IBRANI 11

1Hartina percaya nya eta: Panteng ka nu diarep-arep. Yakin kana ayana hiji perkara, sanajan ku panon henteu katenjo. 2Loba jalma-jalma baheula anu kamashurkeun wawangina, lantaran kapercayaanana. 3Ti mana urang terang, yen bumi alam dijadikeun ku marganing pangandika Allah? Nya tina percaya tea! Ku kituna, urang percaya yen sakur anu katenjo bungkeuleukanana teh, asalna mah ti anu henteu katenjo. 4Tina sabab PERCAYA, Habil ngahaturkeun kurban anu leuwih hade ka Allah, ti batan Kain. Tina sabab PERCAYA, Habil ku Allah diangken bener sarta kurbanna ditampi. Tina sabab PERCAYA, sakitu enggeus perlaya, Habil masih nyoara. 5Tina sabab PERCAYA, Hanok digaibkeun ti alam dunya henteu nyorang ajal heula. Anjeunna teh, teu aya nu manggihan deui lantaran dicandak ku Allah. Nurutkeun panyaksen Kitab suci, samemeh anjeunna digaibkeun, hirupna teh sapuk jeung pangersa Allah. 6Cacak, mun henteu percaya mah, mustahil eta teh. Sabab mun hayang datang ka Allah, kudu percaya yen Mantenna aya jumeneng; jeung kudu percaya yen Mantenna baris maparin pahla ka nu temen-tinemenan milari Mantenna. 7Tina sabab PERCAYA, Enoh kersa ngahartoskeun ma'lumat Allah ngeunaan bahla nu harita acan aya remeng-remengna. Tumut bae dipiwarang ngadamel kapal, pikeun ngaluputkeun anjeun sakulawargi tina eta pibahlaeun. Ku sabab eta, anjeunna wenang ngahukuman dunya jeung dipaparin kayaktian. Lantaran PERCAYA. 8Tina lantaran PERCAYA, Ibrahim tumut kana panyaur Allah, anu nimbalan iang ka hiji tanah anu ku Mantenna dijangjikeun pikeun anjeunna turun-tumurun; sanajan eta tanah teh, duka dimana ayana. 9Tina percayana tea, anjeunna sadrah ngumbara di tanah anu dijangjikeun teh, kawas urang asing; eta sababna, anjeunna teh ngan ukur nyaung-nyaung bae dina kemah. Kitu deui, Isak jeung Yakub anu pada-pada kaasup kana eta jangji. 10Eta teh, lantaran manahna manteng kana pingadegeunana hiji nagara anu tohaga, anu baris dicipta jeung diadegkeun ku Allah ku manten. 11Tina sabab PERCAYA, sanajan geus sepuh pisan, Ibrahim iasa kagungan putra ti Sarah, geureuhana, anu geus liwat ti mangsa. Anjeunna percaya, yen jangji Allah pasti bukti. 12Tina sabab PERCAYA, anjeunna nu geus rerempo bisa ngajadi bapa; nya jadi karuhun hiji bangsa gede, anu bilanganana lir bentang-bentang di langit, tanding keusik di basisir. 13Nepi ka parupusna aranjeunna tetep percaya, sanajan acan ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi ti anggalna, ku aranjeunna teh geus kasawang pasti laksana; malah mah, geus dibageakeun ti memehna. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara, ukur nganjrek sakedapan. 14Sakur nu rumasa kawas anjeunna, tandaning geus sadia nyungsi lemah cai nu sajati, tanah maneuh asal teureuh. 15Ku sabab manahna tetep cumantel ka tanah asal-muasal, dina rek mulangna deui teh leahna kabina-bina. 16Anu dipitineungna teh, nya eta lemah cai anu sagala-galana leuwih utama, nya sawarga tea. Ku sabab eta, Allah henteu lingsemeun dipuhit ku aranjeunna, jeung geus mangdamelkeun hiji pamatuhan keur aranjeunna. 17Tina sabab PERCAYA, Ibrahim rido nampi ujian ti Allah anu mundut Isak kudu dikurbankeun. Putra anu ngan hiji-hijina tur yugana ku jangji Allah, dipundut deui teh teu diowelkeun, 18bari ngandel kana jangji Allah: “Nu baris jadi turunan maneh teh ngan anu runday ti Isak.” 19Ibrahim yakin, yen Allah kawasa ngahirupkeun deui Isak; najan Isak geus maot. Tur memang kitu kanyataanana, Isak teh sasat hanjat tina pati, teu tulus dikurbankeun. 