EPESUS 2

1Bareto, dulur-dulur teh sasat geus paraeh ku kasalahan jeung ku dosa sorangan. 2Aranjeun teh, hirup dina eta kadorakaan sabab nurutkeun hawa dunya, muhit ka roh-roh gaib anu jarahat. Eta roh-roh jahat teh geus ngageugeuh jelema-jelema anu kiwari ngalawan ka Allah. 3Hirup urang oge, bareto mah, nya cara kitu: Ngalajur napsu, ngumbar kahayang, sagala angen-angen hate, jeung pikiran jahatna diabur; sarua jeung nu sejen, anu pantes meunang hukuman ti Allah. 4Tapi Allah teh pohara mikawelasna, pohara miasihna. 5Urang anu sasatna geus paeh ku kadorakaan teh, dihirupkeun deui bareng jeung digugahkeunana Al Masih. Nya ku lantaran sih kurnia Allah pisan nu matak aranjeun salamet teh. 6Ku manunggalna jeung Isa Al Masih, ku Allah, urang teh dihirupkeun deui sarta dipasihan tempat di sawarga bareng jeung Al Masih. 7Eta teh pikeun nembongkeun ka urang, yen welas asih Allah anu geus dinyatakeun ku Al Masih teh, salilana jembar taya papadana. 8Aranjeun bisa salamet soteh, nya ku sabab iman. Eta teh, ngan ku lantaran sih kurnia-Na bae; lain beunang sorangan, tapi estu anugrah ti Allah! 9Lain beunang ihtiar aranjeun sorangan! Ulah pisan aya anu boga angkeuhan kitu! 10Sabab urang mah darma dadamelan Allah, anu geus diciptakeun deui dina kamanunggalan jeung Al Masih pikeun ngalampahkeun kahadean, nu parantos disayagikeun ku Allah, sangkan urang ngalakonan pangersa-Na. 11Tadina aranjeun teh henteu kaasup bangsa Yahudi. Ku urang Yahudi mah, aranjeun teh disebutna teh bangsa “kulup;” nya lantaran teu disunat cara maranehna tea. 12Sing inget, harita mah, hirup aranjeun teh jauh ti Al Masih; aranjeun teh, luareun warga Israil keneh, nya eta acan kawengku ku katangtuan-katangtuan anu ku Allah dijangjikeun ka bangsa Israil tea. Hirup aranjeun teh, aya dina hiji alam anu sama sakali teu ngandung harepan tur tanpa Allah. 13Sukur, ayeuna mah aranjeun teh geus manunggal jeung Isa Al Masih: Tadina mah jauh, tapi ayeuna jadi padeukeut, ku lantaran getih Al Masih. 14Al Masih anu ngaruntutkeun urang, anu nyatunggalkeun bangsa Yahudi jeung nu lain bangsa Yahudi supaya jadi sabangsa, ku jalan nyirnakeun rasa mumusuhan nu jadi pamisahna. 15Anjeunna ngorbankeun salira-Na, dianggo gaganti hukum Toret katut sagala aturan jeung sarat-saratna. Bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi ku Anjeunna dirapihkeun. Ku salira-Na dua golongan bangsa teh disina ngahiji, dijadikeun hiji wangunan manusa anyar. 16Ku ngorbankeun salira-Na, nya pupus disalib tea, maranehna jadi tunggal sabadan, diangken deui ku Allah, sarta rasa mumusuhanana disirnakeun. 17Sumpingna Al Masih teh ngadatangkeun beja pibungaheun hal karapihan, boh ka nu jauh, boh ka nu deukeut. 18Nya ku karana Al Masih, nu Yahudi jeung nu lain Yahudi dibeungkeut dina hiji Ruh sarta widi dumeuheus ka Allah nu jumeneng Rama. 19Ku kituna, aranjeun teh geus lain bangsa deungeun anu teu ngabogaan hak naon-naon. Ayeuna mah, aranjeun teh geus jadi warga umat Allah, anggahota kulawargi Mantenna, 20anu diadegkeun dina hiji pademen beunang rasul-rasul jeung nabi-nabi; sedengkeun nu jadi batu pamageuhna, nya Al Masih ku anjeun. 21Nya salira Al Masih anu jadi pamageuh adegan sagemblengna, nepi ka ngajengleng ngajadi hiji bait Allah anu suci. 22Ku jalan manunggal jeung Al Masih, aranjeun oge diadegkeun jadi hiji wangunan panglinggihan Ruh Allah.

will be added

X\