakali ngurbankeun salira geus cumpon. Henteu cara imam-imam agung sejen, anu saban taun kudu asup ka Kamar Pangsucina tea, seba getih nu lain getihna pribadi. 26Upama kurban Al Masih ge, cara kitu mah; atuh, ti sajleg aya dunya teh, Anjeunna tinangtu kudu sering nandang sangsara. Tapi dina jaman ahir ieu, cukup ku sakali bae Al Masih nebus dosa manusa, nya eta ku ngurbankeun salira-Na. 27Sakumaha manusa bae, kapan paehna teh ngan sakali, tuluy diadilan. 28Al Masih oge kitu. Anjeunna ngan sakali pupus, ngurbankeun salira pikeun nebus dosa-dosa manusa. Dina kasumpingana-Na deui, — nu kadua kali — Anjeunna teh, geus henteu kamomotan deui ku dosa, tapi pikeun maparin nugraha ka sakur anu ngaharep ka Anjeunna.

will be added

X\