EPESUS 5

1Dulur-dulur geus diangken putra sarta dipikaasih ku Allah. Ku sabab eta, aranjeun teh kudu nulad ka Mantenna. 2hirup aranjeun teh kudu dilimpudan ku kanyaah, saperti conto ti Al Masih. Geuning Anjeunna mah ku bawaning asihna ka dulur-dulur, nepi ka pupus ngorbankeun anjeun jadi hiji kurban anu seungit kaambungna ku Allah. 3Ku sabab aranjeun geus jadi kagungan Allah, kudu mahing kalakuan rucah katut anu ingkar tina susila; kitu deui, tabeat hawek. 4Ulah ngomong sugal, gagabah atawa cawakah, leuwih hade muji ka Allah. 5Sabab tangtu aranjeun ge terang, yen jelema-jelema rucah, nu ingkar tina susila, sarta nu hawek, - da hawek teh kaasup nyembah ka brahala keneh - pamohalan meunang tempat di Karajaan Al Masih; hartina, pamohalan ku Allah dipaparin warisan. 6Aranjeun ulah ngadenge kana omong pangoloan sabab anu ngalawan ka Mantenna teh pasti dibenduan. 7Kahade, aranjeun teh ulah kabaud ku anu kararitu. 8Bener, tadina mah, dulur-dulur teh jelema poek; tapi ayeuna mah, geus ngajadi jelema caang; Jadi, kudu hirup sakumaha pantesna nu jadi caang. 9Sabab sipat hade, sipat adil, sarta sipat sajati teh ngajadi ngan ku caang. 10Kalakuan aranjeun teh kudu sing sapuk jeung Gusti. 11Ulah milu-milu kana lampah teu mangpa'at, anu asal ti nu poek. Malah anu kararitu teh kudu dicaangkeun. 12Pagawean anu sok dilalampahkeun bari susulumputan teh, nyebutna oge geus matak era parada. 13Sagala rupa oge, ari geus kasorot ku caang mah, ngabuliklak: Tembong kumaha kaayaanana anu sabenerna. 14Sabab naon bae anu geus kasorot mah, jadi caang. Geuning aya kacaturkeun kieu: “Eh, nu hees! Geura nyaring, geura hudang tina paeh. Tuh cahaya Al Masih gumebyar, baris nyaangan maneh!” 15Jadi, aranjeun teh, hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca. 16Urang teh hirup dina jaman anu goreng; jadi, tiap waktu anu katimbang mustari kudu digunakeun enya-enya. 17Aranjeun teh ulah balangah, sing awas kana pangersa Allah; 18Aranjeun ge, ulah sok mabok, temahna matak ngaberung napsu; sabalikna, turutkeun panuyun Ruh. 19Kudu silih lilipur ku lagu-lagu Zabur, lagu-lagu pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna. 20Salawasna, aranjeun ulah kendat muji nganuhunkeun kana sagala pasihan Allah, kalawan asma Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 21Lian ti eta, jeung pada batur, aranjeun teh kudu silih kawulaan tandaning ngabakti ka Anjeunna. 22Pamajikan kudu ngesto ka salaki, cara ngesto ka Al Masih. 23Sabab salaki teh anu ngapalaan pamajikan, saperti Al Masih oge jadi Kapala jamaah. Anjeunna anu ngabela jamaah teh, nya salira-Na tea. 24Dina sagala hal pamajikan teh kudu ngesto ka salaki, cara jamaah ngesto ka Al Masih. 25Sabalikna, salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka jamaah, nepi ka iklas naruhkeun pati; 26nya eta teh pikeun nyucikeun jamaah, salira-Na tea; mersihkeunana teh ku cai kalawan pangandika-Na; 27ku jalan eta, Anjeunna iasa nempatkeun jamaah dipayuneuna-Na: Ngagenclang, taya cacad kuciwana, sarta taya kusut karijutna. 28Kitu sababna, nu matak salaki kudu nyaah ka pamajikan teh, lir ka awak sorangan tea. Nu nyaah ka pamajikan teh, sarua jeung nu nyaah ka diri pribadi. 29Da moal aya jelema anu ngewa ka awak sorangan; sabalikna, awakna teh dimemenan dipulasara. Kitu oge, Al Masih ka jamaah teh. 30Lantaran jamaah teh salira-Na ku anjeun, ari urang jadi anggahota-anggahotana. 31Ceuk Kitab: “Ku sabab kitu, lalaki teh bakal ingkah ti indung bapana; terus manehna ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana bakal ngajadi tunggal sabadan.” 32Ieu teh, rasiah anu jero hartina. Ari ceuk simkuring mah, eta teh ngeunaan kasatunggalan Al Masih jeung jamaah-Na. 33Tapi kumaha bae oge hartina, tetep bae, salaki mah kudu nyaah ka pamajikan lir ka awak sorangan sarta pamajikan kudu ngesto ka salaki.

will be added

X\