IBRANI 10

1Kurban-kurban anu dikudukeun di urang Yahudi, eta ukur kalangkang tina kurban nu sajatina. Dilampahkeunana teu petot-petot unggal-unggal taun; kurbanna ge, nu kitu kitu keneh bae, tur teu bisa mere kasampurnaan ka anu ngalakonanana. 2Mun enya bisa, tangtu teu kudu terus-terusan dilampahkeun. Sakali ge geus kudu bisa mupus dosa keur salawasna. 3Kurban-kurban anu dikurbankeun ku maranehna teh, anu saban-saban taun tea, malah nembongkeun yen dosa tetep aya. 4Memang pamohalan, yen dosa bisa leungit ku getih sapi jeung getih domba. 5Eta sababna, barang Al Masih sumping ka ieu dunya unjukan kieu ka Allah: “Pamundut Ama sanes kurban hewan sareng rupi-rupi pangbakti, nanging Anjeun parantos nyayagikeun salira kanggo Abdi. 6Kurban durukan, kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea. 7Kitu nu mawi Abdi sumeja miunjuk: ‘Nun Allah, Abdi pasrah bakti diri, seja tumut kana pangersa, sakumaha anu dikedahkeun dina Kitab Suci.’ ” 8Kawitna piunjuk-Na teh: “Kurban hewan, rupi-rupi pangbakti, kurban durukan sareng kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea,” tur eta kurban-kurban teh dikudukeun ku Toret. 9Piunjuk-Na deui: “Abdi pasrah bakti diri, sumeja tumut kana pangersa.” Tetela, yen kurban nurutkeun talari kuno teh, ku Allah geus teu kaanggo sarta digentos ku anu sajatina, nya eta ku salira Al Masih. 10Pikeun nyaosan eta pamundut Allah, Al Masih teh geus ngurbankeun salira-Na: Ngan ukur sakali, tapi pikeun salalanggengna. Ku lantaran pangorbanan-Na, urang geus diberesihkeun tina dosa. 11Imam-imam urang Yahudi, unggal poena teh, repot; nya netepan upacara-upacara kurban anu kitu kitu keneh bae, anu pamohalan bisa mupus dosa. 12Tapi ku kurban Al Masih mah, sakali ge dosa teh sirna. Sanggeus ngorbankeun salira-Na, Al Masih teh jumeneng salalanggengna tengeneun Allah. 13Ayeuna Anjeunna keur ngantos lawan-lawan anu ku Allah baris diserenkeun pikeun idekkeun Anjeunna. 14Ku kurban tunggalna, Al Masih geus nyampurnakeun sakur anu ku Anjeunna geus disucikeun, tur pikeun salalanggengna. 15Hal eta ku Ruh Allah diterangkeun kieu ka urang: 16“Kieu perjangjian Kami ka maranehna: Hukum Kami baris dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna.” Kitu timbalan Pangeran. 17Jeung: “Dosa-dosa maranehna ku Kami geus dipupus tina ingetan.” 18Ku sabab eta, sing saha anu geus meunang pangampura, teu perlu deui kurban pikeun panebus dosa. 19Tah dulur-dulur, berkahna getih Al Masih tea, urang meunang widi asup ka Kamar Pangsucina di jero Bait Allah. 20Sabab Al Masih geus ngayakeun jalan anyar anu brasna kana hirup, nembus rereganana, tegesna nembus salira-Na ku anjeun. 21Anjeunna, Imam Agung urang, anu ngapalaan padaleman Allah. 22Ku sabab eta, hayu dumeuheus ka Allah kalawan hate nu iklas, iman nu yakin, batin anu suci tina kagorengan, jeung raga anu geus beresih ku cai pangbaptis. 23Masing teguh, nangtung dina pangharepan jeung pangaku kapercayaan urang teh; sabab Allah mah, tigin kana jangji. 24Hayu urang silih titipkeun nya diri, silih sangsangkeun kanyaah. 25Jeung ulah ngabaekeun kana kumpulan ibadah bareng, ulah kabawakeun ku nu tara milu. Anggur silih ajak, sing tambah junun sabot nganti-nganti pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang anu sakeudeung deui tea. 26Sabab mun urang dibere jalan pisalameteun, tapi kalah ka ngahaja nyieun pidorakaeun, geus hamo aya deui kurban anu bisa mupus dosa. 27Nu aya teh, nya ngan ukur nunggu hukuman anu dipikasieun tea, nya eta seuneu anu baris ngabasmi sakur anu doraka. 28Kapan anu miceun hukum Musa oge, sarta bukti tina panyaksi dua atawa tilu urang, geuning geus taya hampura; terus bae dihukum dipaehan. 29Komo mun nincak ka Putra Allah, nyapirakeun getih perjangjian anu nyucikeun diri, ngahina Ruh anu geus maparin pangampura; weu, kumaha teuing pibeurateunana hukumanana! 30Urang apal ka Anu ngandika: “Kami moal teu ngabales, moal teu mere timpalan!” Piraku teu apal ka Nu ngandika: “Pangeran moal teu nibankeun hukum adil ka umat-Na!” 31Mun urang nepi ka dicerek ku panangan Allah Anu jumeneng, duh pikumahaeun teuing! 32Aranjeun sing inget ka bareto, basa mimiti pisan meunang papadang. Geuning aranjeun teh tahan, dina nandangan paneungteuinganan anu sakitu beuratna; 33aranjeun ge, teu burung tabah najan sok dijieun tongtoneun, dihina-hina, sarta dikakaya di hareupeun balarea, bari milu tunggara ka sasama saiman anu sarua dikaniaya. 34Memang, aranjeun teh geus milu prihatin, ka anu digeblus-gebluskeun ka panjara. Kitu deui, waktu harta banda milik aranjeun dirayah; aranjeun sadrah, narimakeun kana bagja awak dumeh yakin, yen aranjeun teh boga harta banda anu leuwih berharga. 35Omat, ayeuna ulah nepi ka pecat iman. Sing percaya, gede piganjareunana. 36Ngalakonan pangersa Allah pikeun meunangkeun ganjarana-Na teh, memang meredih kasabaran luar biasa. 37Ceuk Kitab Suci oge: “Ngan kari sakeudeung deui pisan, Anjeunna Anu geus mutuskeun baris sumping tangtu gancang-gancang sumping, moal diengke-engke. 38Umat Kami anu aribadah, asal terus tigin ka Kami, tinangtu meunang hirup. Tapi sing saha anu undur, ku Kami mo dipisuka.” 39Sageuy, urang daek kaasupkeun ka anu disebut undur ti Mantenna nepi ka binasa tea mah; da urang mah, jelema nu geus miboga hirup, lantaran iman ka Mantenna.

will be added

X\