IBRANI 13

1Kanyaah ka pada batur saiman teruskeun. Ka semah kudu daek ngaku, keun bae teu wawuh oge. 2Ku perbawa akuanana, aya anu kungsi ngampihan semah teu kanyahoan yen semahna teh, sihoreng, malaikat. 3Sing mangkarunyakeun ka sakitan-sakitan, upamakeun ka diri sorangan. Sing manghawatirkeun ka anu diteungteuinganan, larapkeun ka awak sorangan. 4Pupusti tatali laki rabi. Salaki pamajikan kudu pada-pada satia. Ulah serong sarta ulah nyelewer, matak dihukum ku Allah. 5Ulah mata duiteun; tarimakeun milik nu aya. Ulah hamham, da Allah parantos ngadawuh: “Maneh ku Kami moal diantep nepi ka teu dipalire.” 6Ku sabab eta, kalawan teger hate urang bisa ngucap: “Tong salempang, Pangeran Anu ngaraksa! Naha wet sieun ku pada jalma?” 7Ulah mopohokeun ka sakur anu geus nungtun aranjeun, nya eta anu geus nyaangan aranjeun ku amanat pangandika Allah. Eling-eling deui lakuning hirupna nepi ka dugna parupus. Piconto iman kapercayaanana. 8Sing inget, Isa mah teu owah gingsir: Bareto, ayeuna, malih dugi ka salalawasna. 9Jadi, poma, aranjeun ulah kapangaruhan ku rupa-rupa ajaran bid'ah. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan rupa-rupa sarat tina sual kadaharan. Nu karitu mah, sama sakali taya mangpa'atna dilakonan ge. 10Di Kemah Suci aya altar pangurbanan. Imam-imam teu boga hak ngadahar kurban tina mezbah anu eta. 11Anu ku Imam Agung dikurbankeun di dinya teh, nya pikeun nyirnakeun dosa. Anu dikurbankeunana mah, ngan ukur getihna wungkul; da ari awak satona mah, diduruk di luar. 12Isa oge kitu; Anjeunna digiring ka luar kota, getih-Na anu dianggo nyucikeun umat-Na. 13Ku sabab eta, tinggalkeun eta kemah teh; anggur urang muru ka Isa, nya milu kana kahinaan Anjeunna. 14Sabab dunya ieu mah, lain padumukan urang anu matuh. Urang kudu nyungsi pangancikan pikeun jaga. 15Ku sabab eta, ku parantaraan Isa, urang salawasna kudu ngunjukeun pamuji sukur ka Allah minangka kurban ti urang, nya eta ngaku, — ku cara lisan — yen Mantenna teh Pangeran. 16Silih talang silih tulung pada batur, eta saenyana hiji kurban anu pohara sapukna jeung pangersa Allah. 17Sing nurut, ka nu ngatur dulur-dulur. Imankeun wewelingna. Aranjeunna ngatur ngasuh dulur-dulur teh, estu jeung tanggung jawabna. Ihtiaran, supaya aranjeunna janglar ngajalankeun kawajibanana, — henteu bari jeung nguluwut — sangkan paedahna ulah nepi ka teu kaala ku aranjeun. 18Doakeun deuih simkuring. Sing percaya, tekad simkuring estu beresih. Unggal waktu, taya deui nu dipamrih lian ti seja melak kahadean. 19Pangpangna mah pangnedakeun, mugi-mugi simkuring ku Pangeran dikersakeun bisa buru-buru balik deui ka aranjeun. 20Mugi-mugi Allah, sumbering karahayuan tea, — Nya Anjeunna pisan anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, tina pupus- Na (Isa teh, lir Pangangon Agung sakur nu percaya); anu getih-Na teh, geus jadi pangukuh perjangjian anu langgeng — 21maparin berekah sangkan aranjeun bisa ngalakonan sagala timbalana-Na. Mugi-mugi Mantenna kersa nuyun sangkan urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na, ku karana Isa Al Masih. Sadaya Kaagungan kanggo Mantenna bae, salalanggengna. Amin. 22Muga ieu pepeling-pepeling simkuring, dina ieu surat, anu pondok ditarimakeun jeung iklasna. 23Sakalian simkuring wawarti, dulur urang Timoteus geus kaluar ti panjarana. Upama anjeunna geus datang, simkuring seja buru-buru nepungan ka aranjeun bareng jeung Timoteus. 24Salam ti simkuring ka pamingpin-pamingpin aranjeun; kitu deui, ka dulur-dulur sakapercayaan umumna. Ti Itali aya salam keur aranjeun. 25Mugi-mugi aranjeun marendak rahmat sih kurnia Allah.

will be added

X\