20Tina sabab PERCAYA, Isak nibankeun berkah ka putrana, Yakub jeung Esau. 21Tina sabab PERCAYA, Yakub nalika rek puput yuswa ngaberkahan dua putra Yusup. Anjeunna neneda ka Allah, bari nguat-nguatkeun anjeun ngadeg ditunjang ku iteuk. 22Tina sabab PERCAYA, Yusup samemeh — dug — pupus, nyarioskeun sawanganana yen bangsa Israil baris budal ti Mesir sarta amanat sangkan tulang-taleng anjeunna kudu kacandak budal. 23Tina sabab PERCAYA, ibu rama Musa teu inggis-inggis ngalawan parentah raja, nyumputkeun Musa, — orok anu sakitu kasepna — nepi ka yuswa tilu bulan. 24Tina sabab PERCAYA, Musa sanggeus dewasa narah diangken deui putra ku putri Piraon; 25anggur milih ngiring sangsara jeung bangsana, ti batan milih kasenangan anu lamokot ku dosa tur umurna moal lana. 26Keur anjeunna mah, Al Masih anu dihina-hina teh, leuwih diutamakeun ti batan harta banda sanagara Mesir lantaran enggeus kasawang pitemaheunana. 27Tina sabab PERCAYA, Musa teh ngantunkeun Mesir, teu sieun ku angkara murkana sang raja; nya ku lantaran mandang ka Allah Nu sipat gaib tea. 28Tina sabab PERCAYA, anjeunna ngawajibkeun lampah “Paska,” jeung miwarang sangkan tarang panto imah bangsana diulasan ku getih domba, supaya cikal-cikal lalaki kulawarga Israil ulah jadi mangsa malakalmaot. 29Tina sabab PERCAYA, bangsa Israil, bisa meuntasan Laut Beureum; jeg, kawas nyorang daratan bae. Urang Mesir mah, nu ngaberikna, teu barisaeun; anggur paraeh, titeuleum. 30Tina sabab PERCAYA, urang Israil, bisa ngarubuhkeun kuta tembok nagri Yeriko, ukur ku dikurilingan tujuh kali di jero tujuh poe. 31Tina sabab PERCAYA, Rahab — sundel tea — daek nulungan mata-mata ti Israil, nepi ka Rahab teu milu cilaka jeung urang Yeriko nu daroraka tea. 32Rek terus nataan conto-conto kawas kitu? Wah, matak beak waktu, sabab loba keneh, kayaning: Gidion, Barak, Simson, Yepta, Daud, Samuel, jeung paranabi. 33Ku iman kapercayaanana, aranjeunna mampuh nempuh karajaan-karajaan jeung ngahontal kaunggulan, mampuh ngamalkeun amal saleh, mampuh ngahontal anu diparentahkeun ku Allah, mampuh ngonci sungut singa, 34mampuh nyirep amukan seuneu, sarta bisa lolos tina seuseukeut pedang teu kungsi kasambut. Sanajan aranjeunna golongan lemah, tapi aranjeunna sanggup ngahontal kaunggulan, tandang dina peperangan, sarta sanggup ngagempur pasukan musuh. 35Tina sabab PERCAYA, kaom wanita teu tulus kaleungitan kaom lalaki; sabab bisa marulang deui ti medan jurit, sasat kalaluar ti enggon paeh. Lian ti eta, teu kurang-kurang anu milih kajeun pejah ku panyiksa ngabela kapercayaan; lantaran percaya baris hudang deui pikeun ngahontal hirup anu leuwih sampurna. 36Oge teu kurang-kurang anu milih kajeun dinista-nista, dikaniaya, nandangan barogod, disered ka pangberokan, 37dirajam, digencet dina papan panyiksaan, dibeulah ku ragaji, sarta ditugel sirah. Aya anu balangsak, dikaniaya, sarta diteungteuinganan: Utrak-atrokna teh, nya ngan ukur marake kulit domba jeung kulit embe. 38Aranjeunna mah, teu layak pikeun dunya teh. Ku kituna, aranjeunna teh kudu kadungsang-dungsang di alas kikisik, di pagunungan, caricing di guha-guha, jeung gorowong-gorowong. 39Aranjeunna pada kamashurkeun wawangina, ku marga iman kapercayaanana. Kabeh, taya iwalna! Parandene, aranjeunna mah taya saurang-urang acan anu kungsi ngasaan laksananing Perjangjian Allah teh, teu cara urang. 40Sabab kaayaan anu leuwih utama tea mah, disayagikeunana ku Allah teh pikeun urang. Aranjeunna mah mareunangkeun eta teh kudu bareng jeung urang. Di saluareun urang, aranjeunna moal bisa ngahontal kasampurnaan.

will be added

X\