IBRANI 2

1Ku kituna, urang kudu beuki saregep kana perkara-perkara anu geus tepi kana ceuli urang. Sabab lamun teu kitu, urang baris leungiteun padoman. 2Amanat anu ditepikeun ngan ukur ku malaikat-malaikat ge sakitu penting kabina-bina. Tepi sing saha nu teu malire, nya teu nurut kana eta amanat teh, pinasti meunang hukuman anu satimpal. 3Rek bisa lolos kumaha urang tina hukuman, upama urang teu daek malire kana eta amanat kasalametan. Nya anu ngawitan ngembarkeunana teh, Gusti Jungjunan urang ku anjeun. Ti dinya, ku sakur anu ngarupingna dinyatakeun ka urang yen hal eta, estu saenyana. 4Tur, hal eta teh, dikuatan ku Allah ku manten anu mintonkeun rupa-rupa tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung dadamelan-dadamelan anu araheng. Lian ti eta, Allah teh ngurniakeun Ruh Allah, numutkeun pisapuk manah-Na. 5Dunya, dina jaman anu bakal datang, ku Allah henteu dikawasakeun ka paramalaikat. 6Anggur sakumaha ceuk Kitab: “Nun Pangeran, naon tea manusa teh, pangna ku Gusti dugi ka dipikamelang? Sareng saha manusa teh, nu mawi ku Gusti dilayad? 7Mung pikeun sakedap bae, Anjeunna, ku Gusti dikersakeun aya di sahandapeun malaikat-malaikat teh; salajengna mah, Anjeunna dimakutaan ku kamulyaan sareng kaagungan. 8Dikawasakeun murba kana saniskara, nalukkeun sagala rupi kana dampal sampeana-Na.” Ari anu ku Allah ditalukkeun ka Anjeunna teh, estuning saniskara perkara. Tegesna, taya pisan anu diiwalkeun. Kiwari, yen saniskara geus ditalukkeun ka Anjeunna teh, ku urang acan katembong. 9Anu ku urang geus kasaksian mah, nya eta: Isa teh kantos sakeudeung ku Allah disina leuwih rendah batan malaikat, sina pupus pikeun kabeh manusa anu kalintang dipiwelas-Na ku Allah. Tapi sanggeus Anjeunna nemahan pati, lajeng ku Allah dimakutaan ku kamulyaan jeung kaagungan. 10Sabab ku Allah, — anu jadi Maha Cipta jeung anu jadi panyacapan sakabeh perkara — Isa teh dijadikeun jejer jalan kasalametan; Anjeunna ge, geus disina nyorang sangsara heula, nya pikeun ngahontal kasampurnaan tea, sangkan Anjeunna iasa nyandak loba manusa manjing kana kamulyaan sawarga. 11Anjeunna, — anu nyanggakeun manusa ka pangkon Allah — jeung manusa anu disanggakeuna-Na teh, asalna sami tunggal sa-Rama. Ku kituna, Anjeunna teh henteu lingsemeun ngangken dulur ka manusa. 12Saur-Na oge: “Pajenengan Ama, nun Allah, ku Abdi sumeja dimashurkeun ka sadaya dulur-dulur, sumeja dipuji di jamaah. ” 13Saur-Na keneh: “Kami nanggeuhkeun pangharepan ka Allah.” Jeung: “Ieu Kami, babarengan jeung anak-anak Kami paparin ti Allah.” 14Ku sabab anu diangken jadi putra-putra-Na teh manusa biasa, Anjeunna iklas nyamikeun salira ka maranehna; nya hurip-Na teh sakumaha hirup maranehna, supaya ku jalan pupus-Na, setan anu ngereh alam maot teh, ditumpes. 15Lian ti eta, supaya sakur anu saumur hirupna teu leupas-leupas tina kasieun ku kawasaning ajal, bisa leupas tina geugeuhanana. 16Tetela, anu dibela dipiwelas ku Anjeunna teh lain paramalaikat, tapi umat turunan Ibrahim. 17Kitu, pangna Anjeunna dina sagala perkara disamikeun jeung dulur-dulur-Na teh; nya supaya enggoning maranehna ngabdi ka Allah, Anjeunna iasa jadi Imam Agung anu satia tur welas asih enggoning nebus dosa umat-Na. 18Ku lantaran Anjeunna kantos nandangan rupi-rupi cocoba, Anjeunna iasa maparin kakuatan ka sakur anu keuna ku cocoba.

will be added

X\