IBRANI 12

1Sakitu lobana, conto-conto ngeunaan jelema-jelema anu karandel iman kapercayaanana teh. Ku sabab eta, cag, geura aranjeun ecagkeun momotan dosa anu sakitu beuratna jeung ngagokan kana hirup teh! Malar urang, hampang-himping bisa ancrub ka pakalangan, nya pikeun balap ngudag anu diwajibkeun tea. 2Ti barang prak nepi ka anggeus, aranjeun kudu museurkeun perhatian ka Isa; malar teteg nempuh halangan-harungan. Anjeunna oge, geuning, henteu jejerih ku salib. Guna ngahontal kamulyaan, Anjeunna henteu ngahiding najan kedah pupus ku jalan disalib, nya bari dipoyok, sarta dihina-hina tea. Ayeuna, Anjeunna teh enggeus jumeneng, linggih, di tengeneun singgasana Allah. 3Anjeunna nandang panganiayaan anu sakitu beuratna ti anu daroraka. Pek eling-eling, malar aranjeun ulah melempem jeung jejerih. 4Aranjeun mah, dina tarung jeung dosa teh, acan nepi ka ngeclakkeun getih. 5Piraku, aranjeun teh, geus paroho kana timbalan Allah; nya anu dikedalkeunana teh, jeg, bapa mapatahan anak: “Anaking! Ulah ngabaekeun pameperih Pangeran. Ulah sungkan mun ku Mantenna diseukseukan. 6Sing saha nu dipeperih, eta tandaning diasih. Sing saha anu diwarah, tandaning diangken putra.” 7Maksudna teh pikeun ngadidik, wayahna tarimakeun. Allah, ka aranjeun teh, lir bapa ka putra. Bapa mana anu tara nyepret-nyepret acan ka anak? 8Lamun aranjeun tara diwarah ku Mantenna, sakumaha ka putra, eta nyirikeun aranjeun lain putra-Na, tapi nya anakna si manyang-munyung tea. 9Ka bapa sorangan oge, kapan urang teh teu weleh ngahormat; sanajan anjeunna osok ngahukum urang. Komo ka Allah, — anu leuwih-leuwih agung-Na ti bapa sorangan — urang kudu leuwih-leuwih hormat tilawat; malar urang bisa ngahontal sampurnaning hirup. 10Bapa ti papada mahluk mah, ngahukumna ka anak teh, kumaha ceuk pamikirna bae jeung henteu awet. Tapi Allah ngawarah urang mah, nya eta pikeun pijamugaeun urang; malar urang bisa ngiring kana kasucian Mantenna. 11Ku kitu tea mah, saha nu rek bungah ku diwarah! Barang prak ge geus nalangsa. Tapi lamun heug sadrah nandanganana jeung terus dipake eling, tangtu kaala rahmatna, hirupna tangtu jamuga. 12Nu matak, heug, geura babatek! Batek eta leungeun anu lembek teh sarta jagjagkeun tuur nu leuleus! 13Terus pake leumpang mapay-mapay anu lempeng supaya nu pincang teu tijalikeuh, sangkan cangker jeung jadi waluya. 14Sing akur jeung sasama kaula jeung kudu diajar hirup suci. Mun teu kitu, mustahil wawuh jeung Gusti. 15Poma, ulah aya anu nepi ka ngalalaworakeun kana kurnia Allah. Ulah nyieun tugenah atawa ngabaruntakkeun jamaah, kawas eurih anu nyaliara matak nyusahkeun. 16Ulah aya nu kawas Esau tea, nya munapek nya gagabah; nepi ka nukeurkeun kacikalan kana hakaneun keur sakalieun. 17Kumaha caritana, kapan aranjeun ge terang. Antek-antekna mah, manehna teh ngarenghik ka nu jadi bapa, — ngurihit — menta berkahna. Tapi najan nepi ka ceurik balilihan ge, pamentana henteu bisa disubadanan; hal eta teh, ku lantaran manehna geus kaleungitan hakna jeung geus teu bisa deui ngarobah kakaliruanana. 18Aranjeun mah, lain ngajugjug ka Gunung Sinai, anu aya jentulna sarta bisa diragap tea. Anu ka darinya mah bangsa Israil, anu ti eta gunung teh narenjo rupa-rupa pikasieuneun: Seuneu hebat anu ngagugudag, narenjo angkeub jeung poek mongkleng ditimpalan angin ribut. 19Malah aya sora, sengekna, sangkakala jeung timbalan anu ungelna: 20“Najan sato pisan, anu nete ka ieu Gunung kudu dirajam ku batu!” 21Anu katingal mutuh matak ketir, nepi ka Musa ku anjeun nyebatkeun: “Kami ngadegdeg, bakat ku sieun!” 22Lain, lain ka dinya. Aranjeun mah keur nyungsi Gunung Sion; ngajugjug kota panglinggihan Allah Anu jumeneng, nya Yerusalem ti sawarga katut malaikat-malaikat-Na nu mangrebu-rebu. 23Aranjeun keur ngajugjug kana pestana putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna ditulis di sawarga. Keur ngajugjug ka Allah, — Hakim sakumna manusa — jeung ka tempat kumpulna jiwa-jiwa nu geus sampurna, nya eta jiwa jalma-jalma anu aribadah. 24Keur ngajugjug ka Isa, anu jadi pangukuh Perjangjian Allah anu anyar; keur ngajugjug ka getih-Na, anu geus dikucurkeun jadi kurban tea: Nya anu leuwih hade batan getihna Habil. 25Ku sabab eta, poma, ulah baha kana timbalana-Na. Aya conto: Jelema-jelema anu ngabaha kana amanat Allah, anu diembarkeunana di ieu dunya bae teu bisa luput tina hukuman. Komo urang, pimanaeun bisa luput, upama urang nyocokan ceuli embung ngadenge timbalana-Na anu diandikakeun ti sawarga? 26Baheula, timbalana-Na teh nepi ka genjlong jagat. Timbalan anu ayeuna mah, komo, matak genjlong ka langit-langit! Sabab timbalana-Na teh: “Ku Kami baris digenjlongkeun deui. Lain bumi bae, langit ge rek digenjlongkeun.” 27Eta kecap “deui,” nandakeun yen saniskara dadamelana-Na baris genjlong terus musna. Tapi anu teu keuna ku owah gingsir mah, baris tetep ayana. 28Ku sabab eta, urang kudu ngarasa sukur; sabab anu katarima ku urang mah, hiji karajaan anu teu keuna ku owah gingsir. Hayu urang ngabakti ka Allah, kumureb kana sakersa-Na, hormat jeung ajrih. 29Sabab Allah, nu disembah ku urang teh, kagungan kakawasaan anu ngandung daya pangbasmi kawas seuneu.

will be added

X\